Heu heu halah kang Kumi mani awis tepang bongboro kopdar na milis ge kawas provost mucunghul mun aya kasus. Pakepuk di nagara wiki kang Kumi atanapi nuju intensif noongan wikileaks? Bah Imun mah biasa lah urang sunda asli da mun israel mah moal pundungan heu heu...
salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Kumincir Wikidisastra <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sab, 4 Desember, 2010 20:30:23 Judul: Re: [kisunda] Sajarah siliwangi 1# Tah kitu atuh ari posting teh, ulah ukur hahaheheh kjsaasmn iamscmksajch, make jeung ngaku-ngaku urang israel sagala. Jeung saha deuih nu rek dikaluarkeun? Kakara dikitukeun wae ni pundung, kawas lain urang sunda wae... sikandar kumincir.blogspot.com 2010/12/4 Halimunan Loba versi ngeunaan siliwangi di jaman anjeuna masih kumelendang, boro2 sakuliah sunda, dalah di hiji daerah wae versina beda2, aya anu kaharti ku logika aya anu bener2 teu kaharti ku logika. > >Ngan di daerah kuring mah ukur beda carita soal siliwangi teu matak jadi >papaseaan nepika kaluar bahasa sia aing jiga di ieu milis. > >Kuring lain rek pundung, kuring bener rek pamit tapi dikudukeun nepikeun ieu >carita heula, rek aya anu sarua atawa henteu, teu jadi pasualan jang kuring. > >Dimimitian ku soal siliwangi na, anjeuna raja sunda, manusa, persis jiga >urang, >euweuh bedana, borojol, gede, hirup jeung maot. Ngan nu ngabedakeun anjeuna >raja >anu kawentar ti tatar sunda nu disebut pajajaran. > >Siliwangi lain maung, dahar daging asak lain daging atah jsb. Siliwangi oge >boga >kaleuwihan jeung kakurangan saperti manusa biasana, siliwangi teu tilem, >ngahiang atawa ngaleungit ka alam sejen jeung hirup nepika ayeuna > >Nu kudu diturutan ti siliwangi teh nyaeta kamampuanna ngahijikeun sakabeh >tatar >sunda, dipikaserab ku tatanggana. Ngan siliwangi teu ati2 ka jalma2 >disabudeureuna, nepika teu nyangka aya nu hianat ka dirina, neopika pajajaran >ieu runtuh teu nyesa saeutik2 acan ku hianat ti dulurna. > >Sakitu heula, > >Cag > >NB: mun kuring rek dikaluarkeun ti ieu milis gara2 nulis ieu, heug wae kuring >mah tarima hehehehe >
