Diskusi sajarah PS numutkeun sim kuring mah sajauh ieu positif ngaexplore pamikiran2 ngeunaan PS. Saleresna sanes bae pakait jeung ageman, geuning pakait sareng pulitik jeung saeutik lobana asup kana rasionalitas mitos, carita2 nu hirup di masyarakat. Tangtos teu perlu disimpulkeun tapi cukup layak lamun jadi bekel keur ngagali leuwih jero tur lega (eta oge ka nu minat, kapan apal milis mah sok disarebut "proyek selingkuh").
salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Dudi Herlianto <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sen, 13 Desember, 2010 17:18:07 Judul: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? tiasa janten kitu. kuring di dieu sanes deuk nyebut siliwangi hindu atawa islam. kuring ngan ukur ngimbangan naon nu ditulis ku bah imun. nu tos yakin, siliwangi (baduga) teh islam 2010/12/13 Aschev Schuraschev <[email protected]> >Geningan dina tembang Sunda sok aya rumpaka "kasebat ngaran keur budak, >kasebit ngaran keur leutik, kasebut ngaran keur lembut. Dina kanyataan >kapungkur >oge gening para ningrat gaduh ngaran keur leutik oge ngaran keur sepuh. >Aranjeunna mindeng gaduh jenengan langkung ti hiji. Komo deui Prabu Siliwangi >nu >kasebat raja, tiasa gaduh jenengan langkung seueur, kalebet jenengan Hinduna. > > >Nujul kana batu tulis, anu nyerat teh pan sanes Prabu Siliwangi nu tos pupus >tapi anu sanesna. Tiasa wae anu nulis teh kulawargina anu masih ngagem Hindu >anu >ngaraos langkung afdol nga-abadi-keun rajana ku jenengan Hindu batan jenengan >Siliwangi. > > >Perkawis Sri Baduga nu ngadamel undakan ka leuweung samida, kedah ditalungtik >iraha-irahana. Upamina wae anjeunna kawitna ngagem Hindu, nya wajar upami >anjeunna kantos ngamumule tangkal samida. Tangtosna timeframe dina mangsana >anjeunna ngagem Hindu. > > >Hatur nuhun. >Asep > > > > >--- On Mon, 12/13/10, Dudi Herlianto <[email protected]> wrote: > > >>From: Dudi Herlianto <[email protected]> >>Subject: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? >>To: [email protected] >>Date: Monday, December 13, 2010, 12:24 AM >> >> >> >> >>bisa jadi nu kahiji ge politik. saurang tokoh pasantren tangtu jembar, >>manehna >>bisa wae nikahkeun budakna ka saurang raja kapir keur udagan nu leuwih gede. >>conto sejenna, nu bisa nguatan hal ieu kajadian dikawinkeun awewe budak syaih >>bantong (cina islam) ka brawijaya (raja pamungkas majapahit, hindu). ti rahim >>ieu putri cina bakal ngajuru raden patah, nu daek teu daek bisa disebutkeun >>salasahiji faktor rugrugna majapahit. >> >>ti dinya nikah beda agama, utamana ka pangawasa nagri geus lumrah jaman >baheula. >> >>nu nomer opat, lamun urang sami percaya yen nu disebut siliwangi teh sri >>baduga >>maharaja, urang nyarandekeun kana unggelan nu aya dina batutulis. dina eta >>batu >>kaunggel ngaran sejen sri baduga teh sri sang ratu dewata. dina islam kecap >>dewa >>teu aya sanes? nu gaduhna pan hindu. duka lamun kecap ieu dipake ku urang >>islam >>jaman harita mah. >> >>saterusna dina baris panganggeusan, kasebut, sri baduga teh nu nyieun undakan >>ka >>leuweung samida, aya pamanggih nu nyebutkeun samida teh tangkal nu sok dipake >>pikeun upacara srada. upacara keur nyampurnakeun arwah dina agama hindu. >>malah >>mun percanten kana pamanggih mang saleh (danasasmita), sri baduga teh >>disradakeun ku anakna. ieu ge di dumasaran kana pananggalan nu aya dina batu >>tulis, nu jangkep 12 taun sanggeus sri baduga maot. >> >>ketang nu disebut di luhur ge sami mung teori, nu lega kamungkinan salahna. >>nuhun >> >> >>2010/12/12 <[email protected]> >> >> >>>1. Pernikahan sareng subang larang nu islam nganggo nikah cara islam, >>>hartosna >>>siliwangi tos islam >>>2. Penyebaran islam ti lingkup karaton, dipingpin ku sunan rohmat nyaeta >>>siliwangi tea >>>3. Cirebon jeung banten teu bisa ngaklaim nagara misah ti pajajaran, da >>>dihandapeun kakawasaan pajajaran. Patalukan pajajaran. >>>4. Teu aya katerangan nu nyebut di tungtung hirupna siliwangi masih keneh >>hindu. >>>5. Sunda wiwitan tos ka singkirkeun ti awal agama2 dunia lebet ka tatar >>>sunda >>>saperti budha, hindu, islam, kristen jsb. >>>6. Carita nu dijieun ku walanda, cirebon, mataram jeung banten soal agama >>>siliwangi di jungkir balikeun jang kapentingan pulitik kudeta maranehna ka >>>pajajaran >>> >>>Referensina nya pilari we nyalira na internet >>>Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ >>>From: mh <[email protected]> >>>Sender: [email protected] >>>Date: Sun, 12 Dec 2010 21:51:15 +0700 >>>To: Ki Sunda<[email protected]> >>>ReplyTo: [email protected] >>>Subject: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? >>> >>> >>>Cing baraya berendelkeun indikator nu kapanggih nu nuduhkeun aya >>>hubungan antara Prabu Siliwangi jeung Islam >>>-mh- >>> >>>_,___ >> >> >>-- >>d-: dudi herlianto :-q >>paciringan.wordpress.com >>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >> > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
