/samida/. boa-boa dulurna /semedi/ mun kitu mah /leuweung samida/ meureun leuweung tempat tapa nya?
2010/12/13 Wilistya Redanta <[email protected]> > > > *Leuwueng samida* itu adalah hutan/taman buatan, seperti Kebun Raya Bogor. > Atau dipakai untuk pelestarian sumber daya alam terutama air di hulu > sungai. > Jadi bukan "kuburan" spt di agama Hindu. > > > > > --- Pada *Sen, 13/12/10, Aschev Schuraschev <[email protected]>*menulis: > > > Dari: Aschev Schuraschev <[email protected]> > Judul: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? > Kepada: [email protected] > Tanggal: Senin, 13 Desember, 2010, 4:11 PM > > > > > Geningan dina tembang Sunda sok aya rumpaka "kasebat ngaran keur budak, > kasebit *ngaran keur leutik*, kasebut ngaran keur lembut. Dina kanyataan > kapungkur oge gening para ningrat gaduh ngaran keur leutik oge ngaran keur > sepuh. Aranjeunna mindeng gaduh jenengan langkung ti hiji. Komo deui Prabu > Siliwangi nu kasebat raja, tiasa gaduh jenengan langkung seueur, kalebet > jenengan Hinduna. > > Nujul kana batu tulis, anu nyerat teh pan sanes Prabu Siliwangi nu tos > pupus tapi anu sanesna. Tiasa wae anu nulis teh kulawargina anu masih ngagem > Hindu anu ngaraos langkung afdol nga-abadi-keun rajana ku jenengan Hindu > batan jenengan Siliwangi. > > Perkawis Sri Baduga nu ngadamel undakan ka leuweung samida, kedah > ditalungtik iraha-irahana. Upamina wae anjeunna kawitna ngagem Hindu, nya > wajar upami anjeunna kantos ngamumule tangkal samida. Tangtosna timeframe > dina mangsana anjeunna ngagem Hindu. > > Hatur nuhun. > Asep > > > > > --- On *Mon, 12/13/10, Dudi Herlianto <[email protected]>* wrote: > > > From: Dudi Herlianto <[email protected]> > Subject: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? > To: [email protected] > Date: Monday, December 13, 2010, 12:24 AM > > > > bisa jadi nu kahiji ge politik. saurang tokoh pasantren tangtu jembar, > manehna bisa wae nikahkeun budakna ka saurang raja kapir keur udagan nu > leuwih gede. conto sejenna, nu bisa nguatan hal ieu kajadian dikawinkeun > awewe budak syaih bantong (cina islam) ka brawijaya (raja pamungkas > majapahit, hindu). ti rahim ieu putri cina bakal ngajuru raden patah, nu > daek teu daek bisa disebutkeun salasahiji faktor rugrugna majapahit. > > ti dinya nikah beda agama, utamana ka pangawasa nagri geus lumrah jaman > baheula. > > nu nomer opat, lamun urang sami percaya yen nu disebut siliwangi teh sri > baduga maharaja, urang nyarandekeun kana unggelan nu aya dina batutulis. > dina eta batu kaunggel ngaran sejen sri baduga teh sri sang ratu dewata. > dina islam kecap dewa teu aya sanes? nu gaduhna pan hindu. duka lamun kecap > ieu dipake ku urang islam jaman harita mah. > > saterusna dina baris panganggeusan, kasebut, sri baduga teh nu nyieun > undakan ka leuweung samida, aya pamanggih nu nyebutkeun samida teh tangkal > nu sok dipake pikeun upacara srada. upacara keur nyampurnakeun arwah dina > agama hindu. malah mun percanten kana pamanggih mang saleh (danasasmita), > sri baduga teh disradakeun ku anakna. ieu ge di dumasaran kana pananggalan > nu aya dina batu tulis, nu jangkep 12 taun sanggeus sri baduga maot. > > ketang nu disebut di luhur ge sami mung teori, nu lega kamungkinan salahna. > nuhun > > 2010/12/12 <[email protected]> > > > > 1. Pernikahan sareng subang larang nu islam nganggo nikah cara islam, > hartosna siliwangi tos islam > 2. Penyebaran islam ti lingkup karaton, dipingpin ku sunan rohmat nyaeta > siliwangi tea > 3. Cirebon jeung banten teu bisa ngaklaim nagara misah ti pajajaran, da > dihandapeun kakawasaan pajajaran. Patalukan pajajaran. > 4. Teu aya katerangan nu nyebut di tungtung hirupna siliwangi masih keneh > hindu. > 5. Sunda wiwitan tos ka singkirkeun ti awal agama2 dunia lebet ka tatar > sunda saperti budha, hindu, islam, kristen jsb. > 6. Carita nu dijieun ku walanda, cirebon, mataram jeung banten soal agama > siliwangi di jungkir balikeun jang kapentingan pulitik kudeta maranehna ka > pajajaran > > Referensina nya pilari we nyalira na internet > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * mh <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Sun, 12 Dec 2010 21:51:15 +0700 > *To: *Ki Sunda<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *[kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? > > > > Cing baraya berendelkeun indikator nu kapanggih nu nuduhkeun aya > hubungan antara Prabu Siliwangi jeung Islam > -mh- > _,___ > > > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > paciringan.wordpress.com > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > > >
