Leres Mh masih dulurna, tapi secara fisik memang samoja/kamoja/kamboja nu di jepang mah memang betet jadi cocog pisan dibonsai. Ari di Indonesia mah "nature"na sabenerna tangkal gede jeung bisa teuas watangna. Kiwari samoja diurang oge tos seueur dibonsai jadi komoditas.
Jadi memang melak samoja di urang sunda balik deui ti tangkal (taman) kuburan jadi tangkal taman imah. Ku kituna bisa jadi leuweung samida (tamansari) PS teh seueur dipelakan tangkal samoja da memang seungit atuh kembangna jeung endah warnana. Kiwari ku endahna samoja tempat spa seueur ngagunakeun kembangn jeung minyakna (message oil. essential oil). Atuh tempat meditasi oge teu aneh ditata batu gede digigir cai nu ngerecek di sisi tangkal samoja. Jadi lamun leuweung samida disebut mh jadi taman keur ngalakukeun meditasi oge asup akal. Kiwari Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: mh <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 14 Desember, 2010 09:26:30 Judul: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? Tan masih dulurna Samoja Jepang atuh nya, nu sok di-Bonsai kitu 2010/12/14 Aschev Schuraschev <[email protected]> >Jigana samida teh sami sareng samodya atanapi samoja, tangkal nu kembangna >endah >tur seungit anu dimumule ku urang Hindu Bali. Di urang mah kiwari samoja teh >sok >dipelak di kuburan. Tapi di Bali mah samoja kiwari dipelak di pakarangan. >Samoja >oge dimule ku urang Thailand, Laos sareng nagri Indochina sanesna. > > >Hatur nuhun. >Asep > > > > >--- On Mon, 12/13/10, mh <[email protected]>wrote: > > >>From: mh <[email protected]> >> >>Subject: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? >>To: [email protected] >>Date: Monday, December 13, 2010, 8:00 PM >> >> >> >> >>/samida/. boa-boa dulurna /semedi/ >>mun kitu mah /leuweung samida/ meureun leuweung tempat tapa nya? >> >> >>2010/12/13 Wilistya Redanta <[email protected]> >> >> >>>Leuwueng samida itu adalah hutan/taman buatan, seperti Kebun Raya Bogor. >>>Atau >>>dipakai untuk pelestarian sumber daya alam terutama air di hulu sungai. >>>Jadi bukan "kuburan" spt di agama Hindu. >>> >>> >>> >>> >>> >>> >>> >>>--- Pada Sen, 13/12/10, Aschev Schuraschev <[email protected]> menulis: >>> >>> >>>>Dari: Aschev Schuraschev <[email protected]> >>>>Judul: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? >>>>Kepada: [email protected] >>>>Tanggal: Senin, 13 Desember, 2010, 4:11 PM >>>> >>>> >>>> >>>> >>>>Geningan dina tembang Sunda sok aya rumpaka "kasebat ngaran keur budak, >>>>kasebit ngaran keur leutik, kasebut ngaran keur lembut. Dina kanyataan >>>>kapungkur >>>>oge gening para ningrat gaduh ngaran keur leutik oge ngaran keur sepuh. >>>>Aranjeunna mindeng gaduh jenengan langkung ti hiji. Komo deui Prabu >>>>Siliwangi nu >>>>kasebat raja, tiasa gaduh jenengan langkung seueur, kalebet jenengan >>>>Hinduna. >>>> >>>> >>>>Nujul kana batu tulis, anu nyerat teh pan sanes Prabu Siliwangi nu tos >>>>pupus >>>>tapi anu sanesna. Tiasa wae anu nulis teh kulawargina anu masih ngagem >>>>Hindu anu >>>>ngaraos langkung afdol nga-abadi-keun rajana ku jenengan Hindu batan >>>>jenengan >>>>Siliwangi. >>>> >>>> >>>>Perkawis Sri Baduga nu ngadamel undakan ka leuweung samida, kedah >>>>ditalungtik >>>>iraha-irahana. Upamina wae anjeunna kawitna ngagem Hindu, nya wajar upami >>>>anjeunna kantos ngamumule tangkal samida. Tangtosna timeframe dina mangsana >>>>anjeunna ngagem Hindu. >>>> >>>> >>>>Hatur nuhun. >>>>Asep >>>> >>>> >>>> >>>> >>>>--- On Mon, 12/13/10, Dudi Herlianto <[email protected]> wrote: >>>> >>>> >>>>>From: Dudi Herlianto <[email protected]> >>>>>Subject: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? >>>>>To: [email protected] >>>>>Date: Monday, December 13, 2010, 12:24 AM >>>>> >>>>> >>>>> >>>>>bisa jadi nu kahiji ge politik. saurang tokoh pasantren tangtu jembar, >>>>>manehna >>>>>bisa wae nikahkeun budakna ka saurang raja kapir keur udagan nu leuwih >>>>>gede. >>>>>conto sejenna, nu bisa nguatan hal ieu kajadian dikawinkeun awewe budak >>>>>syaih >>>>>bantong (cina islam) ka brawijaya (raja pamungkas majapahit, hindu). ti >>>>>rahim >>>>>ieu putri cina bakal ngajuru raden patah, nu daek teu daek bisa >>>>>disebutkeun >>>>>salasahiji faktor rugrugna majapahit. >>>>> >>>>>ti dinya nikah beda agama, utamana ka pangawasa nagri geus lumrah jaman >>>>baheula. >>>>> >>>>>nu nomer opat, lamun urang sami percaya yen nu disebut siliwangi teh sri >>>>>baduga >>>>>maharaja, urang nyarandekeun kana unggelan nu aya dina batutulis. dina eta >>>>>batu >>>>>kaunggel ngaran sejen sri baduga teh sri sang ratu dewata. dina islam >>>>>kecap dewa >>>>>teu aya sanes? nu gaduhna pan hindu. duka lamun kecap ieu dipake ku urang >>>>>islam >>>>>jaman harita mah. >>>>> >>>>>saterusna dina baris panganggeusan, kasebut, sri baduga teh nu nyieun >>>>>undakan ka >>>>>leuweung samida, aya pamanggih nu nyebutkeun samida teh tangkal nu sok >>>>>dipake >>>>>pikeun upacara srada. upacara keur nyampurnakeun arwah dina agama hindu. >>>>>malah >>>>>mun percanten kana pamanggih mang saleh (danasasmita), sri baduga teh >>>>>disradakeun ku anakna. ieu ge di dumasaran kana pananggalan nu aya dina >>>>>batu >>>>>tulis, nu jangkep 12 taun sanggeus sri baduga maot. >>>>> >>>>>ketang nu disebut di luhur ge sami mung teori, nu lega kamungkinan >>>>>salahna. >>>>>nuhun >>>>> >>>>> >>>>>2010/12/12 <[email protected]> >>>>> >>>>> >>>>>>1. Pernikahan sareng subang larang nu islam nganggo nikah cara islam, >>>>>>hartosna >>>>>>siliwangi tos islam >>>>>>2. Penyebaran islam ti lingkup karaton, dipingpin ku sunan rohmat nyaeta >>>>>>siliwangi tea >>>>>>3. Cirebon jeung banten teu bisa ngaklaim nagara misah ti pajajaran, da >>>>>>dihandapeun kakawasaan pajajaran. Patalukan pajajaran. >>>>>>4. Teu aya katerangan nu nyebut di tungtung hirupna siliwangi masih keneh >>>>>hindu. >>>>>>5. Sunda wiwitan tos ka singkirkeun ti awal agama2 dunia lebet ka tatar >>>>>>sunda >>>>>>saperti budha, hindu, islam, kristen jsb. >>>>>>6. Carita nu dijieun ku walanda, cirebon, mataram jeung banten soal agama >>>>>>siliwangi di jungkir balikeun jang kapentingan pulitik kudeta maranehna >>>>>>ka >>>>>>pajajaran >>>>>> >>>>>>Referensina nya pilari we nyalira na internet >>>>>>Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ >>>>>>From: mh <[email protected]> >>>>>>Sender: [email protected] >>>>>>Date: Sun, 12 Dec 2010 21:51:15 +0700 >>>>>>To: Ki Sunda<[email protected]> >>>>>>ReplyTo: [email protected] >>>>>>Subject: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? >>>>>> >>>>>> >>>>>>Cing baraya berendelkeun indikator nu kapanggih nu nuduhkeun aya >>>>>>hubungan antara Prabu Siliwangi jeung Islam >>>>>>-mh- >>>>>> >>>>>>_,___ >>>>> >>>>> >>>>>-- >>>>>d-: dudi herlianto :-q >>>>>paciringan.wordpress.com >>>>>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >>>>> >>>> >>> >> >
