Boa2 oge aya masalah di urangna, cara nyerepna teu maksimal ku loba ngabodor, loba tunduh, loba haroream jadi we salah tangkep. Muhun eta sunda buhun bisa jadi can rengse ngabatinkeun kembang sejen, atanapi kebatinan kembang tos ngarengsekeun langkung ti opat ngan teu aya nu nyepeng dokumentasina (boh fisik boh lisan). Nya nu aya 4 tos sae tapi sanes titik keur sim kuring mah.
JP Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Akang Tajimalela <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 Dec 2010 22:14:49 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Mitologi kembang jeung urang sunda Muhun kang kedahna mah diurang teh aya catetan seluk beluk per"kembangan" lantaran diurang maha sagala kembang teh aya, nu teu aya di batur tapi aya diurang, nu aya dibatur sok aya oge diurang. Perkawis kunaon jelema didunia dipersepsikeun ku 4 kembang, sami wae sareng persepsi jelema dina pawayangan nyaeta pandawa 5 tea.Mun pandawa man didamel di India, mun kebatinan kembang ieu mah didamel diurang. Tah 3 diantara 4 kembang eta teh lain kembang pituin diurang sanajan tos adaptasi sareng iklim jeung lingkungan diurang mang rebu taun, tapi tetep aya efek sampingna, efek sampingna nya ngaruksak tea...komo bari melakna "maksa" mah....hahaha...jiga tangkal pinus nu asal daerah sub tropis, nu dipelak ku perhutani, kakarah ayeuna kanyahoan mun tangkal pinus teh ngaruksak taneuh. Matak sagala anu "sumping" ti luar teh kedahna di taliti heula, teras dibatasi lantaran dampak burukna mah kakarah kanyahoan 10 atanapi 100 taun kapayun.Susahna jelema diurang mah rata2 elmuna elmu sapi, jadi sok sagala diturutan mulai ti agama dugikeun kana budaya (gara2 lila teuing dijajah jeung dibobodo ku guruna), bari jeung teu nyaho naon2.Nu pinter ngan saukur tukang "promosi" elmu ti luar. Memang elmuna mah bener, diajarna ku pandhita dinagara asalna mah...eh datang kadieu jadi dorna....hahahahah ngartos meureunnya kang? tos heula bising ngacapruk kamana wae.....hahah TM --- Pada Rab, 22/12/10, Jalak Pakuan <[email protected]> menulis: Dari: Jalak Pakuan <[email protected]> Judul: Bls: [kisunda] Mitologi kembang jeung urang sunda Kepada: [email protected] Tanggal: Rabu, 22 Desember, 2010, 2:10 AM Bah Taji boa-boa karuhun can salse kitu nyerat kembang2 sejena atawa catetan2 kembang sejena kantos diserat ngan tos leungit? .Lebar seueur kekembangan fenomental di tatar sunda naha bet diheureutkeun jadi 5. Contona wae kembang malati nu tahan banting ku hujan ku halodo tetep sumeleber nyambuang, kitu oge nu kamari dibahas kembang samoja. Eta conto 2 kembang naha teu aya filosofina? (tacan kaserat sang pujangga??). Padma mah langkung caket kana lambang budha/hindu, lambang kasampurnaan, janten sanes tiongkok/oriental sentris sareng deuih da jepang mah nyekel kembang seruni, lambang nu diangge kaisar. baktos JP Makarya Mawa Raharja Dari: Akang Tajimalela <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rab, 22 Desember, 2010 09:55:55 Judul: [kisunda] Mitologi kembang jeung urang sunda Hayu atuh urang pedar "kaleuwihan" urang sunda anu tiasa ngarebut hate batur (Jelema, Jurig, Siluman). Sok aya padungdengan dina jejer kaleuwihan sareng kakirangan urang sunda, padahal urang sunda mah "kelebihanana" dina hate. Dina sunda buhun dicaritakeun didunia ieu aya opat kembang, hiji kembang soka, kadua kembang panonpoe, katilu kembang padma jeung kaopat kembang wijayakusuma. Mun teu lepat kantos diserat ku kuring perkawis kembang2 ieu 5 taun kalangkung. Anu digaduhan kuurang sunda mah kembang wijayakusuma, kembang aseli parahyangan, yang hanya tumbuh ditanah yang paling subur, hanya berbunga kalau sudah waktunya dengan tempo yang relative singkat, jika sudah berbunga wanginya semerbak kesegala penjuru ruangan.Janten Don't miss it. Dina carita golek kembang wijayakusumah gaduh kaleuwihan, saha2 wae anu diusap ku kembang ieu, bisa cageur panyawatna, mun diusap ka anu "maot" bisa hirup deui. Maksadna nu "Maot" didieu nyaeta "maot" hatena mun dina kitab mah jiga nabi Isa As tiasa ngahirupkeun anu "maot".Maot didieu lain maot perlaya tapi maot hatena,nu maot perlaya mah euweuh dui "ubar"na ngan saukur "Innalillahi.....". Jadi "Maot" hatena jauh leuwih bahaya tibatan "maot" nu sanes.Kumaot hate jelema leuwih ngaruksak tibatan syetan,eta nu biasa disebut "Kiamat" dina kitab agama mah. Dina fisik kembang wijayakusuma mah benten.Anu tilu kembangna nyanghareup kaluhur, mun wijayakausuma mah nunduk ka handap.Artinya urang sunda mah biasa "nunduk" dalam artian rendah hati (lain handap asor) dihadapan yang lain. Duka tah nu kieu disebut "kaleuwihan"atanapi "kakirangan" ku zaman ayeuna mah. Mun kembang anu sanes mah nyahareup kaluhur, janten rumasa "aing"na leuwih luhur tusr ekspansif hayang menguasai batur (jelma, jin,siluman) matak dugikeun aya penjajahan, kapitalisme, komunisme jst, teu aneh mun maranehanana leuwih sakti jeung mandraguna, padahal nu sakti jeung mandraguna mah bisa jadi sihir (istijad ceuk kitab mah). Lantaran keadilan, kabeh "kembang" dibere kesempatan manggung jadi "kuncen" di dunia , isuk-pageto nu rek "manggung" mah kembang padma,kaleuwihanana kembang padma mah bisa hirup dimana wae, asal aya cai.Dimana aya cai hartina aya kahirupan (lambang air).Lambang padma ieu jadi simbol dinagara2 tiongkok, ceuk mitologi mah di nagara2 penganut konfusianisme (Korea, Jepun, China, Hongkong, Taiwan jst). Duka "manggung" na 100 taun, duka 10000 taun. Jadi wargi milis ulah aneh mun isukan Tiongkok janten "superior" ngelehkeun urang koboi jeung urang jahiliyah.Engke kembang wijayakusuma muncul saatos kembang padma. Tapi duka tah dunia geus jiga kumaha? jigana mah dititah "cuci piring" hungkul, lantaran ngeus dipake pesta....hahahahha...teu naon2 biasana ganjaranana sawarga....... Balik deui, janten kesimpulannana upami seler sejen mah tiasa ngarebut pangaweruh, kasaktian jeung kaduniaan tapi acan tangtu tiasa ngarebut hate jelema sakumaha urang sunda lantaran ke "rendahan hati"nya....lain ku kasaktian jeung mandraguna.Mun Parahyangan mah urang sunda leuwih punjul Jala Dipa, Jala Puspa, jeung Jala Ugemana tinu lian....peun wae Tos heula....seratan ieu mah sakadar nambihan wacana batin hungkul, janten lain rek diajar fasis.....hahahah T A J I M A L E L A --- Pada Rab, 22/12/10, oman abdurahman <[email protected]> menulis: Dari: oman abdurahman <[email protected]> Judul: Re: Mikawanoh Debus Banten ==> Re: Tubagus & Raden Bls: [kisunda] Tinalauk belik deui ka Jurig.. Kepada: [email protected] Tanggal: Rabu, 22 Desember, 2010, 12:23 AM Sapuk kang, Seug geura parios tentara Kongo, geus teu aya haetan da tos karebut hatena ku tentara Siliwangi hehehe, heureuy kang. Lanjut...kumaha upama ngadamel jejer "cara-cara ngaerbut hate"? kade ulah dihijikeun jeung jejer "Ngadamel semur ati" manar 2010/12/22 Akang Tajimalela <[email protected]> . Nu perlu digaris bawahi kuurang mah cara2 pendekatan pasukan urang (Indonesia, Siliwangi) ka bangsa deungeun anu tiasa ngarebut hate maranehanana...ieu mah spesialisna urang sunda. Hanjakal ayeuna mah Panglima Siliwangi rata2 lain turunan Siliwangi (baca Sunda)....memang ngahaja di acak2. TM D MARKETPLACE Get great advice about dogs and cats. Visit the Dog & Cat Answers Center.<span><img alt width="1" height="1"></span> Hobbies & Activities Zone: Find others who share your passions! Explore new interests.<span><img alt width="1" height="1"></span> Stay on top of your group activity without leaving the page you're on - Get the Yahoo! Toolbar now. <span><img alt width="1" height="1"></span> Switch to: Text-Only, Daily Digest • Unsubscribe • Terms of Use .
