Struktur Masyarakat Banten sepertos anu didongengkeun ku Kang Rifki rupina teu di Banten wungkul, di Ibukota anu katelah Matropolitan oge struktur nu disinyalir sepertos di Banten aya oge, mung benten format. Bentuk na sepertos ormas-ormas anu mangrupakeun kempelan orang-orang 'kuat-fisik', umpamana samodel PP , BBC jste.
Bisnis UDUD kantenan wae diperyogikeun, margi saha anu bade ngerahkeun massa? Ku zaman kiwari ayana PILKADAL sareng Demokrasi, saha deui anu bade ngerahkeun massa ari sanes aranjeuna ? Baktos, puun. Ngendalikeun kuda --- On Thu, 12/23/10, Tubagus Rifki L <[email protected]> wrote: From: Tubagus Rifki L <[email protected]> Subject: [kisunda] Jawara - Struktur Masyarakat Banten. To: [email protected] Date: Thursday, December 23, 2010, 10:54 PM Sapangamatan kula nu hirup gede di Banten, aya dua profil Jawara. Samemeh ngabahas bedana, akademisi sok metakeun 'jawara' sabage hiji struktur kamasyarakatan di Banten nu kaasupna 'Elit' deukeut ka pangawasa jeung boga masa atawa ngabogaan pasukan (kitu deui Ulama, nu bisa deukeut atawa jauh jeung pangawasa, kasebut elit Banten)-- Aom Karomani, 2005. Ngan, naon nu kukula kadeuleu jeung ngadenge dongeng ti para kolot. Baheula nu disebut Jawara teh dipikatanggeuh ku masyarakat sabab boga kharisma lakulampah nu, tutulung kanu butuh, tatalang kanu susah. Lamun aya kateuadilan, manehna nu kahareup bebela sanajan nyawana nu kaancam. Tangtu, elmu kabedasanana, kahot asli teu teurak dibacok. Ngomong saayana --to the point-- tara sindir sampir. Kiwari datang jawara palsu. Kumasyarakat memang manehna disebut jawara, boga pasukan, deukeut jeung pangawasa ngan pendekatanana represif nyieun teror uncam-ancam ka rakyat nu bodo jeung teu wani ngalawan. Bisnis na UDUD (Doel Soembang, Usaha Dagang Urusan Demo)mun dibacok sakali gejrot ge muncrut darahna. Lamun geus bek gelut, euweuh kawani. Tapi hirupna patangkrang petengkreng nyingsieunan batur seunah meunang proyek atawa duit jaminan keamanan. Bahkan nu keui jadi organisasi terselubung. Suka teu suka, memang jawara palsu kiwari nu nyekel hegemoni di Banten. Kitu we lah. Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu. tirilik. --- In [email protected], Aschev Schuraschev <ascheve...@...> wrote: > > Jawara di Banten jigana ampir sami sareng samurai di Jepang mangsa jaman > feodal. Malah di Jepang harita mah dugi ka mucunghul sistem kasta dimana > samurai dianggap golongan elit. Namung "kasta" samurai dihapus waktos jaman > kaisar Meiji. Tapi sumangetna belanagarana tetep dipertahankeun. Hal ieu > salasawios nu ngajantenkeun Jepang maju. > Kumaha tah jawara di urang? Masih diperyogikeun? Cobi dipedar! > > > > --- On Thu, 12/23/10, Maman <manz2...@...> wrote: > > From: Maman <manz2...@...> > Subject: [kisunda] Jawara Re: Mikawanoh Debus Banten. > To: [email protected] > Date: Thursday, December 23, 2010, 2:57 AM > > > > > > > > > > > > > > > > >  > > > > > > > > > > Kang Rifki, punten,  sigana tanggal di komputer Akang tanggalna rada > mundur, janten upami ngintun email, teras urutan na numutkeun tanggal, jadi > "ngalelep" ka handap. > > Urusan pulitik saenyanamah urusan rebutan pangaruh, di zaman "modern" mah > ku jalan > kampanye ngadu program (paloba-loba 'ngomong'), pa alus-alus pidato. > [siga Obama pidatona pang alusna :) ]. >  > Kusabab di urangmah paadu omong teh osok diteruskeun ku paadu fisik, jadina > peran sabangsa "jawara" masih osok digunakeun.  >  > Ceunah ceuk urang katurunan Jepang, budak sakola dasar di ditu mah [di > jepang] geus diajarkeun pidato saurang-saurang kahareup, sangkan boga rasa > PeDe. > >  > > > > --- On Tue, 12/21/10, tbri...@... <tbri...@...> wrote: > > > > > > Ceuk sapangamatan kula, Jawara di Banten kiwari ngan ukur jadi bebegig > masyarakat. Euweuh jawara nu bisaeun debus. Hop tah Jawara! > Struktur kajawaraan diciptakeun sabage 'Trik' ngajaga kapentingan ekonomi > sageleintir elit boh di desa, boh di kacamtan boh di kabupaten boh di > Propinsi. Bebegig kabeh. > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > Tirilik ti Banten nu Sunda lain jawa bisi disebut Jaed. >
