Jawara di Banten jigana ampir sami sareng samurai di Jepang mangsa jaman feodal. Malah di Jepang harita mah dugi ka mucunghul sistem kasta dimana samurai dianggap golongan elit. Namung "kasta" samurai dihapus waktos jaman kaisar Meiji. Tapi sumangetna belanagarana tetep dipertahankeun. Hal ieu salasawios nu ngajantenkeun Jepang maju. Kumaha tah jawara di urang? Masih diperyogikeun? Cobi dipedar!
--- On Thu, 12/23/10, Maman <[email protected]> wrote: From: Maman <[email protected]> Subject: [kisunda] Jawara Re: Mikawanoh Debus Banten. To: [email protected] Date: Thursday, December 23, 2010, 2:57 AM Kang Rifki, punten, sigana tanggal di komputer Akang tanggalna rada mundur, janten upami ngintun email, teras urutan na numutkeun tanggal, jadi "ngalelep" ka handap. Urusan pulitik saenyanamah urusan rebutan pangaruh, di zaman "modern" mah ku jalan kampanye ngadu program (paloba-loba 'ngomong'), pa alus-alus pidato. [siga Obama pidatona pang alusna :) ]. Kusabab di urangmah paadu omong teh osok diteruskeun ku paadu fisik, jadina peran sabangsa "jawara" masih osok digunakeun. Ceunah ceuk urang katurunan Jepang, budak sakola dasar di ditu mah [di jepang] geus diajarkeun pidato saurang-saurang kahareup, sangkan boga rasa PeDe. --- On Tue, 12/21/10, [email protected] <[email protected]> wrote: Ceuk sapangamatan kula, Jawara di Banten kiwari ngan ukur jadi bebegig masyarakat. Euweuh jawara nu bisaeun debus. Hop tah Jawara! Struktur kajawaraan diciptakeun sabage 'Trik' ngajaga kapentingan ekonomi sageleintir elit boh di desa, boh di kacamtan boh di kabupaten boh di Propinsi. Bebegig kabeh. Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu Tirilik ti Banten nu Sunda lain jawa bisi disebut Jaed.
