Tapi PASTI, aya wae nu IJID pisan ka na WAYANG; resep keneh ngadongeng 
Sabdapalon meureun.

--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumirat@...> wrote:
>
> Abdi ngantosan kumaha barata yudha salajengna.  Bah perkawis kakuatan gatot
> kaca lamun peuting kumaha ?
> 
> Manfaat carita atawa dongen ceuk kuring mah rea/loba.  Diantawisna tokoh2
> anu parerang dinu carita barata yudha ieu bisa pieunteungeun, naha rek jadi
> suyudhana, bima, arjuna atawa saha ?  teras siyasah perang na oge.  Da
> geuning sidikna nepi ka ayeuna perang teu eureun eureun.  Nu keur rame
> ayeuna Lybia dirurug as jeung wadia baladna.  
> 
>  
> 
> Baktos 
> 
>  
> 
> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
> Abbas
> Sent: Tuesday, March 22, 2011 11:29 AM
> To: [email protected]
> Subject: [kisunda] Re: Bharata Yudha kaa- 6
> 
>  
> 
>   
> 
> Euweuh ! Alias ERNOL ! Teu mangpaat sama sakali.
> Ngan ukur micunan WAKTU ! Ari Nu hayang mangpaat nya e4ta nu hayang aya
> Buktina. Meureun ukuranana Duit; atawa nambah Pangarti aatawa
> p-angaweruh. Lamun euweuh hiji2 Acan hartina Euweuh Gunana.
> Keun we atuh Bharata Yudha tong Dituluykeun.
> Nuhun Kang man. Sok atuh Kang Maman Nyarios nu aya GUNANA; Sugan WE Abdi
> jadi BeuNGHAR ku Ngadenge Omongan Kang Maman.
> 
> --- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> , Maman
> <manz2002@> wrote:
> >
> > Naon nya ittibar atawa guna mangfaatna dongeng bharatayuda jeung kaayaan
> perang kiwari??
> > 
> > On Sen, 21 Mar 2011 13:14 ICT Ii Sumirat wrote:
> > 
> > >*maksadna bah Abbas
> > >
> > > 
> > >
> > >From: [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>
> [mailto:[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> ] On
> Behalf Of
> > >Ii Sumirat
> > >Sent: Monday, March 21, 2011 12:56 PM
> > >To: [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> 
> > >Subject: RE: [kisunda] Bharata Yudha kaa- 6
> > >
> > > 
> > >
> > > 
> > >
> > >Bah abbah naha lamun reup sore/ atawa peuting kakuatan gatotgaca langkung
> > >rongkah? Kumaha dongeng lantaranana
> > >
> > > 
> > >
> > >From: [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>
> [mailto:[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> ] On
> Behalf Of
> > >Abbas Amin
> > >Sent: Monday, March 21, 2011 11:42 AM
> > >To: kisunda; urangsunda
> > >Subject: [kisunda] Bharata Yudha kaa- 6
> > >
> > > 
> > >
> > > 
> > >
> > >
> > >Perang poe kaopatna Bhisma dibantu Duryodhana sareng Drona nyusun pasukan
> > >perang anu tanggoh pisan, Pasukan Kavaleri, Pasukan Gajah, sareng
> artileri
> > >disagakeeun kanggo ngagempur pasukan Pandawa.
> > >Arjuna ti pihak Pandawa waspada kana eta formasi pasukan Bhisma; enggal
> > >marentah nyusun pasukaan nu bakal ngalawan kana susunan pasukan Kurawa.
> > >Nyata Dananjaya jago perang pilih tanding; pasukan Kurawa nu sakitu
> angkerna
> > >teu aya daya ngalawan formasi nu disusun ku Arjuna.
> > >Abimanyu ngamuk ka pasukan musuh; tos sabababaraha pahlawan anu binasa;
> > >salah sahijina Putra Chala; atuh Raja Chala kacida amarahna terus maju
> bade
> > >belapati; dibantuan ku Salya Aswatama jeung Raja Rudra; Abimanyu
> dikepung;
> > >Arjuna enggal miwarang MahaSenapati Draiaastadjumna nulungan Abimanyu;
> > >Srikandhi, Drestadjumna maju megatan nu ngarepung; ayeuana mah tibalik
> Salya
> > >nu dikepung ku Dristadjumna sareng Abimanyu. Chaala binasa ku panah
> Arjuna.
> > >
> > >Bhiama nyandak GADA nu ageung pisan ( rujak Polo ); mani ngahiung diputer
> > >puterkeun;
> > >Putra Dristarata maririrs ningal ketak Bhima kitu; Suyudhana marentah ka
> > >Durganda Durgandi sareng 6 raina nu sanes kango ngepung Bhima.
> > >
> > >"Lakadalah, anak2 Dristharastra maraneh bakal jadi korban Gada Kula si
> Rujak
> > >POLO!
> > >Bhima lungsur tina karetana muru ka dalapan para saderek Duryodhana,
> teras
> > >perang. Tapi teu lami kadalapan sadereek Suyudhana kalebet Durganda
> Durganti
> > >maloncrot polona digebug ngan sakilat sakilat ku gada Bhima.
> > >
> > >Suyudhana enggal marentah ratusan gajah ngepung Bhima; tapi Bhima
> neraskeun
> > >pangamukna; dugi ka Gajah2 bubar katawuran. Amaarah sang Duryodhana teras
> > >mentangkeun gondewana ka Bhiama. Bhima enggal luncat deui ka na karetana
> > >teras males ka Suyudhana ku panah deui; rame dua pahlawan silih panah.
> Tapi
> > >Bhima kapanh ku SDuyudhona dugi ngagumbrag niban lemah, rada
> katuralengan.
> > >Kaleresan ingkang Putra gatotkacha sareng pasukanana ngaliwat ka eta
> tempat;
> > >atuh der maraju nulungan Bhima. Pasukan Astina ngalacir sieun pangamuk
> > >Gatortkacha saparakancana ti Pringgandhani. Ieu pasukan pringgandhani teh
> > >kacida dipikasieunna, lantaran nepi ka ayeuna can aya hiji ge nu tiwas;
> aya
> > >nu tatu sukuna lain lantaran perang, tapi rasa mokaha nalipak seuseukeut
> > >tumbah nu nancep na taneuh, maksudna rek diasingkirkeun; tapi malah
> nancep
> > >terus ka na bumi ari suku nu nalipak nepi ka bor2an getih.
> > >
> > >Tah ku datangna Gatotkacha sareng Pasukan PGTna Suyudhana sareng
> Pahlawan2
> > >Kurawa pada mundur. Bhisma kaget pisan enggal marentah pasukanana maju
> > >katempat eta, tapi dipegat ku Arjuna; der deui silih panah kawas kamari.
> > >Resi Drona nyoba2 mawa pasukanana ngahalang majuna Gatotkaacha nu bade
> > >nangkep Suyudhana; tapi pasukan Drona paburantak; Drona enggal
> ngalepaskeun
> > >ratusan jamparing ngahalang majuna Gatotkacha sareng pasukan
> > >pringgandhanina. Gatotkacha rada mandeg oge. Drona boga kasempetan nyusun
> > >pasukan deui terus mundur lalaunan, lantaran moal tiasa ngalawan Pasukan
> > >pringgandhani nu sakitu rokahana.
> > >
> > >Poe tos bade reup2an; enggal Bhisma marentah niup tarompet ngeureunan
> > >peperangan; mun diteruskeun tea mah; matak suksak sabab beuki poek, beuki
> > >hebat kakuatan Gatotkacha jeung pasukanana.
> > >
> > >Poe eta Perang lekasan; pihak Pandawa unggul.
> > >
> > >Teraskeuneun
> > >
> > > 
> > >
> > >
> > >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke