ah keun wae bah AA, nu hayangeun apal carita perang Bharata Yudha loba 
keneh...(bari ngadepong nungguan terusan carita Bharata Yudha)



________________________________
Dari: Abbas <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sel, 22 Maret, 2011 11:29:12
Judul: [kisunda] Re: Bharata Yudha kaa- 6

  
Euweuh ! Alias ERNOL ! Teu mangpaat sama sakali.
Ngan ukur micunan WAKTU ! Ari Nu hayang mangpaat nya e4ta nu hayang aya 
Buktina. 
Meureun ukuranana Duit; atawa nambah Pangarti aatawa
p-angaweruh. Lamun euweuh hiji2 Acan hartina Euweuh Gunana.
Keun we atuh Bharata Yudha tong Dituluykeun.
Nuhun Kang man. Sok atuh Kang Maman Nyarios nu aya GUNANA; Sugan WE Abdi jadi 
BeuNGHAR ku Ngadenge Omongan Kang Maman.

--- In [email protected], Maman <manz2002@...> wrote:
>
> Naon nya ittibar atawa guna mangfaatna dongeng bharatayuda jeung kaayaan 
> perang  
>kiwari??
> 
> On Sen, 21 Mar 2011 13:14 ICT Ii Sumirat wrote:
> 
> >*maksadna bah Abbas
> >
> > 
> >
> >From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
> >Ii Sumirat
> >Sent: Monday, March 21, 2011 12:56 PM
> >To: [email protected]
> >Subject: RE: [kisunda] Bharata Yudha kaa- 6
> >
> > 
> >
> > 
> >
> >Bah abbah naha lamun reup sore/ atawa peuting kakuatan gatotgaca langkung
> >rongkah? Kumaha dongeng lantaranana
> >
> > 
> >
> >From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
> >Abbas Amin
> >Sent: Monday, March 21, 2011 11:42 AM
> >To: kisunda; urangsunda
> >Subject: [kisunda] Bharata Yudha kaa- 6
> >
> > 
> >
> > 
> >
> >
> >Perang poe kaopatna Bhisma dibantu Duryodhana sareng Drona nyusun pasukan
> >perang anu tanggoh pisan, Pasukan Kavaleri, Pasukan Gajah, sareng artileri
> >disagakeeun kanggo ngagempur pasukan Pandawa.
> >Arjuna ti pihak Pandawa waspada kana eta formasi pasukan Bhisma; enggal
> >marentah nyusun pasukaan nu bakal ngalawan kana susunan pasukan Kurawa.
> >Nyata Dananjaya jago perang pilih tanding; pasukan Kurawa nu sakitu angkerna
> >teu aya daya ngalawan formasi nu disusun ku Arjuna.
> >Abimanyu ngamuk ka pasukan musuh; tos sabababaraha pahlawan anu binasa;
> >salah sahijina Putra Chala; atuh Raja Chala kacida amarahna terus maju bade
> >belapati; dibantuan ku Salya Aswatama jeung Raja Rudra; Abimanyu dikepung;
> >Arjuna enggal miwarang MahaSenapati Draiaastadjumna nulungan Abimanyu;
> >Srikandhi, Drestadjumna maju megatan nu ngarepung; ayeuana mah tibalik Salya
> >nu dikepung ku Dristadjumna sareng Abimanyu. Chaala binasa ku panah Arjuna.
> >
> >Bhiama nyandak GADA nu ageung pisan ( rujak Polo ); mani ngahiung diputer
> >puterkeun;
> >Putra Dristarata maririrs ningal ketak Bhima kitu; Suyudhana marentah ka
> >Durganda Durgandi sareng 6 raina nu sanes kango ngepung Bhima.
> >
> >"Lakadalah, anak2 Dristharastra maraneh bakal jadi korban Gada Kula si Rujak
> >POLO!
> >Bhima lungsur tina karetana muru ka dalapan para saderek Duryodhana, teras
> >perang. Tapi teu lami kadalapan sadereek Suyudhana kalebet Durganda Durganti
> >maloncrot polona digebug ngan sakilat sakilat ku gada Bhima.
> >
> >Suyudhana enggal marentah ratusan gajah ngepung Bhima; tapi Bhima neraskeun
> >pangamukna; dugi ka Gajah2 bubar katawuran. Amaarah sang Duryodhana teras
> >mentangkeun gondewana ka Bhiama.  Bhima enggal luncat deui ka na karetana
> >teras males ka Suyudhana ku panah deui; rame dua pahlawan silih panah. Tapi
> >Bhima kapanh ku SDuyudhona dugi ngagumbrag niban lemah, rada katuralengan.
> >Kaleresan ingkang Putra gatotkacha sareng pasukanana ngaliwat ka eta tempat;
> >atuh der maraju nulungan Bhima. Pasukan Astina ngalacir sieun pangamuk
> >Gatortkacha saparakancana ti Pringgandhani. Ieu pasukan pringgandhani teh
> >kacida dipikasieunna, lantaran nepi ka ayeuna can aya hiji ge nu tiwas; aya
> >nu tatu sukuna lain lantaran perang, tapi rasa mokaha nalipak seuseukeut
> >tumbah nu nancep na taneuh, maksudna rek diasingkirkeun; tapi malah nancep
> >terus ka na bumi ari suku nu nalipak nepi ka bor2an getih.
> >
> >Tah ku datangna Gatotkacha sareng Pasukan PGTna Suyudhana sareng Pahlawan2
> >Kurawa pada mundur. Bhisma kaget pisan enggal marentah pasukanana maju
> >katempat eta, tapi dipegat ku Arjuna; der deui silih panah kawas kamari.
> >Resi Drona nyoba2 mawa pasukanana ngahalang majuna Gatotkaacha nu bade
> >nangkep Suyudhana; tapi pasukan Drona paburantak; Drona enggal ngalepaskeun
> >ratusan jamparing ngahalang majuna Gatotkacha sareng pasukan
> >pringgandhanina. Gatotkacha rada mandeg oge. Drona boga kasempetan nyusun
> >pasukan deui terus mundur lalaunan, lantaran moal tiasa ngalawan Pasukan
> >pringgandhani nu sakitu rokahana.
> >
> >Poe tos bade reup2an; enggal Bhisma marentah niup tarompet ngeureunan
> >peperangan; mun diteruskeun tea mah; matak suksak sabab beuki poek, beuki
> >hebat kakuatan Gatotkacha jeung pasukanana.
> >
> >Poe eta Perang lekasan; pihak Pandawa unggul.
> >
> >Teraskeuneun
> >
> > 
> >
> >
> >
>


 

Kirim email ke