Hehehe, gaya khas Bah AA, lamun geus padungdung ngadu catur teh, matak
geumpeur nini-nini.

Lamun dina wayang mah jiga karakter Prabu Baladewa, tokoh non-blok,
pangawakan jangkung badag, kumis baplang sanga dulang, panon bolotot. Lamun
nyarita taya aya nu didindingkelir disindang siloka, hideung dicaritakeun
hideung, bodas dicaritakeun bodas.

Perkara komentar Kang Maman ceuk uing mah maksudna lain perkara carita
wayang aya atawa euweuh mangpaatna. Tapi Kang Maman nyoba ngaekplorasi, mun
dikaitkeun jeung jaman kiwari, naon kira-kirana pangajaran nu bisa ditewak
tina eta carita.

Perkara carbung Bah AA, hadena mah teruskeun sing nepi ka jucungna. Tangtu
loba mangpaatna mah, boh keur Bah AA sorangan, oge keur balarea. Mangpaat
keur Bah AA, paling henteu Bah AA aya kagiatan keur ngeusi mangsa luang,
ngarah teu tereh pikun. Bejana nulis teh salah sahiji jurus anti-pikun. Atuh
keur balarea, mangpaatna keur ngeuyeuban bahan bacaan dina basa Sunda. Lamun
carita nyambung ieu dirautan deui, dibebener koma-titik-na, oge jejerna,
ngarah leuwih merele, asana bisa jadi buku.


2011/3/22 Abbas <[email protected]>

>
>
> Euweuh ! Alias ERNOL ! Teu mangpaat sama sakali.
> Ngan ukur micunan WAKTU ! Ari Nu hayang mangpaat nya e4ta nu hayang aya
> Buktina. Meureun ukuranana Duit; atawa nambah Pangarti aatawa
> p-angaweruh. Lamun euweuh hiji2 Acan hartina Euweuh Gunana.
> Keun we atuh Bharata Yudha tong Dituluykeun.
> Nuhun Kang man. Sok atuh Kang Maman Nyarios nu aya GUNANA; Sugan WE Abdi
> jadi BeuNGHAR ku Ngadenge Omongan Kang Maman.
>
>
> --- In [email protected], Maman <manz2002@...> wrote:
> >
> > Naon nya ittibar atawa guna mangfaatna dongeng bharatayuda jeung kaayaan
> perang kiwari??
> >
> > On Sen, 21 Mar 2011 13:14 ICT Ii Sumirat wrote:
> >
> > >*maksadna bah Abbas
> > >
> > >
> > >
> > >From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
> Behalf Of
> > >Ii Sumirat
> > >Sent: Monday, March 21, 2011 12:56 PM
> > >To: [email protected]
> > >Subject: RE: [kisunda] Bharata Yudha kaa- 6
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >Bah abbah naha lamun reup sore/ atawa peuting kakuatan gatotgaca
> langkung
> > >rongkah? Kumaha dongeng lantaranana
> > >
> > >
> > >
> > >From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
> Behalf Of
> > >Abbas Amin
> > >Sent: Monday, March 21, 2011 11:42 AM
> > >To: kisunda; urangsunda
> > >Subject: [kisunda] Bharata Yudha kaa- 6
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >Perang poe kaopatna Bhisma dibantu Duryodhana sareng Drona nyusun
> pasukan
> > >perang anu tanggoh pisan, Pasukan Kavaleri, Pasukan Gajah, sareng
> artileri
> > >disagakeeun kanggo ngagempur pasukan Pandawa.
> > >Arjuna ti pihak Pandawa waspada kana eta formasi pasukan Bhisma; enggal
> > >marentah nyusun pasukaan nu bakal ngalawan kana susunan pasukan Kurawa.
> > >Nyata Dananjaya jago perang pilih tanding; pasukan Kurawa nu sakitu
> angkerna
> > >teu aya daya ngalawan formasi nu disusun ku Arjuna.
> > >Abimanyu ngamuk ka pasukan musuh; tos sabababaraha pahlawan anu binasa;
> > >salah sahijina Putra Chala; atuh Raja Chala kacida amarahna terus maju
> bade
> > >belapati; dibantuan ku Salya Aswatama jeung Raja Rudra; Abimanyu
> dikepung;
> > >Arjuna enggal miwarang MahaSenapati Draiaastadjumna nulungan Abimanyu;
> > >Srikandhi, Drestadjumna maju megatan nu ngarepung; ayeuana mah tibalik
> Salya
> > >nu dikepung ku Dristadjumna sareng Abimanyu. Chaala binasa ku panah
> Arjuna.
> > >
> > >Bhiama nyandak GADA nu ageung pisan ( rujak Polo ); mani ngahiung
> diputer
> > >puterkeun;
> > >Putra Dristarata maririrs ningal ketak Bhima kitu; Suyudhana marentah ka
> > >Durganda Durgandi sareng 6 raina nu sanes kango ngepung Bhima.
> > >
> > >"Lakadalah, anak2 Dristharastra maraneh bakal jadi korban Gada Kula si
> Rujak
> > >POLO!
> > >Bhima lungsur tina karetana muru ka dalapan para saderek Duryodhana,
> teras
> > >perang. Tapi teu lami kadalapan sadereek Suyudhana kalebet Durganda
> Durganti
> > >maloncrot polona digebug ngan sakilat sakilat ku gada Bhima.
> > >
> > >Suyudhana enggal marentah ratusan gajah ngepung Bhima; tapi Bhima
> neraskeun
> > >pangamukna; dugi ka Gajah2 bubar katawuran. Amaarah sang Duryodhana
> teras
> > >mentangkeun gondewana ka Bhiama. Bhima enggal luncat deui ka na karetana
> > >teras males ka Suyudhana ku panah deui; rame dua pahlawan silih panah.
> Tapi
> > >Bhima kapanh ku SDuyudhona dugi ngagumbrag niban lemah, rada
> katuralengan.
> > >Kaleresan ingkang Putra gatotkacha sareng pasukanana ngaliwat ka eta
> tempat;
> > >atuh der maraju nulungan Bhima. Pasukan Astina ngalacir sieun pangamuk
> > >Gatortkacha saparakancana ti Pringgandhani. Ieu pasukan pringgandhani
> teh
> > >kacida dipikasieunna, lantaran nepi ka ayeuna can aya hiji ge nu tiwas;
> aya
> > >nu tatu sukuna lain lantaran perang, tapi rasa mokaha nalipak seuseukeut
> > >tumbah nu nancep na taneuh, maksudna rek diasingkirkeun; tapi malah
> nancep
> > >terus ka na bumi ari suku nu nalipak nepi ka bor2an getih.
> > >
> > >Tah ku datangna Gatotkacha sareng Pasukan PGTna Suyudhana sareng
> Pahlawan2
> > >Kurawa pada mundur. Bhisma kaget pisan enggal marentah pasukanana maju
> > >katempat eta, tapi dipegat ku Arjuna; der deui silih panah kawas kamari.
> > >Resi Drona nyoba2 mawa pasukanana ngahalang majuna Gatotkaacha nu bade
> > >nangkep Suyudhana; tapi pasukan Drona paburantak; Drona enggal
> ngalepaskeun
> > >ratusan jamparing ngahalang majuna Gatotkacha sareng pasukan
> > >pringgandhanina. Gatotkacha rada mandeg oge. Drona boga kasempetan
> nyusun
> > >pasukan deui terus mundur lalaunan, lantaran moal tiasa ngalawan Pasukan
> > >pringgandhani nu sakitu rokahana.
> > >
> > >Poe tos bade reup2an; enggal Bhisma marentah niup tarompet ngeureunan
> > >peperangan; mun diteruskeun tea mah; matak suksak sabab beuki poek,
> beuki
> > >hebat kakuatan Gatotkacha jeung pasukanana.
> > >
> > >Poe eta Perang lekasan; pihak Pandawa unggul.
> > >
> > >Teraskeuneun
> > >
> > >
>

Kirim email ke