Aksara ngantet EU lamun ku urang diperhatikeun, nyata euweuh pisan basa nu handap asor; lolobana Basa Sunda nu loma/biasa atawa kasar.
Contona ieu tah : heureuy ; beuneur; heureuy; reuneuh; heueuh; euweuh; ceuceub; leuleus; keureut; jeujeut; peueut; meureut; peuret; peureup; peureum; geuleuh; geugeut; keuheul; seueul; meureun nu rada beda teh nyeuseul Sok da asa euweuh deui tah nu rada handap asor ; lolobana mah basa sunda loma, atawa kasar garihal. Sedengkeun EU teh CIRI Sunda; da nu sejen mah tara make, iwal Acwh meureun. Naon eta hartina ? Anggap we kecap nu EU EU an teh nya ngan Basa Sunda; Basa nunjukkeun bangsa. Tah ku sabab EU hartina loba Basa Sunda kasar/loma; atawa ampir euweuh basa sunda "lemes"; eta hartina MEUREUN kitu oge; aslina mah basa Sunda teh nya Basa loma; we jeung kasar meureun. Tah mun direka reka supaya LOBA kecap keur perbendaharaan; pastina ge nyokot ti batur. Samodel tuang; kulem; ebog; abdas jsjbte. Malah kolot baheula nu di Priangan mah jaman "priyayi" baheula; kapan ari nyarios teh tara tog mol; tapi ku basa kirata. Samodel eta jelema teh teu beunang ditiwu leuweung. Hartina teu beunang dipikasono. Jadi Basa Sunda teh diraut dilemesan. Zaman harita ! Ari ayeuna kumaha ? Nya sanggeus loba campur gaul jeung asimilasi mah, utamana jeung urang Batak; balik deui tah. Tapia eta ge biasa we pangaruh jeung kapangaruhan. Matak ateu aneh anak ngomong ka indung bapa teugeug jeung togmol pisan ge. DUKA TEH TEUING.
