Istilah teh upami teu lepat; Loma; Kasar sareng handap asor(lemes) teu aya nu sanesna deui. Bade ditambihan ku NETRAL ? Nya atauh netral teh etakeneh2X. Masing disebat SUPER NETRAL; nya eta keneh KH barangna mah.
--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > Cing urang toong. Jigana Bah AA rusuh teuing nyimpulkeunana nya. Sabenerna > dina berendelan kecap nu diburulukeun ku Bah AA, loba kecap nu teu aya > pakaitna jeung tingkatan basa (handap asor, loma, atawa kasar). Sbab loba > kecap nu sifatna netral, taya beda dina migunakeunana boh make basa lemes, > loma, atawa kasar. > > Kecap-kecap ieu netral: heureuy, beuneur, ceuceub, leuleus, keureut, > jeujeut, peueut, meureut, peuret, peureup, peureum, geuleuh, geugeut, > keuheul, seueul. > > Kecap-kecap ieu basa loma: reuneuh, heueuh, euweuh. > > Kecap-kecap ieu basa lemes: seuseul, nyeuseul, peuseul, meuseul, deudeul, > > Jadi kasimpulan yeh kecap ngantet sora 'eu' basa kasar, kapaksa batal nya. > > Kitu deui yen basa Sunda asli teh basa loma atawa basa kasar, kurang tepat > oge. Sabab ari kasar lemes mah relatif, gumantung timana urang noongna. > > Nu mindeng kabaca pamanggih para ahli basa mah, cenah basa Sunda nu asli > mah, teu migunakeun tingkatan-tingkatan basa, atawa nu sok disarebut > undak-usuk basa tea. > > 2011/4/10 Abbas Amin <abas_amin08@...> > > > > > > > Aksara ngantet EU lamun ku urang diperhatikeun, nyata euweuh pisan basa nu > > handap asor; lolobana Basa Sunda nu loma/biasa atawa kasar. > > > > Contona ieu tah : > > > > heureuy ; beuneur; heureuy; reuneuh; heueuh; euweuh; ceuceub; leuleus; > > keureut; jeujeut; peueut; meureut; peuret; peureup; peureum; geuleuh; > > geugeut; keuheul; seueul; > > meureun nu rada beda teh nyeuseul > > Sok da asa euweuh deui tah nu rada handap asor ; lolobana mah basa sunda > > loma, > > atawa kasar garihal. > > > > Sedengkeun EU teh CIRI Sunda; da nu sejen mah tara make, iwal Acwh meureun. > > > > Naon eta hartina ? Anggap we kecap nu EU EU an teh nya ngan Basa > > Sunda; > > Basa nunjukkeun bangsa. > > > > Tah ku sabab EU hartina loba Basa Sunda kasar/loma; atawa ampir euweuh basa > > sunda "lemes"; eta hartina MEUREUN kitu oge; aslina mah basa Sunda teh nya > > Basa loma; we jeung kasar meureun. > > > > Tah mun direka reka supaya LOBA kecap keur perbendaharaan; pastina ge > > nyokot ti batur. Samodel tuang; kulem; ebog; abdas jsjbte. > > > > Malah kolot baheula nu di Priangan mah jaman "priyayi" baheula; kapan ari > > nyarios teh tara tog mol; tapi ku basa kirata. > > > > Samodel eta jelema teh teu beunang ditiwu leuweung. Hartina teu beunang > > dipikasono. > > Jadi Basa Sunda teh diraut dilemesan. Zaman harita ! > > > > Ari ayeuna kumaha ? > > Nya sanggeus loba campur gaul jeung asimilasi mah, utamana jeung urang > > Batak; balik deui tah. Tapia eta ge biasa we pangaruh jeung kapangaruhan. > > > > Matak ateu aneh anak ngomong ka indung bapa teugeug jeung togmol pisan ge. > > > > > > DUKA TEH TEUING. > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
