Hehehe, nu dimaksud ku uing NETRAL teh, pikeun kecap-kecap nu taya
panta-pantana, alias sarua dina kaayaan kumaha wae.

Mun dititenan kecap-kecap nu aya panta-pantana, biasana pakait jeung KECAP
GANTI sarta KECAP GAWE.

Conto KECAP GANTI: aing, kuring, dewek, jsb.

Conto KECAP GAWE: dahar, tuang, neda, ngalebok, jsb.

Rupa kecap sejen, mun make peso bule aya 8 rupa (the verb, the noun, the
pronoun, the adjective, the adverb, the preposition, the conjunction, and
the interjection).

KECAP SIFAT mah taya panta-pantana, sarua keur kaayaan kumaha wae.


2011/4/11 Abbas <[email protected]>

>
>
> Istilah teh upami teu lepat; Loma; Kasar sareng handap asor(lemes)
> teu aya nu sanesna deui. Bade ditambihan ku NETRAL ? Nya atauh netral teh
> etakeneh2X. Masing disebat SUPER NETRAL; nya eta keneh KH barangna mah.
>
>
> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> > Cing urang toong. Jigana Bah AA rusuh teuing nyimpulkeunana nya.
> Sabenerna
> > dina berendelan kecap nu diburulukeun ku Bah AA, loba kecap nu teu aya
> > pakaitna jeung tingkatan basa (handap asor, loma, atawa kasar). Sbab loba
> > kecap nu sifatna netral, taya beda dina migunakeunana boh make basa
> lemes,
> > loma, atawa kasar.
> >
> > Kecap-kecap ieu netral: heureuy, beuneur, ceuceub, leuleus, keureut,
> > jeujeut, peueut, meureut, peuret, peureup, peureum, geuleuh, geugeut,
> > keuheul, seueul.
> >
> > Kecap-kecap ieu basa loma: reuneuh, heueuh, euweuh.
> >
> > Kecap-kecap ieu basa lemes: seuseul, nyeuseul, peuseul, meuseul, deudeul,
> >
> > Jadi kasimpulan yeh kecap ngantet sora 'eu' basa kasar, kapaksa batal
> nya.
> >
> > Kitu deui yen basa Sunda asli teh basa loma atawa basa kasar, kurang
> tepat
> > oge. Sabab ari kasar lemes mah relatif, gumantung timana urang noongna.
> >
> > Nu mindeng kabaca pamanggih para ahli basa mah, cenah basa Sunda nu asli
> > mah, teu migunakeun tingkatan-tingkatan basa, atawa nu sok disarebut
> > undak-usuk basa tea.
> >
> > 2011/4/10 Abbas Amin <abas_amin08@...>
>
> >
> > >
> > >
> > > Aksara ngantet EU lamun ku urang diperhatikeun, nyata euweuh pisan basa
> nu
> > > handap asor; lolobana Basa Sunda nu loma/biasa atawa kasar.
> > >
> > > Contona ieu tah :
> > >
> > > heureuy ; beuneur; heureuy; reuneuh; heueuh; euweuh; ceuceub; leuleus;
> > > keureut; jeujeut; peueut; meureut; peuret; peureup; peureum; geuleuh;
> > > geugeut; keuheul; seueul;
> > > meureun nu rada beda teh nyeuseul
> > > Sok da asa euweuh deui tah nu rada handap asor ; lolobana mah basa
> sunda
> > > loma,
> > > atawa kasar garihal.
> > >
> > > Sedengkeun EU teh CIRI Sunda; da nu sejen mah tara make, iwal Acwh
> meureun.
> > >
> > > Naon eta hartina ? Anggap we kecap nu EU EU an teh nya ngan Basa
> > > Sunda;
> > > Basa nunjukkeun bangsa.
> > >
> > > Tah ku sabab EU hartina loba Basa Sunda kasar/loma; atawa ampir euweuh
> basa
> > > sunda "lemes"; eta hartina MEUREUN kitu oge; aslina mah basa Sunda teh
> nya
> > > Basa loma; we jeung kasar meureun.
> > >
> > > Tah mun direka reka supaya LOBA kecap keur perbendaharaan; pastina ge
> > > nyokot ti batur. Samodel tuang; kulem; ebog; abdas jsjbte.
> > >
> > > Malah kolot baheula nu di Priangan mah jaman "priyayi" baheula; kapan
> ari
> > > nyarios teh tara tog mol; tapi ku basa kirata.
> > >
> > > Samodel eta jelema teh teu beunang ditiwu leuweung. Hartina teu beunang
> > > dipikasono.
> > > Jadi Basa Sunda teh diraut dilemesan. Zaman harita !
> > >
> > > Ari ayeuna kumaha ?
> > > Nya sanggeus loba campur gaul jeung asimilasi mah, utamana jeung urang
> > > Batak; balik deui tah. Tapia eta ge biasa we pangaruh jeung
> kapangaruhan.
> > >
> > > Matak ateu aneh anak ngomong ka indung bapa teugeug jeung togmol pisan
> ge.
> > >
> > >
> > > DUKA TEH TEUING.
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke