--- On Tue, 7/6/11, Abbas Amin <[email protected]> wrote:

From: Abbas Amin <[email protected]>
Subject: Bharata Yudha 51
To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" 
<[email protected]>
Cc: "Nurkadi" <[email protected]>, "Ii Sumirat" 
<[email protected]>, "Sam Soemadipradja" 
<[email protected]>, "Aldo Desatura ™" <[email protected]>
Received: Tuesday, 7 June, 2011, 4:44 AM

Gatotkacha :" Enya bener sakti Karna teh; cik yeuh tampanan deui." Teras 
Gatotkacha niup....... enggal kalur seuneu muntab2 nu nyerang ka Karn; Karna 
tngginas teras ngalepaskeun jamparing; ti na eta jampring kaluar cai nu 
ngabanjur seuneu ti Gatotkacha.

Gatotkacha tambih ngajenan ka Karna, lantaran kabuktian memang Karna "SAKTI" ; 
enyaan Karna jagona teh , lain cek beja , jagona teh. Enyaan Karna pilih 
tanding.

Gatotkacha ayeuna mah nampankeun dampalna, kaluar gada, Saterasna eta gda 
dibaledogkeun ka Karna; Karna rikat manah eta gada; eta gada ancur ditengah 
jaln kapanah ku jamparing Karna.

Gatotkacha ngagakgak, ningal kasktian Karn kitu, teras nyorowok deui : " Ha ha 
ha ! Karna, nyata sampeyan pilih tanding ! Tapi sampeyan moal kuat ngalawan 
Kaula mah ! Ku sabab sampeyan geus nembongkeun kabisa sampeyan, enyaan sampeyan 
JAGO, lain ngan
 ukur dongeng, tah ku Kaula ayeuna sampeyan dileupaskeun, Jung wae sampeyan 
balik, Karna ! Kula moal ngahalangan, Jeung Kula moal ngabinasa sampeyan,  keun 
sina Drona atawa Duryodhana nu ngalawan Kaula ! "

Jaya bang winga winga .............................Amarahna Karna tos teu 
kaampeuh deui, lajeng sumbar2 kamanigan :" Gatotkacha ank Butha ! Tetela 
sampeyan teh teu ngahargaan pisan ka Kaula ! Yeuh urang ayeuna P_ERANG can 
puguh monyet hideungna !  Sampeyan geus nangtukeun yen bakal meunang ! Kacida 
nghinana sampeyan ka diri Kaula !  Karna kajeun ancur tutumpuran ti batan kudu 
undur jurit !  Komo ayeuna nu nitah mundur sampeyan pisan ! Can aya musuh nu 
wani2 nitah mundur ka Kaula ! Ayeuna sampeyan geus wawanian ! Eh Gatotkacha ! 
Sampeyan bakal dikirim ka nirwana ku Kaula !"

CAG TUNDA HEULA !

LOBA DALANG, ATAWA TUKNG ANGGIT CARITA NYEBUTKEUN YEN PERANGNA GATOTKACHA JEUNG 
KARNA TEH, LANTARAN DIPIWARANG KU
 KRESNA !
CARITA KIEU TANGTU WE TEU ASUP AKAL ! nGARANNA OGE PERANG; TEU KUDU PALAH PILIH 
LAWAN. JEUNGNA DEUI CARIT KITU NGARENDHKEUN PISAN ARJUNA ! PADAHAL TEU PISAN2 
RJUNA HAYANG DIAGANTIAN KU GATOTKCHA. PERANG GTOTKACHA LAWAN KARNA ESTU NATURAL 
PISAN ! TEU DIPANGARUHAN KU SI ITU SI IEU.

Urang teraskeun deui :

Gatotkacha nyorowok deui :" Ha ha ha ! enyaan bener2 sampeyan wani nya !? Jadi 
tong nyalahkeun Kaula mun sampeyan puput umur di dieu ku diri Kula !"

Gatotkacha ngarabut tngkal ki nu geung pisan, 3X ukuran badan Karna ! teras eta 
tangkl teh ditinggangkeun ka Karna . Ku margi ki beurat pisan, sareng tanaga 
Gatotkach memang rosa,  panah Karna teu tiasa nhan eta laju ki ! atuh gejret 
wae eta ki nuju ka palebah Karna ! Untung Karna kesit luncat; tuh kreta sareng 
kudana mh pejet pisan.

Karn mani tigugulitik; masing salamet tapi tartu. Enggalna Karna mentangkeun 
gondewana bari ngajampe; ieu panah tos diparancahan, jdi
 sakti.

Memang nancep pisan ka na mamras Gatotkacha ; tapi barang nancep barang 
digibegkeun ku Gatotkacha ; parotong eta panah Karna teh.

Gatotkacha nyorowok tarik pisan :" Ho ho ho ! Tong kaget Karna ! Kaula lamun 
peuting, ditangtayungan ku paman2 Kaula ! Brajamusti ! Brajawikalpa !  
Brajalamatan ! Brajadenta ! brajawusesa !  Jadi moal aya senjata nu bisa ka 
Kaula ! Ayeuna Kaula ttep mere kasempetan ka Sampeyan ! Lebar ku gagahna ! Jung 
wae balik Karna ! ulah ngalawan Kaula ! Komo ka Paman Arjuna mah ! Mundur 
sampeyan !"

Karn ngaraos asa teras2an dihina ku Gatotkcha, pdahal Gatotkacha mh enya
an ngahargaanana ka Karna teh; tapi memang  di na hal ieu Karna sifat satriyana 
nu muncul; sareng memang Karna tara mundur upami teu acan asor.Jadi memang 
maksd Gtotkach nu sae teh mubah ka Karna mah. Saumur dumelah kakara ayeuna 
Karna dipikarunya ku musuh !

Di na wktos kitu Karna teu seueur deui ngamanah, lajeng wae
 Karna nadahkeun pananganana, teras ngarapal aji nu dipasihkeun ku Bhatara 
Indra ! Enggalna wae senjata TUMBAK nu pondok tos aya di na dampalna; sinarna 
gumebyar, tanda senjata lineuwih ti Para Dewa.

Roh Brajawisesa ngalahir lalaunan ka Gatotkacha ........................ aduh 
tiwas Gatot, Kaula ngarasa panas ; paman kapaksa kaluar ti guha garba sampeyan. 
Tos kitu aya harewos deui, ayeuna mh ti Brajawiklpa ................. duh 
Gatot................. hampura paman, ngan nepi ka dieu Paman marengan 
sampeyan. Kitu deui Brajadenta, ln Brajalamatan tos kalaluar ti guha garba 
Gatotkcha; akhirna Brajamusti oge kaluar.

Gatotkacha ngaraos kaget, barang nuju hulang huleng kitu, Karna tos 
ngalempagkeun tumbakna nu ngaranna KONTA WIJAYA DANUR ! Sanes nancep tapi 
barang dugi ka Gatotkacha eta senjata teh bitu mani handaruan soarana; lir BOM 
! di na jaman KIWARI.
Atuh harita keneh jasad Gatotkacha pasiksak, teu aya urut2na acan
 !


HANCA

Kirim email ke