Kala Bendana Paman Gatotkacha. Tapi eta mah karangan Urang Jawa; da ari versi aslina mah mo aya manusa nu bisa ngapung !
--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumirat@...> wrote: > > Bah tinu persi nu sikuring pernah nguping, barang karna ngabelesurkeun tombak > Konta gatot kaca ngapung ka awang awang paudag udag jeung konta, cenah gatot > kaca ngapungna dugi ka langit nu pangluhurna (lapis ka tujuh meureun). > Senjata Konta geus teu bisa ngahontal, ngan aya dewa (duka hilap ngarana) nu > boga janji (supata kitu) ka gatot kaca, ieu konta ahirna diteruskeun ka Gatot > Gaca nepi ka Gugurna. > > Carita versi ieu memang aya bah AA ? kumaha tah bah versi salengkepna anu > ieu, galurna kumaha. Lamun leres aya versi ieu jadi Karna terbebas tinu > pasal membunuh langsung Gatot Kaca tapi aya pihak lain nya eta si dewa tadi > ⦠> > Kumaha tah bah AA⦠> > > > Nuhun > > Ii Sumirat > > > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of > Abbas Amin > Sent: Tuesday, June 07, 2011 11:53 AM > To: kisunda; urangsunda > Subject: [kisunda] Fw: Bharata Yudha 51 > > > > > > > > > --- On Tue, 7/6/11, Abbas Amin <abas_amin08@...> wrote: > > > From: Abbas Amin <abas_amin08@...> > Subject: Bharata Yudha 51 > To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" > <[email protected]> > Cc: "Nurkadi" <Nurkadi@...>, "Ii Sumirat" <sumirat@...>, "Sam Soemadipradja" > <sam_soemadipradja@...>, "Aldo Desatura â¢" <hanjakal@...> > Received: Tuesday, 7 June, 2011, 4:44 AM > > > Gatotkacha :" Enya bener sakti Karna teh; cik yeuh tampanan deui." Teras > Gatotkacha niup....... enggal kalur seuneu muntab2 nu nyerang ka Karn; Karna > tngginas teras ngalepaskeun jamparing; ti na eta jampring kaluar cai nu > ngabanjur seuneu ti Gatotkacha. > > Gatotkacha tambih ngajenan ka Karna, lantaran kabuktian memang Karna "SAKTI" > ; enyaan Karna jagona teh , lain cek beja , jagona teh. Enyaan Karna pilih > tanding. > > Gatotkacha ayeuna mah nampankeun dampalna, kaluar gada, Saterasna eta gda > dibaledogkeun ka Karna; Karna rikat manah eta gada; eta gada ancur ditengah > jaln kapanah ku jamparing Karna. > > Gatotkacha ngagakgak, ningal kasktian Karn kitu, teras nyorowok deui : " Ha > ha ha ! Karna, nyata sampeyan pilih tanding ! Tapi sampeyan moal kuat > ngalawan Kaula mah ! Ku sabab sampeyan geus nembongkeun kabisa sampeyan, > enyaan sampeyan JAGO, lain ngan ukur dongeng, tah ku Kaula ayeuna sampeyan > dileupaskeun, Jung wae sampeyan > balik, Karna ! Kula moal ngahalangan, Jeung Kula moal ngabinasa sampeyan, > keun sina Drona atawa Duryodhana nu ngalawan Kaula ! " > > Jaya bang winga winga .............................Amarahna Karna tos teu > kaampeuh deui, lajeng sumbar2 kamanigan :" Gatotkacha ank Butha ! Tetela > sampeyan teh teu ngahargaan pisan ka Kaula ! Yeuh urang ayeuna P_ERANG can > puguh monyet hideungna ! Sampeyan geus nangtukeun yen bakal meunang ! Kacida > nghinana sampeyan ka diri Kaula ! Karna kajeun ancur tutumpuran ti batan > kudu undur jurit ! Komo ayeuna nu nitah mundur sampeyan pisan ! Can aya > musuh nu wani2 nitah mundur ka Kaula ! Ayeuna sampeyan geus wawanian ! Eh > Gatotkacha ! Sampeyan bakal dikirim ka nirwana ku Kaula !" > > CAG TUNDA HEULA ! > > LOBA DALANG, ATAWA TUKNG ANGGIT CARITA NYEBUTKEUN YEN PERANGNA GATOTKACHA > JEUNG KARNA TEH, LANTARAN DIPIWARANG KU KRESNA ! > CARITA KIEU TANGTU WE TEU ASUP AKAL ! nGARANNA OGE PERANG; TEU KUDU PALAH > PILIH LAWAN. JEUNGNA DEUI CARIT KITU NGARENDHKEUN PISAN ARJUNA ! PADAHAL TEU > PISAN2 RJUNA HAYANG DIAGANTIAN KU GATOTKCHA. PERANG GTOTKACHA LAWAN KARNA > ESTU NATURAL PISAN ! TEU DIPANGARUHAN KU SI ITU SI IEU. > > Urang teraskeun deui : > > Gatotkacha nyorowok deui :" Ha ha ha ! enyaan bener2 sampeyan wani nya !? > Jadi tong nyalahkeun Kaula mun sampeyan puput umur di dieu ku diri Kula !" > > Gatotkacha ngarabut tngkal ki nu geung pisan, 3X ukuran badan Karna ! teras > eta tangkl teh ditinggangkeun ka Karna . Ku margi ki beurat pisan, sareng > tanaga Gatotkach memang rosa, panah Karna teu tiasa nhan eta laju ki ! atuh > gejret wae eta ki nuju ka palebah Karna ! Untung Karna kesit luncat; tuh > kreta sareng kudana mh pejet pisan. > > Karn mani tigugulitik; masing salamet tapi tartu. Enggalna Karna mentangkeun > gondewana bari ngajampe; ieu panah tos diparancahan, jdi sakti. > > Memang nancep pisan ka na mamras Gatotkacha ; tapi barang nancep barang > digibegkeun ku Gatotkacha ; parotong eta panah Karna teh. > > Gatotkacha nyorowok tarik pisan :" Ho ho ho ! Tong kaget Karna ! Kaula lamun > peuting, ditangtayungan ku paman2 Kaula ! Brajamusti ! Brajawikalpa ! > Brajalamatan ! Brajadenta ! brajawusesa ! Jadi moal aya senjata nu bisa ka > Kaula ! Ayeuna Kaula ttep mere kasempetan ka Sampeyan ! Lebar ku gagahna ! > Jung wae balik Karna ! ulah ngalawan Kaula ! Komo ka Paman Arjuna mah ! > Mundur sampeyan !" > > Karn ngaraos asa teras2an dihina ku Gatotkcha, pdahal Gatotkacha mh enya > an ngahargaanana ka Karna teh; tapi memang di na hal ieu Karna sifat > satriyana nu muncul; sareng memang Karna tara mundur upami teu acan asor.Jadi > memang maksd Gtotkach nu sae teh mubah ka Karna mah. Saumur dumelah kakara > ayeuna Karna dipikarunya ku musuh ! > > Di na wktos kitu Karna teu seueur deui ngamanah, lajeng wae Karna nadahkeun > pananganana, teras ngarapal aji nu dipasihkeun ku Bhatara Indra ! Enggalna > wae senjata TUMBAK nu pondok tos aya di na dampalna; sinarna gumebyar, tanda > senjata lineuwih ti Para Dewa. > > Roh Brajawisesa ngalahir lalaunan ka Gatotkacha ........................ aduh > tiwas Gatot, Kaula ngarasa panas ; paman kapaksa kaluar ti guha garba > sampeyan. Tos kitu aya harewos deui, ayeuna mh ti Brajawiklpa > ................. duh Gatot................. hampura paman, ngan nepi ka dieu > Paman marengan sampeyan. Kitu deui Brajadenta, ln Brajalamatan tos kalaluar > ti guha garba Gatotkcha; akhirna Brajamusti oge kaluar. > > Gatotkacha ngaraos kaget, barang nuju hulang huleng kitu, Karna tos > ngalempagkeun tumbakna nu ngaranna KONTA WIJAYA DANUR ! Sanes nancep tapi > barang dugi ka Gatotkacha eta senjata teh bitu mani handaruan soarana; lir > BOM ! di na jaman KIWARI. > Atuh harita keneh jasad Gatotkacha pasiksak, teu aya urut2na acan ! > > > HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
