Naha aya abah aya aa? Abah aa...rieut ah heheheheh
Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!

-----Original Message-----
From: "Ii Sumirat" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 8 Jun 2011 13:20:25 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: RE: [kisunda] Re: Fw: Bharata Yudha 51

Nuhun bah AA 

 

Ii Sumirat

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Abbas
Sent: Wednesday, June 08, 2011 12:38 PM
To: [email protected]
Subject: [kisunda] Re: Fw: Bharata Yudha 51

 

  

Kala Bendana Paman Gatotkacha. Tapi eta mah karangan Urang Jawa; da ari versi 
aslina mah mo aya manusa nu bisa ngapung !

--- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> , "Ii 
Sumirat" <sumirat@...> wrote:
>
> Bah tinu persi nu sikuring pernah nguping, barang karna ngabelesurkeun tombak 
> Konta gatot kaca ngapung ka awang awang paudag udag jeung konta, cenah gatot 
> kaca ngapungna dugi ka langit nu pangluhurna (lapis ka tujuh meureun). 
> Senjata Konta geus teu bisa ngahontal, ngan aya dewa (duka hilap ngarana) nu 
> boga janji (supata kitu) ka gatot kaca, ieu konta ahirna diteruskeun ka Gatot 
> Gaca nepi ka Gugurna.
> 
> Carita versi ieu memang aya bah AA ? kumaha tah bah versi salengkepna anu 
> ieu, galurna kumaha. Lamun leres aya versi ieu jadi Karna terbebas tinu pasal 
> membunuh langsung Gatot Kaca tapi aya pihak lain nya eta si dewa tadi … 
> 
> Kumaha tah bah AA…
> 
> 
> 
> Nuhun 
> 
> Ii Sumirat
> 
> 
> 
> From: [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>  
> [mailto:[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> ] On 
> Behalf Of Abbas Amin
> Sent: Tuesday, June 07, 2011 11:53 AM
> To: kisunda; urangsunda
> Subject: [kisunda] Fw: Bharata Yudha 51
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> --- On Tue, 7/6/11, Abbas Amin <abas_amin08@...> wrote:
> 
> 
> From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Subject: Bharata Yudha 51
> To: "kisunda" <[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> >, 
> "urangsunda" <[email protected] 
> <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> >
> Cc: "Nurkadi" <Nurkadi@...>, "Ii Sumirat" <sumirat@...>, "Sam Soemadipradja" 
> <sam_soemadipradja@...>, "Aldo Desatura â„¢" <hanjakal@...>
> Received: Tuesday, 7 June, 2011, 4:44 AM
> 
> 
> Gatotkacha :" Enya bener sakti Karna teh; cik yeuh tampanan deui." Teras 
> Gatotkacha niup....... enggal kalur seuneu muntab2 nu nyerang ka Karn; Karna 
> tngginas teras ngalepaskeun jamparing; ti na eta jampring kaluar cai nu 
> ngabanjur seuneu ti Gatotkacha.
> 
> Gatotkacha tambih ngajenan ka Karna, lantaran kabuktian memang Karna "SAKTI" 
> ; enyaan Karna jagona teh , lain cek beja , jagona teh. Enyaan Karna pilih 
> tanding.
> 
> Gatotkacha ayeuna mah nampankeun dampalna, kaluar gada, Saterasna eta gda 
> dibaledogkeun ka Karna; Karna rikat manah eta gada; eta gada ancur ditengah 
> jaln kapanah ku jamparing Karna.
> 
> Gatotkacha ngagakgak, ningal kasktian Karn kitu, teras nyorowok deui : " Ha 
> ha ha ! Karna, nyata sampeyan pilih tanding ! Tapi sampeyan moal kuat 
> ngalawan Kaula mah ! Ku sabab sampeyan geus nembongkeun kabisa sampeyan, 
> enyaan sampeyan JAGO, lain ngan ukur dongeng, tah ku Kaula ayeuna sampeyan 
> dileupaskeun, Jung wae sampeyan 
> balik, Karna ! Kula moal ngahalangan, Jeung Kula moal ngabinasa sampeyan, 
> keun sina Drona atawa Duryodhana nu ngalawan Kaula ! "
> 
> Jaya bang winga winga .............................Amarahna Karna tos teu 
> kaampeuh deui, lajeng sumbar2 kamanigan :" Gatotkacha ank Butha ! Tetela 
> sampeyan teh teu ngahargaan pisan ka Kaula ! Yeuh urang ayeuna P_ERANG can 
> puguh monyet hideungna ! Sampeyan geus nangtukeun yen bakal meunang ! Kacida 
> nghinana sampeyan ka diri Kaula ! Karna kajeun ancur tutumpuran ti batan kudu 
> undur jurit ! Komo ayeuna nu nitah mundur sampeyan pisan ! Can aya musuh nu 
> wani2 nitah mundur ka Kaula ! Ayeuna sampeyan geus wawanian ! Eh Gatotkacha ! 
> Sampeyan bakal dikirim ka nirwana ku Kaula !"
> 
> CAG TUNDA HEULA !
> 
> LOBA DALANG, ATAWA TUKNG ANGGIT CARITA NYEBUTKEUN YEN PERANGNA GATOTKACHA 
> JEUNG KARNA TEH, LANTARAN DIPIWARANG KU KRESNA !
> CARITA KIEU TANGTU WE TEU ASUP AKAL ! nGARANNA OGE PERANG; TEU KUDU PALAH 
> PILIH LAWAN. JEUNGNA DEUI CARIT KITU NGARENDHKEUN PISAN ARJUNA ! PADAHAL TEU 
> PISAN2 RJUNA HAYANG DIAGANTIAN KU GATOTKCHA. PERANG GTOTKACHA LAWAN KARNA 
> ESTU NATURAL PISAN ! TEU DIPANGARUHAN KU SI ITU SI IEU.
> 
> Urang teraskeun deui :
> 
> Gatotkacha nyorowok deui :" Ha ha ha ! enyaan bener2 sampeyan wani nya !? 
> Jadi tong nyalahkeun Kaula mun sampeyan puput umur di dieu ku diri Kula !"
> 
> Gatotkacha ngarabut tngkal ki nu geung pisan, 3X ukuran badan Karna ! teras 
> eta tangkl teh ditinggangkeun ka Karna . Ku margi ki beurat pisan, sareng 
> tanaga Gatotkach memang rosa, panah Karna teu tiasa nhan eta laju ki ! atuh 
> gejret wae eta ki nuju ka palebah Karna ! Untung Karna kesit luncat; tuh 
> kreta sareng kudana mh pejet pisan.
> 
> Karn mani tigugulitik; masing salamet tapi tartu. Enggalna Karna mentangkeun 
> gondewana bari ngajampe; ieu panah tos diparancahan, jdi sakti.
> 
> Memang nancep pisan ka na mamras Gatotkacha ; tapi barang nancep barang 
> digibegkeun ku Gatotkacha ; parotong eta panah Karna teh.
> 
> Gatotkacha nyorowok tarik pisan :" Ho ho ho ! Tong kaget Karna ! Kaula lamun 
> peuting, ditangtayungan ku paman2 Kaula ! Brajamusti ! Brajawikalpa ! 
> Brajalamatan ! Brajadenta ! brajawusesa ! Jadi moal aya senjata nu bisa ka 
> Kaula ! Ayeuna Kaula ttep mere kasempetan ka Sampeyan ! Lebar ku gagahna ! 
> Jung wae balik Karna ! ulah ngalawan Kaula ! Komo ka Paman Arjuna mah ! 
> Mundur sampeyan !"
> 
> Karn ngaraos asa teras2an dihina ku Gatotkcha, pdahal Gatotkacha mh enya
> an ngahargaanana ka Karna teh; tapi memang di na hal ieu Karna sifat 
> satriyana nu muncul; sareng memang Karna tara mundur upami teu acan asor.Jadi 
> memang maksd Gtotkach nu sae teh mubah ka Karna mah. Saumur dumelah kakara 
> ayeuna Karna dipikarunya ku musuh !
> 
> Di na wktos kitu Karna teu seueur deui ngamanah, lajeng wae Karna nadahkeun 
> pananganana, teras ngarapal aji nu dipasihkeun ku Bhatara Indra ! Enggalna 
> wae senjata TUMBAK nu pondok tos aya di na dampalna; sinarna gumebyar, tanda 
> senjata lineuwih ti Para Dewa.
> 
> Roh Brajawisesa ngalahir lalaunan ka Gatotkacha ........................ aduh 
> tiwas Gatot, Kaula ngarasa panas ; paman kapaksa kaluar ti guha garba 
> sampeyan. Tos kitu aya harewos deui, ayeuna mh ti Brajawiklpa 
> ................. duh Gatot................. hampura paman, ngan nepi ka dieu 
> Paman marengan sampeyan. Kitu deui Brajadenta, ln Brajalamatan tos kalaluar 
> ti guha garba Gatotkcha; akhirna Brajamusti oge kaluar.
> 
> Gatotkacha ngaraos kaget, barang nuju hulang huleng kitu, Karna tos 
> ngalempagkeun tumbakna nu ngaranna KONTA WIJAYA DANUR ! Sanes nancep tapi 
> barang dugi ka Gatotkacha eta senjata teh bitu mani handaruan soarana; lir 
> BOM ! di na jaman KIWARI.
> Atuh harita keneh jasad Gatotkacha pasiksak, teu aya urut2na acan !
> 
> 
> HANCA
>




Kirim email ke