sUMUHUN pamhinten ; da ti saprak perang Bharata Yudha dugi ka akirna teu kapake tah ! Hahahahaha !
--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumirat@...> wrote: > > Eta senjata nu bahaya Bramasytra ibarat bom nuklir kitu bah ? > > > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of > Abbas Amin > Sent: Saturday, June 18, 2011 12:01 PM > To: kisunda; urangsunda > Cc: narayana; Nurkadi; Ii Sumirat > Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka 56 > > > > > > > Arjuna sasauran dui :" ateuna urang nyaho ka na kalemahan Guru; tapi kumaha > carana supaya Guru palay ngeureunan Perang ? Pan bangga tah !?" > > Kresna :"Enya hese alias bangga ! Tapi ku urang kudu dicoba ! Da mun henteu > mah Pandawa tumpes !" > > Arjuna :" Kumaha atuh carana ?" > > Kresna :" Drona teh saenyana ti baheula keneh boga Hiji panyakit nu teu bisa > diubaranana ( JIWA ) nepi ka Drona sering hayang mati ! Tapi aya kabeurat; > nyaeta Putrana Aswatamma ! Mun eta masih aya, Drona satekah polah masih > hayang hirup keneh; tapi mun eta tos teu aya, euweuh kasenangan deui keur > manehna hirup di dunya ! Drona bakal siap paeh !" > > Dananjaya :" Enya ayeuna jadi leuwih jelas, tapi kuma carana supaya > Aswatamma tiwas ? Kapan teu gampang tah ? Kapan Aswatamma ge jago pilih > tanding nu teu bisa dianggap enteng ! Jeungna deui kumaha mun Guru engke > neangan nu nelasan aswatamma ? Saha nu bisa ngalawan ?!" > > Kresna :" Moal. moal nepi ka kitu; Drona bakal mikir asa ka teu teu ari > males pati, lantaran moal ngahirupkeun Aswatamma !" > > Permadi :" Enya oge alus kituna mah , tapi keukeuh kumaha carana nelasan > Aswatamma !? Lain perkara gampang ! Komo bari dijaraga ku Pahlawan sejenna > jeung rebuan prajurit !? Wah hese Kresna hese !" > > Kresna :" Enya Kula ge ngarti ! Tapi keukeuh Aswatamma KUDU dibewarakeun > mati ka Drona !" > > Partha :" Naon !? Kudu diwartakeun tiwas ? Hartina .....!????" > > Kresna :" Enya bobodo we lah Resi Drona teh ! Mun teu kitu ancur urang !" > > Arjuna :" Naon !!!!??? Kudu ngabobodo Guru !? Ke heula Kresna ! Kula pasti > moal satuju, jeung moal dfaek pipilueun ngabobodo GURU ! Ih Baid pisan ! > Kaula kajeun eleh perang ti batan meunang ku ngabobodo mah ! Komo iru mah ka > Guru !" > > Rame pacental cenrtal antara Kresna sareng Arjuna ! Teu pisan nu asor salah > sahiji ! Antukna Kresna enggal mecut kudana ngantunkeun Partha, nu olohok > teu ngarti ka na polahna Kresna . > > Kresna enggal gesat gesut ka tengah medan deui nyampeurkeun Yudhistira; > nyarioskeun bahayana upami Resi Drona ngaluarkeun senjata Bramasytra; dimana > upami kapepet teu yasa ngawonkeun Arjuna senjata eta bakal dipake ! bahayana > teu tiasa dicaritakeun deui ku bahaya2na; teras nerangkeun yen Arjuna teu > kersaeun ngabobodo Resi Drona. > Yudhistira mutuskeun anjeunna nyalira nu bade ngabobodo Drona ! > > CATETAN : SEUEUR PANGARANG DI NA IEU PERANG BINGUNG TEU TERANG ALESANANA > NAHA KRESNA BET JADI AYA DI GIGIREUN YIDHISTIRA ! kAPAN KUSIR ARJUNA !? TAH > DI NA SERATAN MAH ESTU ECES NARATAS SABAB2NA ! > hE HE HE HE ( SANES 33X ) IEU HEBATNA ABBAS AMIEN !!!!! MUJI MANEH ! > > HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
