Kasuhun pisan komentarna kulan.Nuhun sarebu nuhun.
SALAKSA KABINGAHAN. ( HEHEHE, HARITA PANGINTEN uRANG sUNDA TEU ACAN TERANG 
SAJUTA; di dieu elehna budaya sunda ku budaya Inggris teh; kapan Inggris mah 
thakns a million cenah. Hahahaaha ).

--- In [email protected], "H. Abdurrohman M.Sastra" <pscjb@...> wrote:
>
> Punten ngiringan komentar... kanggo baraya anu sok rajeun nongton TV saluran 
> "History" sering pisan dibahas ku para ilmuwan di bidangna... 
> Kanggo para elmuwan kagungan hipotesa, yen baheula ning baheula mahluk 
> antariksa (Aliens) parantos ngajorag ka bumi (Earth). Tah buktosna cenah di 
> antawisna dipintonkeun dina lalakon Bharatayuda, aya pirang-pirang senjata 
> "canggih" paparin ti para "Dewa" anu ditafsirkeun sumpingna ti Sawargaloka 
> (langit). Alesan maranehna cenah asa teu kahontal ku akal dina jaman manusa 
> primitif tos tiasa ngagambarkeun hal-hal anu kacida majuna sapertos kiwari 
> nyata sabangsaning, bisa hiber, sanjata laser, nuklir/bom atom sareng 
> sajabana. 
> Tapi kanggo sapalihna anu percanten kana "Uga" sareng "De Ja Vu", eta dongeng 
> teh ciri yen bujangga kapungkur anu ngarangna tos tiasa nganjang ka pageto 
> cenah... alias ngaramalna tepat. Da ayeuna kabuktosan, peperangan antar 
> bangsa mintonkeun senjata canggih sapertos dina dongeng tea.  Mana 
> kinten-kinten anu kahartos, naha hipotesa para ilmuwan atanapi bujangga anu 
> wacis? 
> Lajengkeun....
> 
> --- On Mon, 6/20/11, Abbas <abas_amin08@...> wrote:
> 
> 
> From: Abbas <abas_amin08@...>
> Subject: [kisunda] Re: Bharata Yudha ka 56
> To: [email protected]
> Date: Monday, June 20, 2011, 10:22 AM
> 
> 
>   
> 
> 
> 
> sUMUHUN pamhinten ; da ti saprak perang Bharata Yudha dugi ka akirna teu 
> kapake tah ! Hahahahaha !
> 
> --- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumirat@> wrote:
> >
> > Eta senjata nu bahaya Bramasytra ibarat bom nuklir kitu bah ?
> > 
> > 
> > 
> > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
> > Abbas Amin
> > Sent: Saturday, June 18, 2011 12:01 PM
> > To: kisunda; urangsunda
> > Cc: narayana; Nurkadi; Ii Sumirat
> > Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka 56
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > Arjuna sasauran dui :" ateuna urang nyaho ka na kalemahan Guru; tapi kumaha
> > carana supaya Guru palay ngeureunan Perang ? Pan bangga tah !?"
> > 
> > Kresna :"Enya hese alias bangga ! Tapi ku urang kudu dicoba ! Da mun henteu
> > mah Pandawa tumpes !"
> > 
> > Arjuna :" Kumaha atuh carana ?"
> > 
> > Kresna :" Drona teh saenyana ti baheula keneh boga Hiji panyakit nu teu bisa
> > diubaranana ( JIWA ) nepi ka Drona sering hayang mati ! Tapi aya kabeurat;
> > nyaeta Putrana Aswatamma ! Mun eta masih aya, Drona satekah polah masih
> > hayang hirup keneh; tapi mun eta tos teu aya, euweuh kasenangan deui keur
> > manehna hirup di dunya ! Drona bakal siap paeh !"
> > 
> > Dananjaya :" Enya ayeuna jadi leuwih jelas, tapi kuma carana supaya
> > Aswatamma tiwas ? Kapan teu gampang tah ? Kapan Aswatamma ge jago pilih
> > tanding nu teu bisa dianggap enteng ! Jeungna deui kumaha mun Guru engke
> > neangan nu nelasan aswatamma ? Saha nu bisa ngalawan ?!"
> > 
> > Kresna :" Moal. moal nepi ka kitu; Drona bakal mikir asa ka teu teu ari
> > males pati, lantaran moal ngahirupkeun Aswatamma !"
> > 
> > Permadi :" Enya oge alus kituna mah , tapi keukeuh kumaha carana nelasan
> > Aswatamma !? Lain perkara gampang ! Komo bari dijaraga ku Pahlawan sejenna
> > jeung rebuan prajurit !? Wah hese Kresna hese !"
> > 
> > Kresna :" Enya Kula ge ngarti ! Tapi keukeuh Aswatamma KUDU dibewarakeun
> > mati ka Drona !"
> > 
> > Partha :" Naon !? Kudu diwartakeun tiwas ? Hartina .....!????"
> > 
> > Kresna :" Enya bobodo we lah Resi Drona teh ! Mun teu kitu ancur urang !"
> > 
> > Arjuna :" Naon !!!!??? Kudu ngabobodo Guru !? Ke heula Kresna ! Kula pasti
> > moal satuju, jeung moal dfaek pipilueun ngabobodo GURU ! Ih Baid pisan !
> > Kaula kajeun eleh perang ti batan meunang ku ngabobodo mah ! Komo iru mah ka
> > Guru !"
> > 
> > Rame pacental cenrtal antara Kresna sareng Arjuna ! Teu pisan nu asor salah
> > sahiji ! Antukna Kresna enggal mecut kudana ngantunkeun Partha, nu olohok
> > teu ngarti ka na polahna Kresna .
> > 
> > Kresna enggal gesat gesut ka tengah medan deui nyampeurkeun Yudhistira;
> > nyarioskeun bahayana upami Resi Drona ngaluarkeun senjata Bramasytra; dimana
> > upami kapepet teu yasa ngawonkeun Arjuna senjata eta bakal dipake ! bahayana
> > teu tiasa dicaritakeun deui ku bahaya2na; teras nerangkeun yen Arjuna teu
> > kersaeun ngabobodo Resi Drona.
> > Yudhistira mutuskeun anjeunna nyalira nu bade ngabobodo Drona !
> > 
> > CATETAN : SEUEUR PANGARANG DI NA IEU PERANG BINGUNG TEU TERANG ALESANANA
> > NAHA KRESNA BET JADI AYA DI GIGIREUN YIDHISTIRA ! kAPAN KUSIR ARJUNA !? TAH
> > DI NA SERATAN MAH ESTU ECES NARATAS SABAB2NA !
> > hE HE HE HE ( SANES 33X ) IEU HEBATNA ABBAS AMIEN !!!!! MUJI MANEH !
> > 
> > HANCA
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke