Arjuna sasauran dui :" ateuna urang nyaho ka na kalemahan Guru; tapi kumaha carana supaya Guru palay ngeureunan Perang ? Pan bangga tah !?"
Kresna :"Enya hese alias bangga ! Tapi ku urang kudu dicoba ! Da mun henteu mah Pandawa tumpes !" Arjuna :" Kumaha atuh carana ?" Kresna :" Drona teh saenyana ti baheula keneh boga Hiji panyakit nu teu bisa diubaranana ( JIWA ) nepi ka Drona sering hayang mati ! Tapi aya kabeurat; nyaeta Putrana Aswatamma ! Mun eta masih aya, Drona satekah polah masih hayang hirup keneh; tapi mun eta tos teu aya, euweuh kasenangan deui keur manehna hirup di dunya ! Drona bakal siap paeh !" Dananjaya :" Enya ayeuna jadi leuwih jelas, tapi kuma carana supaya Aswatamma tiwas ? Kapan teu gampang tah ? Kapan Aswatamma ge jago pilih tanding nu teu bisa dianggap enteng ! Jeungna deui kumaha mun Guru engke neangan nu nelasan aswatamma ? Saha nu bisa ngalawan ?!" Kresna :" Moal. moal nepi ka kitu; Drona bakal mikir asa ka teu teu ari males pati, lantaran moal ngahirupkeun Aswatamma !" Permadi :" Enya oge alus kituna mah , tapi keukeuh kumaha carana nelasan Aswatamma !? Lain perkara gampang ! Komo bari dijaraga ku Pahlawan sejenna jeung rebuan prajurit !? Wah hese Kresna hese !" Kresna :" Enya Kula ge ngarti ! Tapi keukeuh Aswatamma KUDU dibewarakeun mati ka Drona !" Partha :" Naon !? Kudu diwartakeun tiwas ? Hartina .....!????" Kresna :" Enya bobodo we lah Resi Drona teh ! Mun teu kitu ancur urang !" Arjuna :" Naon !!!!??? Kudu ngabobodo Guru !? Ke heula Kresna ! Kula pasti moal satuju, jeung moal dfaek pipilueun ngabobodo GURU ! Ih Baid pisan ! Kaula kajeun eleh perang ti batan meunang ku ngabobodo mah ! Komo iru mah ka Guru !" Rame pacental cenrtal antara Kresna sareng Arjuna ! Teu pisan nu asor salah sahiji ! Antukna Kresna enggal mecut kudana ngantunkeun Partha, nu olohok teu ngarti ka na polahna Kresna . Kresna enggal gesat gesut ka tengah medan deui nyampeurkeun Yudhistira; nyarioskeun bahayana upami Resi Drona ngaluarkeun senjata Bramasytra; dimana upami kapepet teu yasa ngawonkeun Arjuna senjata eta bakal dipake ! bahayana teu tiasa dicaritakeun deui ku bahaya2na; teras nerangkeun yen Arjuna teu kersaeun ngabobodo Resi Drona. Yudhistira mutuskeun anjeunna nyalira nu bade ngabobodo Drona ! CATETAN : SEUEUR PANGARANG DI NA IEU PERANG BINGUNG TEU TERANG ALESANANA NAHA KRESNA BET JADI AYA DI GIGIREUN YIDHISTIRA ! kAPAN KUSIR ARJUNA !? TAH DI NA SERATAN MAH ESTU ECES NARATAS SABAB2NA ! hE HE HE HE ( SANES 33X ) IEU HEBATNA ABBAS AMIEN !!!!! MUJI MANEH ! HANCA
