Kecap mutiara anu ieu " 'untung teh buah sapatemonna *kesempatan* jeung *
persiapan*" asana ti Covey (The 7 habits tea), lengkepna: "Hoki
(keberuntungan) teh buah tina tinemuna kesempetan jeung proaktivitas
(persiapan tea)".

manar

2011/9/15 Dudi Herlianto <[email protected]>

> **
>
>
> sapuk kang saprudin, kuring ge ningali judul 'kunaon jalma pinter teu
> pernah beunghar' jadina teh kalah bingung: naon atuh ari pinter teh? komo
> mun bari noong carita william henry gates iii (alias bill gates) nu remen
> jadi jalma pangbeungharna sadunya, kabingung bakal nambahan. haha.
>
> bill gates, teu lulus kuliah. hal ieu bisa jadi pananda, manehna teh: bodo!
> tapi, manehna bisa asup kuliah di harvard, paguron luhur nu kaasup
> panghadena sadunya, tangtu lain samborong jalma bisa asup ka dinya. ieu bisa
> nandakeun yen bill gates teh jalma pinter. jadi sabenerna, bill gates teh
> bodo atawa pinter?
>
> dedy corbuzier, pamawa acara hitam putih, saperti kabiasaanna dina mungkas
> acara, kungsi mere kecap mutiara nu kira-kira kieu: 'untung teh buah
> sapatemonna *kesempatan* jeung *persiapan*'. jadi cek rarasaan, lain jalma
> pinter nu teu bisa nenjo kasempetan jeung tara kungsi siap mah.
>
> heuheuy deuh... jiga nu heueuh uing....
>
> 2011/9/14 Sp Saprudin <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Kunaon jalma pinter teu pernah beunghar, ceuk urang Kulon teh meureun "why
>> would someone clever has never been richer", bener teu hartina?
>> Ceuk kuring mah justru anu jalma palinter anu beunghar. Mun nempo
>> jalma-jalma sukses di dunya kulantaran pinter nyaeta boga elmu panemu dina
>> widangna. Mislakeun si A bentang sepak bola loba duitna (beunghar), dan maen
>> bal oge kudu boga otak pinter lain sakadar nyepak bal. Loba jalma bisa main
>> bal jeung nyepak bal, tapi jarang meunang. Ceunah salah palatih, ceuk urang
>> Palatih mah bener, anu salahmah pamaen, da arodob tea otakna henteu ngarti
>> kana intruksi Palatih. Otak odob model kuring kieu.
>> Pinter jalma teh pan sifatna relatif.  Misalkeun aya salah sahiji ilmuwan
>> widang cendol anu nalungtik elmu pacendolan. Mun eta elmuwan ngayakeun
>> koloborasi jeung jalma anu bisa masarkeun Cendol  hasil elmu panemuna, pasti
>> eta elmuwan meunang duit da boga hak cipta tea. Komo deui mun eta cendol
>> geus karasa jeung dikenal ku jalma rea,  pasti elmuwan meunang duit royalti.
>> Mun aya jalma otakna pinter tapi henteu boga duit bae, pasti jalma ieu
>> idealisna luhur. Sabab elmu panemuna lain pikeun ngarauan dunya, tapi elmu
>> panemuna pikeun kamaslahatan jalma rea, sabab elmu sanggup nembus kasagala
>> ruang jeung dimensi. Mun aya jalma pinter model kieu, kuring rek guguru ka
>> manehna.
>>
>> Salam,
>>
>>  *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
>> *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]>
>> *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <
>> [email protected]>
>> *Dikirim:* Selasa, 13 September 2011 14:17
>> *Judul:* [kisunda] Selingan - Kunaon Jalma Pinter Teu Pernah Beunghar?
>>
>>
>> Kunaon Jalma Pinter Teu Pernah Beunghar?
>>
>> Time = Money,                    Basic Assumption 1
>> Knowledge = Power,           Basic Assumption 2
>>
>> Power = Work-done / Time
>>
>> => Power = Work-done / Money,             Using Assumption 1
>> => Knowledge = Work-done / Money,      Using Assumption 2
>>
>> Meaning there is but inverse relationships between knowledge and money.
>> The more knowledge you have, the less money in your pocket irrespective
>> of the amount of work-done.
>>
>> ===
>> Catetan: Beunang nyalin di bilik riset, teuing nyutat dimana
>>
>>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>   
>

Kirim email ke