heuheu. ah da abdi ge teu seurieus-rieus teuing ki. makana ditungtungan ku
heuheuy deudeuh :p

ngomentaran jika eta teh dumeh we dina minggu ieu pangjurung diajar kutrat
kotret rada panjang keur rada mucunghul..

:)

2011/9/15 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Hehehe, tong sarieus teuing noongna geura.
> Coba ilikan deui, rumusna, make rasa matematika:
>
> knowlwdge = work-done / money
>
> Numutkeun rumus di luhur pangaweruh teh "berbanding terbalik" jeung duit,
> Hartina tambah luhung pangaweruhna tambah gede duit nu kudu dikaluarkeunana
>
> Perkara Bill Gate, sarerea ge apal yen manehna jalma pinter jeung beunghar.
> Waktu nyipta sistem operasi DOS munggaran dicaritakeun dina salah sahiji
> artikel, yen manehna maehna ngolotok rewuan baris kode program.
>
> Jigana wae nu menonjol ti Bill Gate, dibandingkeun jeung saintis sejenna,
> salian pinter manehna hebat naluri bisnisna. Tah ieu teh langka, luhung
> elmuna, hebat entrepreneurship-na.
>
> 2011/9/15 Dudi Herlianto <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> sapuk kang saprudin, kuring ge ningali judul 'kunaon jalma pinter teu
>> pernah beunghar' jadina teh kalah bingung: naon atuh ari pinter teh? komo
>> mun bari noong carita william henry gates iii (alias bill gates) nu remen
>> jadi jalma pangbeungharna sadunya, kabingung bakal nambahan. haha.
>>
>> bill gates, teu lulus kuliah. hal ieu bisa jadi pananda, manehna teh:
>> bodo! tapi, manehna bisa asup kuliah di harvard, paguron luhur nu kaasup
>> panghadena sadunya, tangtu lain samborong jalma bisa asup ka dinya. ieu bisa
>> nandakeun yen bill gates teh jalma pinter. jadi sabenerna, bill gates teh
>> bodo atawa pinter?
>>
>> dedy corbuzier, pamawa acara hitam putih, saperti kabiasaanna dina mungkas
>> acara, kungsi mere kecap mutiara nu kira-kira kieu: 'untung teh buah
>> sapatemonna *kesempatan* jeung *persiapan*'. jadi cek rarasaan, lain
>> jalma pinter nu teu bisa nenjo kasempetan jeung tara kungsi siap mah.
>>
>> heuheuy deuh... jiga nu heueuh uing....
>>
>> 2011/9/14 Sp Saprudin <[email protected]>
>>
>>> **
>>>
>>>
>>> Kunaon jalma pinter teu pernah beunghar, ceuk urang Kulon teh meureun
>>> "why would someone clever has never been richer", bener teu hartina?
>>> Ceuk kuring mah justru anu jalma palinter anu beunghar. Mun nempo
>>> jalma-jalma sukses di dunya kulantaran pinter nyaeta boga elmu panemu dina
>>> widangna. Mislakeun si A bentang sepak bola loba duitna (beunghar), dan maen
>>> bal oge kudu boga otak pinter lain sakadar nyepak bal. Loba jalma bisa main
>>> bal jeung nyepak bal, tapi jarang meunang. Ceunah salah palatih, ceuk urang
>>> Palatih mah bener, anu salahmah pamaen, da arodob tea otakna henteu ngarti
>>> kana intruksi Palatih. Otak odob model kuring kieu.
>>> Pinter jalma teh pan sifatna relatif.  Misalkeun aya salah sahiji ilmuwan
>>> widang cendol anu nalungtik elmu pacendolan. Mun eta elmuwan ngayakeun
>>> koloborasi jeung jalma anu bisa masarkeun Cendol  hasil elmu panemuna, pasti
>>> eta elmuwan meunang duit da boga hak cipta tea. Komo deui mun eta cendol
>>> geus karasa jeung dikenal ku jalma rea,  pasti elmuwan meunang duit royalti.
>>> Mun aya jalma otakna pinter tapi henteu boga duit bae, pasti jalma ieu
>>> idealisna luhur. Sabab elmu panemuna lain pikeun ngarauan dunya, tapi elmu
>>> panemuna pikeun kamaslahatan jalma rea, sabab elmu sanggup nembus kasagala
>>> ruang jeung dimensi. Mun aya jalma pinter model kieu, kuring rek guguru ka
>>> manehna.
>>>
>>> Salam,
>>>
>>>  *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
>>> *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]>
>>> *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <
>>> [email protected]>
>>> *Dikirim:* Selasa, 13 September 2011 14:17
>>> *Judul:* [kisunda] Selingan - Kunaon Jalma Pinter Teu Pernah Beunghar?
>>>
>>>
>>> Kunaon Jalma Pinter Teu Pernah Beunghar?
>>>
>>> Time = Money,                    Basic Assumption 1
>>> Knowledge = Power,           Basic Assumption 2
>>>
>>> Power = Work-done / Time
>>>
>>> => Power = Work-done / Money,             Using Assumption 1
>>> => Knowledge = Work-done / Money,      Using Assumption 2
>>>
>>> Meaning there is but inverse relationships between knowledge and money.
>>> The more knowledge you have, the less money in your pocket irrespective
>>> of the amount of work-done.
>>>
>>> ===
>>> Catetan: Beunang nyalin di bilik riset, teuing nyutat dimana
>>>
>>>
>> ___
>>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke