Hehehe, tong sarieus teuing noongna geura.
Coba ilikan deui, rumusna, make rasa matematika:

knowlwdge = work-done / money

Numutkeun rumus di luhur pangaweruh teh "berbanding terbalik" jeung duit,
Hartina tambah luhung pangaweruhna tambah gede duit nu kudu dikaluarkeunana

Perkara Bill Gate, sarerea ge apal yen manehna jalma pinter jeung beunghar.
Waktu nyipta sistem operasi DOS munggaran dicaritakeun dina salah sahiji
artikel, yen manehna maehna ngolotok rewuan baris kode program.

Jigana wae nu menonjol ti Bill Gate, dibandingkeun jeung saintis sejenna,
salian pinter manehna hebat naluri bisnisna. Tah ieu teh langka, luhung
elmuna, hebat entrepreneurship-na.

2011/9/15 Dudi Herlianto <[email protected]>

> **
>
>
> sapuk kang saprudin, kuring ge ningali judul 'kunaon jalma pinter teu
> pernah beunghar' jadina teh kalah bingung: naon atuh ari pinter teh? komo
> mun bari noong carita william henry gates iii (alias bill gates) nu remen
> jadi jalma pangbeungharna sadunya, kabingung bakal nambahan. haha.
>
> bill gates, teu lulus kuliah. hal ieu bisa jadi pananda, manehna teh: bodo!
> tapi, manehna bisa asup kuliah di harvard, paguron luhur nu kaasup
> panghadena sadunya, tangtu lain samborong jalma bisa asup ka dinya. ieu bisa
> nandakeun yen bill gates teh jalma pinter. jadi sabenerna, bill gates teh
> bodo atawa pinter?
>
> dedy corbuzier, pamawa acara hitam putih, saperti kabiasaanna dina mungkas
> acara, kungsi mere kecap mutiara nu kira-kira kieu: 'untung teh buah
> sapatemonna *kesempatan* jeung *persiapan*'. jadi cek rarasaan, lain jalma
> pinter nu teu bisa nenjo kasempetan jeung tara kungsi siap mah.
>
> heuheuy deuh... jiga nu heueuh uing....
>
> 2011/9/14 Sp Saprudin <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Kunaon jalma pinter teu pernah beunghar, ceuk urang Kulon teh meureun "why
>> would someone clever has never been richer", bener teu hartina?
>> Ceuk kuring mah justru anu jalma palinter anu beunghar. Mun nempo
>> jalma-jalma sukses di dunya kulantaran pinter nyaeta boga elmu panemu dina
>> widangna. Mislakeun si A bentang sepak bola loba duitna (beunghar), dan maen
>> bal oge kudu boga otak pinter lain sakadar nyepak bal. Loba jalma bisa main
>> bal jeung nyepak bal, tapi jarang meunang. Ceunah salah palatih, ceuk urang
>> Palatih mah bener, anu salahmah pamaen, da arodob tea otakna henteu ngarti
>> kana intruksi Palatih. Otak odob model kuring kieu.
>> Pinter jalma teh pan sifatna relatif.  Misalkeun aya salah sahiji ilmuwan
>> widang cendol anu nalungtik elmu pacendolan. Mun eta elmuwan ngayakeun
>> koloborasi jeung jalma anu bisa masarkeun Cendol  hasil elmu panemuna, pasti
>> eta elmuwan meunang duit da boga hak cipta tea. Komo deui mun eta cendol
>> geus karasa jeung dikenal ku jalma rea,  pasti elmuwan meunang duit royalti.
>> Mun aya jalma otakna pinter tapi henteu boga duit bae, pasti jalma ieu
>> idealisna luhur. Sabab elmu panemuna lain pikeun ngarauan dunya, tapi elmu
>> panemuna pikeun kamaslahatan jalma rea, sabab elmu sanggup nembus kasagala
>> ruang jeung dimensi. Mun aya jalma pinter model kieu, kuring rek guguru ka
>> manehna.
>>
>> Salam,
>>
>>  *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
>> *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]>
>> *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <
>> [email protected]>
>> *Dikirim:* Selasa, 13 September 2011 14:17
>> *Judul:* [kisunda] Selingan - Kunaon Jalma Pinter Teu Pernah Beunghar?
>>
>>
>> Kunaon Jalma Pinter Teu Pernah Beunghar?
>>
>> Time = Money,                    Basic Assumption 1
>> Knowledge = Power,           Basic Assumption 2
>>
>> Power = Work-done / Time
>>
>> => Power = Work-done / Money,             Using Assumption 1
>> => Knowledge = Work-done / Money,      Using Assumption 2
>>
>> Meaning there is but inverse relationships between knowledge and money.
>> The more knowledge you have, the less money in your pocket irrespective
>> of the amount of work-done.
>>
>> ===
>> Catetan: Beunang nyalin di bilik riset, teuing nyutat dimana
>>
>>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>  
>

Kirim email ke