Hehehe, "taheur" nya. Sugan teh "naheur" cai keur ninyuh cikopi.

Tah lebah dieu pentingna media tulis teh. Mun ngandelk"eun media lisan, nya
kitu geuning, barang nu sarua bisa boga ngaran beda-beda. Bisa beda kecapna,
sok mindeng oge beda ejahanana.

Contona wae, aya "balendrang" jeung "golendrang", bisa jadi ieu istilah teh
baheula mah dipake di kawasan nu padeukeut lokasi geografina. Anapon
"bebeye" bisa di tempat nu pajauh. Meureun pedah jaman harita mah tingkat
mobilitas uclag-aclog penduduk teh teu pati jauh. Tapi ku jaman kiwari mah,
jalma mencar kamana mendi. Nu matak di kawasan Garut oge, geuning salian
"golendrang" aya nu make istilah "bebeye".

Bakal beda jigana mun urang Sunda, boga budaya tulis nu kuat.
Istilah-istilah piekun hiji barang teh bakan ngaguruntul konvergen kahiji
istilah. Sababna mah gampang, apan media tulis bakal jadi rujukan tea.


2011/9/21 roro rohmah <[email protected]>

> **
>
>
> Ki, pami  di lembur abdi mah di Wado, kakaren teh sabangsaning opak, wajit,
> cau, ulen, raginang, srrd (kukuehan). Pami nu sok dihijikeun
> dihaneutkeun deui mah taheur (rencang sangu sabangsaning semur, opor, bihun,
> oseng2 pokonamah rencang sangu) namina Golendrang.
>
> ro2
>
>
>  *From: *Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: *[email protected]
> *Date: *Tue, 20 Sep 2011 19:25:46 +0800
> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: *[email protected]
> *Cc: *Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<
> [email protected]>
> *Subject: *[Urang Sunda] Basa - Golendrang, Bebeye, atawa Godog?
>
>
> Kadaharan kakaren hajat, sagala rupa kadaharan dihijikeun, dihaneutkeun
> deui, ngarah teu haseum.
> Kira-kira kitu karuhun baheula mah, da can aya kulkas, keur ngawetkeunana.
>
> Nitenan padungdengan di milis, tetela eta kadaharan teh, aya rupa-rupa
> istilahna.
> Tah ayeuna cing urang survey, ieu istilah teh di wewengkon mana wae:
>
> 1. Golendrang
> 2. Bebeye
> 3. Godog
>
>

Kirim email ke