Bebeye mah pami teu lepat mendakan teh di Cimahi sareng di daerah Cileunyi dan 
sekitarnya. Pami di lembur abdi mah namina teh ulukutek.

Aya deui kueh anu namina nyentrik model 'burayot' sareng 'ewedeet'. Aya nu 
kantos ngadangu teu acan?

Nuhun,




>________________________________
>From: Ahmad Sahidin <[email protected]>
>To: [email protected]; urangsunda <[email protected]>
>Sent: Wednesday, 21 September 2011 5:31 PM
>Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Basa - Golendrang, Bebeye, atawa 
>Godog?
>
>
>  
>Salam. Kang Sp, punten ari PASUNG jeung GIPANG teh kadaharan nu kumaha
>bentuk na sareng dijieunna tinu naon bahanna. Kuring mah can nyaho....
>hayang ngasaan eung... :-)
>
>2011/9/21, Sp Saprudin <[email protected]>:
>> he..he..rea basa sunda anu tara kaharti ku kuring
>>
>> di lembur kuring aya kadaharan ngarana "ANCEMON"
>> kulub hui/sampeu anu diiris ipis dipurulukan kalapa anu meunang marud
>>
>> ENYE-ENYE nyaeta kadaharan samodel opak, asalna sampeu keneh
>>
>> ieu kadaharan waktu kuring keur budak, kadaharan tradisional
>> GEGEPLAK
>> MISRO
>> APEM
>> GEGETUK
>> PASUNG
>> PAPAIS
>> GIPANG
>> SASAGON
>> RANGINANG
>> WAJIT
>> COMRO
>> ULI
>> BALA-BALA
>> ONDEL-ONDEL
>> ah loba keneh..... poho deui,  baheula sok ragem unggal imah nyadiakeun poe
>> labaran ku kadaharan model kitu. tapi ayeuna jarang katingali, malah
>> anu ragem teh kadaharan anu ngaranna aneh-aneh. teuing urang lembur hirupna
>> geus gagayeun, ameh kasebut modern tea meureun. padahal kadaharan eta teh
>> henteu make bahan pangawet, nyehatkeun. sok nanya ka indung di lembur,
>> jawaban indung teh jelema  kiwari geus ganti kana kadaharan kaleng.
>> Oh jadi geus ngadaharan kaleng, pantesan eta amang geus lila teu menta
>> dibelikeun pacul......
>>
>>
>>
>>
>> Dari: Ki Hasan <[email protected]>
>> Kepada: [email protected]
>> Cc: Ki Sunda <[email protected]>
>> Dikirim: Rabu, 21 September 2011 13:13
>> Judul: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Basa - Golendrang, Bebeye, atawa Godog?
>>
>>
>>
>> Hehehe, "taheur" nya. Sugan teh "naheur" cai keur ninyuh cikopi.
>>
>> Tah lebah dieu pentingna media tulis teh. Mun ngandelk"eun media lisan, nya
>> kitu geuning, barang nu sarua bisa boga ngaran beda-beda. Bisa beda kecapna,
>> sok mindeng oge beda ejahanana.
>>
>> Contona wae, aya "balendrang" jeung "golendrang", bisa jadi ieu istilah teh
>> baheula mah dipake di kawasan nu padeukeut lokasi geografina. Anapon
>> "bebeye" bisa di tempat nu pajauh. Meureun pedah jaman harita mah tingkat
>> mobilitas uclag-aclog penduduk teh teu pati jauh. Tapi ku jaman kiwari mah,
>> jalma mencar kamana mendi. Nu matak di kawasan Garut oge, geuning salian
>> "golendrang" aya nu make istilah "bebeye".
>>
>> Bakal beda jigana mun urang Sunda, boga budaya tulis nu kuat.
>> Istilah-istilah piekun hiji barang teh bakan ngaguruntul konvergen kahiji
>> istilah. Sababna mah gampang, apan media tulis bakal jadi rujukan tea.
>>
>>
>>
>> 2011/9/21 roro rohmah <[email protected]>
>>
>>
>>>Ki, pami  di lembur abdi mah di Wado, kakaren teh sabangsaning opak, wajit,
>>> cau, ulen, raginang, srrd (kukuehan). Pami nu sok dihijikeun
>>> dihaneutkeun deui mah taheur (rencang sangu sabangsaning semur, opor,
>>> bihun, oseng2 pokonamah rencang sangu) namina Golendrang.
>>>
>>>ro2
>>>
>>>
>>>
>>>From: Ki Hasan <[email protected]>
>>>Sender: [email protected]
>>>Date: Tue, 20 Sep 2011 19:25:46 +0800
>>>To: Ki Sunda<[email protected]>
>>>ReplyTo: [email protected]
>>>Cc: Baraya Sunda<[email protected]>; Urang
>>> Sunda<[email protected]>
>>>Subject: [Urang Sunda] Basa - Golendrang, Bebeye, atawa Godog?
>>>
>>>
>>>Kadaharan kakaren hajat, sagala rupa kadaharan dihijikeun, dihaneutkeun
>>> deui, ngarah teu haseum.
>>>Kira-kira kitu karuhun baheula mah, da can aya kulkas, keur ngawetkeunana.
>>>
>>>Nitenan padungdengan di milis, tetela eta kadaharan teh, aya rupa-rupa
>>> istilahna.
>>>Tah ayeuna cing urang survey, ieu istilah teh di wewengkon mana wae:
>>>
>>>1. Golendrang
>>>2. Bebeye
>>>3. Godog
>>>
>>>
>>
>>
>>
>
>-- 
>=> www.ahmadsahidin.wordpress.com
>
> 
>
>

Kirim email ke