he..he..rea basa sunda anu tara kaharti ku kuring
 
di lembur kuring aya kadaharan ngarana "ANCEMON"
kulub hui/sampeu anu diiris ipis dipurulukan kalapa anu meunang marud
 
ENYE-ENYE nyaeta kadaharan samodel opak, asalna sampeu keneh
 
ieu kadaharan waktu kuring keur budak, kadaharan tradisional 
GEGEPLAK
MISRO
APEM
GEGETUK
PASUNG
PAPAIS
GIPANG
SASAGON
RANGINANG
WAJIT
COMRO
ULI
BALA-BALA
ONDEL-ONDEL
ah loba keneh..... poho deui,  baheula sok ragem unggal imah nyadiakeun poe 
labaran ku kadaharan model kitu. tapi ayeuna jarang katingali, malah anu ragem 
teh kadaharan anu ngaranna aneh-aneh. teuing urang lembur hirupna geus 
gagayeun, ameh kasebut modern tea meureun. padahal kadaharan eta teh henteu 
make bahan pangawet, nyehatkeun. sok nanya ka indung di lembur, jawaban indung 
teh jelema  kiwari geus ganti kana kadaharan kaleng.
Oh jadi geus ngadaharan kaleng, pantesan eta amang geus lila teu menta 
dibelikeun pacul......  
 
 
 

Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Cc: Ki Sunda <[email protected]>
Dikirim: Rabu, 21 September 2011 13:13
Judul: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Basa - Golendrang, Bebeye, atawa Godog?


  
Hehehe, "taheur" nya. Sugan teh "naheur" cai keur ninyuh cikopi.

Tah lebah dieu pentingna media tulis teh. Mun ngandelk"eun media lisan, nya 
kitu geuning, barang nu sarua bisa boga ngaran beda-beda. Bisa beda kecapna, 
sok mindeng oge beda ejahanana.

Contona wae, aya "balendrang" jeung "golendrang", bisa jadi ieu istilah teh 
baheula mah dipake di kawasan nu padeukeut lokasi geografina. Anapon "bebeye" 
bisa di tempat nu pajauh. Meureun pedah jaman harita mah tingkat mobilitas 
uclag-aclog penduduk teh teu pati jauh. Tapi ku jaman kiwari mah, jalma mencar 
kamana mendi. Nu matak di kawasan Garut oge, geuning salian "golendrang" aya nu 
make istilah "bebeye".  

Bakal beda jigana mun urang Sunda, boga budaya tulis nu kuat. Istilah-istilah 
piekun hiji barang teh bakan ngaguruntul konvergen kahiji istilah. Sababna mah 
gampang, apan media tulis bakal jadi rujukan tea. 



2011/9/21 roro rohmah <[email protected]>

  
>Ki, pami  di lembur abdi mah di Wado, kakaren teh sabangsaning opak, wajit, 
>cau, ulen, raginang, srrd (kukuehan). Pami nu sok dihijikeun dihaneutkeun deui 
>mah taheur (rencang sangu sabangsaning semur, opor, bihun, oseng2 pokonamah 
>rencang sangu) namina Golendrang.
> 
>ro2
>
>
>  
>From: Ki Hasan <[email protected]> 
>Sender: [email protected] 
>Date: Tue, 20 Sep 2011 19:25:46 +0800
>To: Ki Sunda<[email protected]>
>ReplyTo: [email protected] 
>Cc: Baraya Sunda<[email protected]>; Urang 
>Sunda<[email protected]>
>Subject: [Urang Sunda] Basa - Golendrang, Bebeye, atawa Godog?
>
>  
>Kadaharan kakaren hajat, sagala rupa kadaharan dihijikeun, dihaneutkeun deui, 
>ngarah teu haseum.
>Kira-kira kitu karuhun baheula mah, da can aya kulkas, keur ngawetkeunana.
>
>Nitenan padungdengan di milis, tetela eta kadaharan teh, aya rupa-rupa 
>istilahna.
>Tah ayeuna cing urang survey, ieu istilah teh di wewengkon mana wae:
>
>1. Golendrang
>2. Bebeye
>3. Godog
>
>


Kirim email ke