PBKS - Dumuk di Sayang Onta?
Ku Roni Suarsa

*Dumuk di lemah Arab*

** **

Mimitina meni asa taregtog teu puguh cabak, teu dibekelan ku basa arab jeung
pangalaman hirup di nagri dengeun saeutik-eutik acan, ngan umandel kana basa
Inggris nu payus jeung logat sunda, sakitu ge kaasup aya wawanen, eta mereun
pedah ngulampreng ka lemah Arab teh teu nyorangan, jadi peun weh
kasimpulanna mah deuk sapiri umpi weh, dan enyaan sa anjogna ka lemah Arab
teh sasat geus nekad tea, ngabongan-bongan ku polah sorangan, tapi lain ge
lalaki ceuk ceunah mah mun ku meok memeh dipacok, ras inget yen Saudi teh
tempat eyeubna rahayat urang nu neang palakiah ngaliwatan sektor pembantu
jeung supir tea, mereun mun inget ka maranehna mah kuring kaasup nu leuwih
onjoy saeutik, boh tina urusan birokrasi, boh dina urusan palakiahna,
regreug hate mun inget kadinya..****

** **

Munggaran wawuh jeung dengeun basa pihak pausahaan nempatkeun kuring
sabalad-balad di wangunan mangrupa mess nu saacanna geus dieusi, ku warga
sejen, mereun geus ngarti jeung sapuk pihak pausahaan teh nempatkeun kuring
jeung warga sarumpun, nya kuring diriungkeun jeung warga Philippine.****

Da kusabab kurung batokkeun, kuring teu apal urang Philippine teh gurat
bengeutna siga kumaha, teu nyangka sacongo buuk oge dina brehna
pahareup-harep jeung maranehna geuning teu jauh jeung urang Indonesia, nu
ngabedakeun teh mereun dina urusan ageman. Mun wenang dicindekkeun mah,
kuring sa balad-balad asa keur ngariung jeung urang batak, nu ngabedakeun
ngan urusan kayakinan wungkul, siga mun kuring ngaji, nya maranehna mah
ngahitar bari hahaleuangan jrrd.****

** **

Dina urusan ngeusian peujit, geuning sarua pisan, kuring beuki lauk asin,
nya kitu deui urang Philippine, nu leuwih helok dina palebah beuki tarasi,
geuning maranehna ge beuki, ngan wangun tarasi bedana manehnamah teu dijieun
sambel, dicampur jeung asakan sejen, aya ketah nu ngabedakeun kuring jeung
si Philippine nyaeta palebah mencintai jengkol pleus peteuy, dimanehna mah
teu wawuheun.****

** **

Asa katumbu umur sabada dibageakeun darehdeh naker ku urang Philippine teh,
geuning patalimarga palebah mangsa kieu mah teu kawatesan ku beda nagara,
jeung deuih nu matak lewih helok deui, eta dina palebah babasan (kabeneran
kuring jeung maranehna nyambung ku alpukah basa inggris tea) alias logat,
basa Inggris maranehna jeung basa inggris kuring nu sasat karek di reyen
(test drive, da jarang dipake ning dilembur mah) geuning numbu, manehna make
basa Inggris logat manehna, kuring pake basa Inggris logat kuring, duanana
eweuh nu cas cis cus siga basa Inggris nu aslina datang ti kulon bet saheula
anan mah sok mopohokeun ka lembur sorangan, resep we nu aya ngobrol ngaler
ngidul cacarita pangalaman sewang sewangan, bruh breh…asa surup pisan jeung
urang sunda nu teu bisa ngucap hurup “F”, kayaning basa inggris five,
diucapkeun jadi pipe, seven up jadi sepen ap, heuheu nyaeta atuh.****

** **

Nu aneh mangsa kuring ngobrol jeung balad-balad ku basa sunda, urang
Philippine remen ngabandungan obrolan kuring, ceunah naha asa loba basa nu
sarua jeung basa manehna (tagalong) kayaning buuk, panto, bangku jrrd,
kuring jadi kerung, naha baheulana aya patalimarga antara urang sunda jeung
urang Philippine kitu?****


##****

Komo deui ari maranehnamah geuning nganjrek di arab teh geus mangtaun taun,
jadi saeutikna maranehna cacarita kumaha bagbagan ngajalankeun kahirupan di
arab, diimbeuhan ku carita nu ngaregreugkeun, yen kuring sabalad-balad nu
boga ageman sarua jeung urang arab, tanwande jaga moal nyanghareupan
pasualan nu ngalieurkeun, atuh beuki asa pe-de we kuring sabalad-balad teh.*
***


Nuhun ah “pare’ “ (pare=hartina nga emas keun siga ka urang jawa atawa nga
akangkeun mun di sunda mah), maranehna ayeuna geus suwung duka parindah
kamana, atawa mereun marulang ka nagri maranehna, teu pati apal da samemeh
maranehna ngaleungit ti mess teh kuring kaburu mawa kulawarga nu hartina
kuring nu leuwih tiheula pindah ti mess.

Kirim email ke