Dina basa Tagalog, enya kungsi manggih kosakecap nu sarua jeung basa Sunda. Malah mun ditoongan ti Filipina turun ka tanah urang Dayak di Sabah, Sarawak, Borneo, nepi ka lembur urang Banjar sapanjang basisir pulo Borneo, bakal manggih kecap-kecap nu sarua jeung Basa Sunda.
Kang Roni, geura mun panggih deui jeung Si Pare, tanyakeun aya Kabayan teu di Filipina. Pasti unggeuk tah Si Pare. Da aya Kabayan oge di dinya. ==== 2011/9/30 Ki Hasan <[email protected]> > PBKS - Dumuk di Sayang Onta? > Ku Roni Suarsa > > *Dumuk di lemah Arab* > > ** ** > > Mimitina meni asa taregtog teu puguh cabak, teu dibekelan ku basa arab > jeung pangalaman hirup di nagri dengeun saeutik-eutik acan, ngan umandel > kana basa Inggris nu payus jeung logat sunda, sakitu ge kaasup aya wawanen, > eta mereun pedah ngulampreng ka lemah Arab teh teu nyorangan, jadi peun weh > kasimpulanna mah deuk sapiri umpi weh, dan enyaan sa anjogna ka lemah Arab > teh sasat geus nekad tea, ngabongan-bongan ku polah sorangan, tapi lain ge > lalaki ceuk ceunah mah mun ku meok memeh dipacok, ras inget yen Saudi teh > tempat eyeubna rahayat urang nu neang palakiah ngaliwatan sektor pembantu > jeung supir tea, mereun mun inget ka maranehna mah kuring kaasup nu leuwih > onjoy saeutik, boh tina urusan birokrasi, boh dina urusan palakiahna, > regreug hate mun inget kadinya..**** > > ** ** > > Munggaran wawuh jeung dengeun basa pihak pausahaan nempatkeun kuring > sabalad-balad di wangunan mangrupa mess nu saacanna geus dieusi, ku warga > sejen, mereun geus ngarti jeung sapuk pihak pausahaan teh nempatkeun kuring > jeung warga sarumpun, nya kuring diriungkeun jeung warga Philippine.**** > > Da kusabab kurung batokkeun, kuring teu apal urang Philippine teh gurat > bengeutna siga kumaha, teu nyangka sacongo buuk oge dina brehna > pahareup-harep jeung maranehna geuning teu jauh jeung urang Indonesia, nu > ngabedakeun teh mereun dina urusan ageman. Mun wenang dicindekkeun mah, > kuring sa balad-balad asa keur ngariung jeung urang batak, nu ngabedakeun > ngan urusan kayakinan wungkul, siga mun kuring ngaji, nya maranehna mah > ngahitar bari hahaleuangan jrrd.**** > > ** ** > > Dina urusan ngeusian peujit, geuning sarua pisan, kuring beuki lauk asin, > nya kitu deui urang Philippine, nu leuwih helok dina palebah beuki tarasi, > geuning maranehna ge beuki, ngan wangun tarasi bedana manehnamah teu dijieun > sambel, dicampur jeung asakan sejen, aya ketah nu ngabedakeun kuring jeung > si Philippine nyaeta palebah mencintai jengkol pleus peteuy, dimanehna mah > teu wawuheun.**** > > ** ** > > Asa katumbu umur sabada dibageakeun darehdeh naker ku urang Philippine teh, > geuning patalimarga palebah mangsa kieu mah teu kawatesan ku beda nagara, > jeung deuih nu matak lewih helok deui, eta dina palebah babasan (kabeneran > kuring jeung maranehna nyambung ku alpukah basa inggris tea) alias logat, > basa Inggris maranehna jeung basa inggris kuring nu sasat karek di reyen > (test drive, da jarang dipake ning dilembur mah) geuning numbu, manehna make > basa Inggris logat manehna, kuring pake basa Inggris logat kuring, duanana > eweuh nu cas cis cus siga basa Inggris nu aslina datang ti kulon bet saheula > anan mah sok mopohokeun ka lembur sorangan, resep we nu aya ngobrol ngaler > ngidul cacarita pangalaman sewang sewangan, bruh breh…asa surup pisan jeung > urang sunda nu teu bisa ngucap hurup “F”, kayaning basa inggris five, > diucapkeun jadi pipe, seven up jadi sepen ap, heuheu nyaeta atuh.**** > > ** ** > > Nu aneh mangsa kuring ngobrol jeung balad-balad ku basa sunda, urang > Philippine remen ngabandungan obrolan kuring, ceunah naha asa loba basa nu > sarua jeung basa manehna (tagalong) kayaning buuk, panto, bangku jrrd, > kuring jadi kerung, naha baheulana aya patalimarga antara urang sunda jeung > urang Philippine kitu?**** > > > ##**** > > Komo deui ari maranehnamah geuning nganjrek di arab teh geus mangtaun taun, > jadi saeutikna maranehna cacarita kumaha bagbagan ngajalankeun kahirupan di > arab, diimbeuhan ku carita nu ngaregreugkeun, yen kuring sabalad-balad nu > boga ageman sarua jeung urang arab, tanwande jaga moal nyanghareupan > pasualan nu ngalieurkeun, atuh beuki asa pe-de we kuring sabalad-balad teh. > **** > > > Nuhun ah “pare’ “ (pare=hartina nga emas keun siga ka urang jawa atawa nga > akangkeun mun di sunda mah), maranehna ayeuna geus suwung duka parindah > kamana, atawa mereun marulang ka nagri maranehna, teu pati apal da samemeh > maranehna ngaleungit ti mess teh kuring kaburu mawa kulawarga nu hartina > kuring nu leuwih tiheula pindah ti mess. > > >
