---------- Forwarded message ----------
From: Suarsa, Roni <[email protected]>
Date: 2011/10/2
Subject: RE: [Urang Sunda] Re: PBKS - Dumuk di Sayang Onta?
To: Ki Hasan <[email protected]>
Aeh enya, aya Ki, kabayan mun ceuk manehna mah pihartieun jadi kecap
“dulur” atawa gentlemen mun ceuk urang kulon mah… sok remen mun aya
pangumuman dina wangun kertas ditapelkeun dina unggal dinding atawa panto,
jandela sok dimimitian ku kecap “kabayan” tea.. terus weh kaditunamah teu
ngarti hehe…****
** **
Gurat bengeut kuring sabalad-balad (hususna kuring sorangan) mun ninggang di
jalma nu karek panggihmah nyangka yen kuring teh urang Philippine, boh urang
arab, India jeung warga sejenna mun nyeluk kuring ku kecap “kabayan” atawa
“pare’ “ tea, palebah diceluk pare’ mah asa teu pati kapangaruhan, eta
palebah diceluk kabayan, sok asa kagugu, naha da kuring mah lain si kabayan
hehehe…****
** **
** **
** **
------------------------------
RONI RA SUARSA**
OPERATOR, YEP PP WET END
Saudi Yanbu Petrochemical Company
A SABIC Affiliate
Yanbu Industrial City 41912
Saudi Arabia
T +966 (4) 321 4276-4276
F
E [email protected]
*From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
Behalf Of *Ki Hasan
*Sent:* Friday, September 30, 2011 2:55 AM
*To:* Ki Sunda
*Cc:* Baraya Sunda; Urang Sunda; Suarsa, Roni
*Subject:* [Urang Sunda] Re: PBKS - Dumuk di Sayang Onta?****
** **
****
Dina basa Tagalog, enya kungsi manggih kosakecap nu sarua jeung basa Sunda.
Malah mun ditoongan ti Filipina turun ka tanah urang Dayak di Sabah,
Sarawak, Borneo, nepi ka lembur urang Banjar sapanjang basisir pulo Borneo,
bakal manggih kecap-kecap nu sarua jeung Basa Sunda.****
** **
Kang Roni, geura mun panggih deui jeung Si Pare, tanyakeun aya Kabayan teu
di Filipina. Pasti unggeuk tah Si Pare. Da aya Kabayan oge di dinya.****
** **
==== ****
2011/9/30 Ki Hasan <[email protected]>****
PBKS - Dumuk di Sayang Onta?****
Ku Roni Suarsa****
** **
*Dumuk di lemah Arab*****
****
Mimitina meni asa taregtog teu puguh cabak, teu dibekelan ku basa arab jeung
pangalaman hirup di nagri dengeun saeutik-eutik acan, ngan umandel kana basa
Inggris nu payus jeung logat sunda, sakitu ge kaasup aya wawanen, eta mereun
pedah ngulampreng ka lemah Arab teh teu nyorangan, jadi peun weh
kasimpulanna mah deuk sapiri umpi weh, dan enyaan sa anjogna ka lemah Arab
teh sasat geus nekad tea, ngabongan-bongan ku polah sorangan, tapi lain ge
lalaki ceuk ceunah mah mun ku meok memeh dipacok, ras inget yen Saudi teh
tempat eyeubna rahayat urang nu neang palakiah ngaliwatan sektor pembantu
jeung supir tea, mereun mun inget ka maranehna mah kuring kaasup nu leuwih
onjoy saeutik, boh tina urusan birokrasi, boh dina urusan palakiahna,
regreug hate mun inget kadinya..
<<[email protected]>>