Hapunten anu kasuhun, seratan dihandap sanes bade riya. estuning mung sakadar 
ngalancarkeun sareng ngalatih kamaheran basa sunda  kuring, anu kapungkur 
kantos diajar waktos di SMP (awal 1971-1973). Janten upama aya basa anu teu 
merenah, pamugi dima'lum sareng nyuhunkeun dikoreksi.

wassalam,

mrachmatrawyani
_________________________________________________________________________________________________________________


“Jika Allah menghendaki sesuatu terjadi, JADILAH maka
terjadilah”

Kitu tah salah sahiji ayat anu kaunggel   di
bagian ahir surah Yasin. Kuring haqqul yakin, ayat ieu anu karandapan ku kuring.
Salah sahiji buktina, teu ngimpi-ngimpi acan,  jol bisa weh munggah haji. Sok 
sanajan ceuk
jikan, manehna mah teu petot-petot ngadu’a  sangkan  bisa ngalaksanakkeun 
ibadah haji duaan jeung
kuring. Salila nungguan poe “H”, Alhamdulillah sagala urusan lancar. Atuh
rezeki oge dilancarkeun, teu biasana sok aya wae “panghasilan tambahan” di luar
gajih.

“Bonus” bisa munggah haji ieu oge, jigana  hasil tina “lulus ujian” ka  
kulawarga kuring. “apakah kamu menyangka
ketika menyatakan beriman Allah tidak akan menguji dengan berbagai ujian?”
Alah, poho deui kumaha persisna ayat al Qur’an eta. Tapi nu jelas mah,  
khususna kuring jeung jikan nandangan ujian
anu beurat pisan. Mun teu kuat-kuat teuing mah, iman bisa soak.

Taun 2007, mitoha (bapana jikan) asup rumah sakit Harapan
Kita, kaserang panyakit jantung. Biasana mitoha sok sesek nafas. Hiji mangsa
dipariksa ka rumah sakit harapan kita. Sabada dipariksa, dokter nyaram balik ka
mitoha, poe ata keneh kudu meuting di rumah sakit. Hasil pamariksaan saterusna,
cenah kudu geuwat dioperasi, aya 

“penyumbatan pembuluh darah” anu ngabalukarkeun
sok sering sesek nafas. Operasi “by pass” lancar. Tapi lambat sababarah ajam
tina anu direncanakeun. Sabab aya pembuluh darah anu kudu dikerok/dibersihan
heula. Justru pasca operasi anu leuwih bahaya/kritis, sabab aya komplikasi anu
teu kanyahoan samemehna. Aya kana sabulanna di ICCU. Adi-adina jikan kabagean
ngemitan meuting di ICCU. Kaasup kuring kudu “jaga malem” ngagantian kawajiban
jikan. Nepi ka hiji waktu kulawargi jikan ngumpul di Harapan Kita, sabab
ningali kondisi mitoha aya dina titik kritis pisan. Salian “ngambek” neuteuli
ka dokter anu jaga, harita teh diputuskeun, saupama karandapan kajadian anu teu
dipikahayang, layon rek dibawa kamana jeung dikurebkeun dimana. Jigana adina
jikan anu gawe di Depkes lapor ka Menkes. Ti saprak harita, tim dokter  Harapan 
Kita, soson-soson tihothat heunteu
tisasari ngarawat mitoha. Urusan “ngemit mengemit”/jaga malam di rumah sakit the
nepi ka ngalaman lebaran di rumah sakit. Kusabab aya keterlambatan operasi nepi
ka dua jamna, hartina jalanna jantung teh dibantu ku mesin, mitoha ngarandapan 
“hilang”
memori  jeung “hilang” emosi. Teu inget
kajadian-kajadian heubeul jeung teu boga rasa kasedih atawa kagumbira dina
ekspresi beungeutna. Nepi ka ayeuna efek samping tina operasi anu telat tea,
mitoha  jadi rada torek. Pangalaman anu
narik ati salila jaga malem di ICCU teh nyaeta , kamer  ICCU teh lir ibarat 
terminal, lamun teu
cageur, nya hos paeh. Satiap waktu pan sok ngalongokan mitoha kajero kamer
ICCU. Peuting ieu masih katingali aya pasen deukeut ranjang mitoha. Isukanana
eta tempat teh geus dipake pasen anyar. Kamana pasen nu heubeul? Nya,  hos 
paeh. Kajadian siga kitu teh remen pisan.  Nepi ka apal saha-saha wae kulawarga 
anu sok ngemitan.
Kumaha dina perkara waraga? Salila dua bulan di rumah sakit, mun diitung
dijumlah jambleh teh, logor  nepi ka 400
juta rupiah mah.  Tapi pan mitoha teh pangsiunan
PNS widang kasehatan golongan IV. Jadi meunang potongan lumayan gede.

Ari pangalaman anu karandapan ku kuring pribadi mah lain
deui. Sababaraha taun katukang, panggih jeung sobat dalit waktu jaman
mahasiswa.  Sarua ngiluan bimbingan tes
waktu rek asup ka paguron luhur. Atuh waktu ditarima di FISIP-UI oge, sok indit
babarengan waktu acara “diplonco”. Kuring kenal pisan ka kulawargana anu
dumukna di Cideng Barat Jakarta Pusat. Sabada lulus, manehna gawe di Bank
swasta. Ceuk cenah mah kungsi boga jikan, anak salah sahiji dosen Unpad. Tapi 
teu
lila, terus pipirakan. Waktu panggih deui jeung kuring, manehna ngajak usaha
foto copy di kampus. Kuring kungsi ngenalkeun jeung dekan hiji fakultas di UI.
Malahan mah nepi ka tanda tangan kontrak sagala. Pikeun modal usaha, manehna
ngusulkeun sangkan kuring boga kartu kredit sababaraha bank. Tina kartu kredit
ieu bisa dipake pikeun modal usaha. Keur mayar cicilan kartu kredit eta,
ditanggung ku manehna. Kuring percaya wae. Maenya sobat jaman mahasiswa jeung
kenal kulawargana rek nipu. Tapi nya kitu tea, jalma mah sok keuna ku owah
gingsir. Tagihan kartu kredit beuki kadieu beuki loba. Malahan mah nepi  bates 
maksimal. Waktu disasar dimana cicingna
eta batur kuring teh teu jelas. Di telepon teu bisa. Waktu ditanyakeun ka
lanceukna, ari pok teh dijawab. Lain ka batur wae, ka lanceuk-lanceukna oge
wani nipu. Jadi lanceukna oge teu pati mirosea ka sobat kuring eta teh.
Masalahna, eta kartu kredit teh aya di batur kuring. Sedengkeun tagihan kartu
kredit dialamatkeun ka kuring, da kartu kreditna make ngaran kuring. Jadi
kuring repot oge nguruskeun ngablokir kartu kredit eta ka bank jeung menta
karingangan ngeureunkeun bungana. Lamun ngan hiji kartu kredit mah teu pati
masalah. Tapi eta  sobat kuring teh, mawa
kabur kartu kredit kuring aya kana sapuluhna. Bodo pisan kuring teh nya? Enya 
bodo,
sabab teu nyangka sacongo buuk acan, eta sobat kuring bakal nipu. (hanca)

Kirim email ke