Inget dongeng jenatna my-nini, enya cenah ka Mekah jaman harita ngangkleung
mang-bulan-bulan. Ngan aya nu teu pati kaharti rute jalur kapal lautna.
Sabab numutkeun beliau make kasebut laut Sulawesi sagala. Teu kungsi
ditanyakeun harita teh dimana posisi Sulawesi, da puguh sim uing can diajar
geografi. Jeung Si Nini na ge kaburu,dipundut ku Nu Kagungan. Inget soteh
ayeuna we, pedah kungsi ngadepong diajar maca peta. Moal kitunu jalur
kapalna teh, ti Tanjung Pariuk, ka Surabaya, terus ka Masalembo, laut
Sulawesi, laju ka Filipina. Jigana bisa dikorek tah tina data jadul bulukan
tea.

Salah sahiji nu di-pika-paur ku kapal haji teh cenah, lauk Teri. Uing rada
kerung, da nu kapikir teh goreng kerecek teri dina piring, na make
dipikapaur sagala. Sihoreng simana horeng, terina cenah lain hirup
sosoranagana, tapi eta sakadang teri teh resep hirup jadi gorombolan.
Meureun jiga gorombolan motor di Bandung, nu jiga leuwih sakti manan jawara,
pulisi atawa tangtara. Mun sakadang teri geus ngumbpul cenah bisa jiga
gugunungan nu matak bahaya mun kateumbang ku kapal haji.


--- In [email protected], "mj" <jamal@...> wrote:
>
>
> salah salima kagiatan  basa di leiden walanda teh ulin. salah sapuluh
> kagiatan ulin nyaeta milu msiswa s2 sejarah neangan data ka arsip nasional
> belanda di den haag. kabaneran msiswa baroga tiket kareta langganan, nu
bisa
> dipake pikeun tiluaneun. kauntunan boga kartu langgandan, tiket kareta
> diskon 40%-pikeun tiluan.
>
> salah sahiji tugas manehna harita, neangan data inlander nu naek haji.
jaman
> walanda baheula, nu naek haji di data lengkep. disimpen di arsip nasional
> den haag. cek manehna, datana teh ti jaman ditulis leungeun nepi ka
diketik.
> hartina ti jaman can aya mesin ketik nepi ka aya mesin ketik. data lengkep
> asal muasal jemaah haji, naek kapal lautna di palabuhan mana jeung ngaran
> kapalna. data eta oge cenah kaasup catetan nu maraot di tanah suci.
>
> baheula malah asana nepi ka taun 70an kitu, naek haji teh apan make kapal
> laut. kusabab mangbulan-bulan di laut, nu ka mekah mawa bekelna ge loba,
> nepi ka dipetian pisan. tah model kitu teh cenah di jaman walanda keneh.
>


2011/10/5 Ki Hasan <[email protected]>

> Tah geuning katambahan deui ku Kang Yani. Sok lah Kang Yani teraskeun, tong
> hariwang disangka riya sagala. Resep uing macana.
>
> Sugan we, baraya sejenna oge ting pucunghul, ngalalakon pangalaman hirup,
> sugan bisa jadi pieunteungeun. Hehehe, asa jadi serieus teuing nya.
>
> Hayoh Kang Yadi, Kang Yuyun, Kang Tito, Kang Didkdik, sareng Kang-Kang,
> Kang-Kang sejenna, geura ngalalakon.
>
>
> 2011/10/5 MRachmat Rawyani <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Hapunten anu kasuhun, seratan dihandap sanes bade riya. estuning mung
>> sakadar ngalancarkeun sareng ngalatih kamaheran basa sunda  kuring, anu
>> kapungkur kantos diajar waktos di SMP (awal 1971-1973). Janten upama aya
>> basa anu teu merenah, pamugi dima'lum sareng nyuhunkeun dikoreksi.
>>
>> wassalam,
>>
>> mrachmatrawyani
>>
>

Kirim email ke