Tah geuning katambahan deui ku Kang Yani. Sok lah Kang Yani teraskeun, tong hariwang disangka riya sagala. Resep uing macana.
Sugan we, baraya sejenna oge ting pucunghul, ngalalakon pangalaman hirup, sugan bisa jadi pieunteungeun. Hehehe, asa jadi serieus teuing nya. Hayoh Kang Yadi, Kang Yuyun, Kang Tito, Kang Didkdik, sareng Kang-Kang, Kang-Kang sejenna, geura ngalalakon. 2011/10/5 MRachmat Rawyani <[email protected]> > ** > > > Hapunten anu kasuhun, seratan dihandap sanes bade riya. estuning mung > sakadar ngalancarkeun sareng ngalatih kamaheran basa sunda kuring, anu > kapungkur kantos diajar waktos di SMP (awal 1971-1973). Janten upama aya > basa anu teu merenah, pamugi dima'lum sareng nyuhunkeun dikoreksi. > > wassalam, > > mrachmatrawyani > > _________________________________________________________________________________________________________________ > > “Jika Allah menghendaki sesuatu terjadi, JADILAH maka terjadilah” > > Kitu tah salah sahiji ayat anu kaunggel di bagian ahir surah Yasin. > Kuring haqqul yakin, ayat ieu anu karandapan ku kuring. Salah sahiji > buktina, teu ngimpi-ngimpi acan, jol bisa weh munggah haji. Sok sanajan > ceuk jikan, manehna mah teu petot-petot ngadu’a sangkan bisa > ngalaksanakkeun ibadah haji duaan jeung kuring. Salila nungguan poe “H”, > Alhamdulillah sagala urusan lancar. Atuh rezeki oge dilancarkeun, teu > biasana sok aya wae “panghasilan tambahan” di luar gajih. > > “Bonus” bisa munggah haji ieu oge, jigana hasil tina “lulus ujian” ka > kulawarga > kuring. “apakah kamu menyangka ketika menyatakan beriman Allah tidak akan > menguji dengan berbagai ujian?” Alah, poho deui kumaha persisna ayat al > Qur’an eta. Tapi nu jelas mah, khususna kuring jeung jikan nandangan > ujian anu beurat pisan. Mun teu kuat-kuat teuing mah, iman bisa soak. > > Taun 2007, mitoha (bapana jikan) asup rumah sakit Harapan Kita, kaserang > panyakit jantung. Biasana mitoha sok sesek nafas. Hiji mangsa dipariksa ka > rumah sakit harapan kita. Sabada dipariksa, dokter nyaram balik ka mitoha, > poe ata keneh kudu meuting di rumah sakit. Hasil pamariksaan saterusna, > cenah kudu geuwat dioperasi, aya > “penyumbatan pembuluh darah” anu ngabalukarkeun sok sering sesek nafas. > Operasi “by pass” lancar. Tapi lambat sababarah ajam tina anu direncanakeun. > Sabab aya pembuluh darah anu kudu dikerok/dibersihan heula. Justru pasca > operasi anu leuwih bahaya/kritis, sabab aya komplikasi anu teu kanyahoan > samemehna. Aya kana sabulanna di ICCU. Adi-adina jikan kabagean ngemitan > meuting di ICCU. Kaasup kuring kudu “jaga malem” ngagantian kawajiban jikan. > Nepi ka hiji waktu kulawargi jikan ngumpul di Harapan Kita, sabab ningali > kondisi mitoha aya dina titik kritis pisan. Salian “ngambek” neuteuli ka > dokter anu jaga, harita teh diputuskeun, saupama karandapan kajadian anu teu > dipikahayang, layon rek dibawa kamana jeung dikurebkeun dimana. Jigana adina > jikan anu gawe di Depkes lapor ka Menkes. Ti saprak harita, tim dokter > Harapan > Kita, soson-soson tihothat heunteu tisasari ngarawat mitoha. Urusan “ngemit > mengemit”/jaga malam di rumah sakit the nepi ka ngalaman lebaran di rumah > sakit. Kusabab aya keterlambatan operasi nepi ka dua jamna, hartina jalanna > jantung teh dibantu ku mesin, mitoha ngarandapan “hilang” memori jeung > “hilang” emosi. Teu inget kajadian-kajadian heubeul jeung teu boga rasa > kasedih atawa kagumbira dina ekspresi beungeutna. Nepi ka ayeuna efek > samping tina operasi anu telat tea, mitoha jadi rada torek. Pangalaman > anu narik ati salila jaga malem di ICCU teh nyaeta , kamer ICCU teh lir > ibarat terminal, lamun teu cageur, nya hos paeh. Satiap waktu pan sok > ngalongokan mitoha kajero kamer ICCU. Peuting ieu masih katingali aya pasen > deukeut ranjang mitoha. Isukanana eta tempat teh geus dipake pasen anyar. > Kamana pasen nu heubeul? Nya, hos paeh. Kajadian siga kitu teh remen > pisan. Nepi ka apal saha-saha wae kulawarga anu sok ngemitan. Kumaha dina > perkara waraga? Salila dua bulan di rumah sakit, mun diitung dijumlah > jambleh teh, logor nepi ka 400 juta rupiah mah. Tapi pan mitoha teh > pangsiunan PNS widang kasehatan golongan IV. Jadi meunang potongan lumayan > gede. > > Ari pangalaman anu karandapan ku kuring pribadi mah lain deui. Sababaraha > taun katukang, panggih jeung sobat dalit waktu jaman mahasiswa. Sarua > ngiluan bimbingan tes waktu rek asup ka paguron luhur. Atuh waktu ditarima > di FISIP-UI oge, sok indit babarengan waktu acara “diplonco”. Kuring kenal > pisan ka kulawargana anu dumukna di Cideng Barat Jakarta Pusat. Sabada > lulus, manehna gawe di Bank swasta. Ceuk cenah mah kungsi boga jikan, anak > salah sahiji dosen Unpad. Tapi teu lila, terus pipirakan. Waktu panggih deui > jeung kuring, manehna ngajak usaha foto copy di kampus. Kuring kungsi > ngenalkeun jeung dekan hiji fakultas di UI. Malahan mah nepi ka tanda tangan > kontrak sagala. Pikeun modal usaha, manehna ngusulkeun sangkan kuring boga > kartu kredit sababaraha bank. Tina kartu kredit ieu bisa dipake pikeun modal > usaha. Keur mayar cicilan kartu kredit eta, ditanggung ku manehna. Kuring > percaya wae. Maenya sobat jaman mahasiswa jeung kenal kulawargana rek nipu. > Tapi nya kitu tea, jalma mah sok keuna ku owah gingsir. Tagihan kartu kredit > beuki kadieu beuki loba. Malahan mah nepi bates maksimal. Waktu disasar > dimana cicingna eta batur kuring teh teu jelas. Di telepon teu bisa. Waktu > ditanyakeun ka lanceukna, ari pok teh dijawab. Lain ka batur wae, ka > lanceuk-lanceukna oge wani nipu. Jadi lanceukna oge teu pati mirosea ka > sobat kuring eta teh. Masalahna, eta kartu kredit teh aya di batur kuring. > Sedengkeun tagihan kartu kredit dialamatkeun ka kuring, da kartu kreditna > make ngaran kuring. Jadi kuring repot oge nguruskeun ngablokir kartu kredit > eta ka bank jeung menta karingangan ngeureunkeun bungana. Lamun ngan hiji > kartu kredit mah teu pati masalah. Tapi eta sobat kuring teh, mawa kabur > kartu kredit kuring aya kana sapuluhna. Bodo pisan kuring teh nya? Enya > bodo, sabab teu nyangka sacongo buuk acan, eta sobat kuring bakal nipu. > (hanca) > > > >
