Hatur nuhun kh; memang rada hese mikeun pangarti nu model kieu mah; ari nungguan nu bisaeun; euweuh wae jol tuda; nya kuring lahaola we; mun bisa mah nu leuwih alus babasanna cing atuh haat nulis model kieu nodel kang oman tah.
--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > Hehehe. Mun ku nu anyar pinanggih mah matak soak nya. > > Sapanitenan uing, sapanjang bulan ieu, oge sababaraha bulan samemehna, asa > teu aya postingan, nu bisa ngahudang maung turun gurung. Duka kunaon > sasakalana nu nyababkeun Bah AA ngirim postingan nu eusina rada tara ti > sasari. Asa teu gugur, teu angin, ngagadak aya angin puyuh lilimbungan. > > Ieu mah ngan ukur keur babagi pamanggih wae. Ceuk cenah, boh kuer tukang > da'wah oge tukang ngatik, ada dua hal nu perlu dijadikeun bahan > tinimbangan. Ari nu kahijina, ceuk mang lebe mah, cenah eusining pesen. Tah > nu kaduana cenah cara, atawa metoda nepikeun eusining pesen. Eta dua hal > teh cenah bisa gede pangaruhna kana nepi henteuna pesen ka sasaran nu > dimaksud. Eusi hade, carana butut, can tangtu aya nu ngadengekeun, kalah > barirat. Eusina butut, carana hade, kitu deui can tangtu hasil pamaksudan. > Komo mun eusi butut, ditepikeun kucara nu butut mah, kuriak moal aya > alaeunana pisan. > > Nu matak cenah Kanjeng Rosul mun ngawuruk ka para sahabat sok make metode > nu jempolan, make jurus "uswatun hasanah" tea cenah. Ku jalan mere conto nu > hade. Jigana aya hadena mun urang hayang nepikeun ideu ka nu lian, niron > jurus eta nya. > > > 2011/11/15 Abbas Amin <abas_amin08@...> > > > ** > > > > > > Keur nu memang aya kahayang diajar Basa Sunda Priangan nu bener; ieu > > tulisan dijieun teh. Tah kuring Nyureng mun aya atawa LOBA nu keuheul ku > > nulis ieu tulisan ? Asa teu kaharti aya urang Sunda nu keuheul ka na maksud > > hade ieu tulisan !? Asa teu jaharti ku akal ! > > > > Jadi mun aya USboh ti cirebon, Bogor, tawa Banten, embung diajar Sunda > > Priangan teu nanaon. Ngan ulah make nu disebut BASA Sunda LEMES bari teu > > bener ! maning tong dipake sama sakali ! > > > > Jadi lamun memang kecap DAMANG; KULEM dipake; nya pake bari jeung aturan > > nu geus biasa baheula dilakukeun. Aya palenggeranana. Ulah sakahayang > > sorangan wae. > > > > Jadi ka sakumna US mu hayang diajar basa Sunda Priangan tah ayeuna kuring > > nurunkeun tulisan kumaha cara2 na Basa Sunda Priangan nu bener. > > > > Ka sing saha US nu embung diajar UUBS nya seug teh teuing kuma dinya ! > > Ngan mun bisa ulah make kecap damang rama raka jst ari tewu bisa makena > > mah; sabab bakal nerekabkeun Basa Sunda Priangan nu sakahayang tea. Piraku > > sugan hayang boga dulur sabangsa nu ngaraco kabeh ? Kena2 urang ngaco trus > > batur kabeh kudu NGACO !? > > > > Tah eta nu disebut SETAN mangrupa MANUSA teh; nu nerekabkeun nu teu bener ! > > > > HANCA > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
