diantos pisan bah pedarannana... keun we anu teu panuju mah anggapaya we, hehe..
>________________________________ > From: Abbas <[email protected]> >To: [email protected] >Sent: Wednesday, 16 November 2011 3:27 PM >Subject: [kisunda] Re: Basa Sunda-2 > > > >Hatur nuhun kh; memang rada hese mikeun pangarti nu model kieu mah; ari >nungguan nu bisaeun; euweuh wae jol tuda; nya kuring lahaola we; mun bisa mah >nu leuwih alus babasanna cing atuh haat nulis model kieu nodel kang oman tah. > >--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: >> >> Hehehe. Mun ku nu anyar pinanggih mah matak soak nya. >> >> Sapanitenan uing, sapanjang bulan ieu, oge sababaraha bulan samemehna, asa >> teu aya postingan, nu bisa ngahudang maung turun gurung. Duka kunaon >> sasakalana nu nyababkeun Bah AA ngirim postingan nu eusina rada tara ti >> sasari. Asa teu gugur, teu angin, ngagadak aya angin puyuh lilimbungan. >> >> Ieu mah ngan ukur keur babagi pamanggih wae. Ceuk cenah, boh kuer tukang >> da'wah oge tukang ngatik, ada dua hal nu perlu dijadikeun bahan >> tinimbangan. Ari nu kahijina, ceuk mang lebe mah, cenah eusining pesen. Tah >> nu kaduana cenah cara, atawa metoda nepikeun eusining pesen. Eta dua hal >> teh cenah bisa gede pangaruhna kana nepi henteuna pesen ka sasaran nu >> dimaksud. Eusi hade, carana butut, can tangtu aya nu ngadengekeun, kalah >> barirat. Eusina butut, carana hade, kitu deui can tangtu hasil pamaksudan. >> Komo mun eusi butut, ditepikeun kucara nu butut mah, kuriak moal aya >> alaeunana pisan. >> >> Nu matak cenah Kanjeng Rosul mun ngawuruk ka para sahabat sok make metode >> nu jempolan, make jurus "uswatun hasanah" tea cenah. Ku jalan mere conto nu >> hade. Jigana aya hadena mun urang hayang nepikeun ideu ka nu lian, niron >> jurus eta nya. >> >> >> 2011/11/15 Abbas Amin <abas_amin08@...> >> >> > ** >> > >> > >> > Keur nu memang aya kahayang diajar Basa Sunda Priangan nu bener; ieu >> > tulisan dijieun teh. Tah kuring Nyureng mun aya atawa LOBA nu keuheul ku >> > nulis ieu tulisan ? Asa teu kaharti aya urang Sunda nu keuheul ka na maksud >> > hade ieu tulisan !? Asa teu jaharti ku akal ! >> > >> > Jadi mun aya USboh ti cirebon, Bogor, tawa Banten, embung diajar Sunda >> > Priangan teu nanaon. Ngan ulah make nu disebut BASA Sunda LEMES bari teu >> > bener ! maning tong dipake sama sakali ! >> > >> > Jadi lamun memang kecap DAMANG; KULEM dipake; nya pake bari jeung aturan >> > nu geus biasa baheula dilakukeun. Aya palenggeranana. Ulah sakahayang >> > sorangan wae. >> > >> > Jadi ka sakumna US mu hayang diajar basa Sunda Priangan tah ayeuna kuring >> > nurunkeun tulisan kumaha cara2 na Basa Sunda Priangan nu bener. >> > >> > Ka sing saha US nu embung diajar UUBS nya seug teh teuing kuma dinya ! >> > Ngan mun bisa ulah make kecap damang rama raka jst ari tewu bisa makena >> > mah; sabab bakal nerekabkeun Basa Sunda Priangan nu sakahayang tea. Piraku >> > sugan hayang boga dulur sabangsa nu ngaraco kabeh ? Kena2 urang ngaco trus >> > batur kabeh kudu NGACO !? >> > >> > Tah eta nu disebut SETAN mangrupa MANUSA teh; nu nerekabkeun nu teu bener ! >> > >> > HANCA >> > >> > > > > >
