Mangga dilajeng Bah AA, dikeureuyeuh we. Engke ge biasa. Da sami uing ge
masih diajar.

2011/11/16 Abbas <[email protected]>

> **
>
>
> Hatur nuhun kh; memang rada hese mikeun pangarti nu model kieu mah; ari
> nungguan nu bisaeun; euweuh wae jol tuda; nya kuring lahaola we; mun bisa
> mah nu leuwih alus babasanna cing atuh haat nulis model kieu nodel kang
> oman tah.
>
>
> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> > Hehehe. Mun ku nu anyar pinanggih mah matak soak nya.
> >
> > Sapanitenan uing, sapanjang bulan ieu, oge sababaraha bulan samemehna,
> asa
> > teu aya postingan, nu bisa ngahudang maung turun gurung. Duka kunaon
> > sasakalana nu nyababkeun Bah AA ngirim postingan nu eusina rada tara ti
> > sasari. Asa teu gugur, teu angin, ngagadak aya angin puyuh lilimbungan.
> >
> > Ieu mah ngan ukur keur babagi pamanggih wae. Ceuk cenah, boh kuer tukang
> > da'wah oge tukang ngatik, ada dua hal nu perlu dijadikeun bahan
> > tinimbangan. Ari nu kahijina, ceuk mang lebe mah, cenah eusining pesen.
> Tah
> > nu kaduana cenah cara, atawa metoda nepikeun eusining pesen. Eta dua hal
> > teh cenah bisa gede pangaruhna kana nepi henteuna pesen ka sasaran nu
> > dimaksud. Eusi hade, carana butut, can tangtu aya nu ngadengekeun, kalah
> > barirat. Eusina butut, carana hade, kitu deui can tangtu hasil
> pamaksudan.
> > Komo mun eusi butut, ditepikeun kucara nu butut mah, kuriak moal aya
> > alaeunana pisan.
> >
> > Nu matak cenah Kanjeng Rosul mun ngawuruk ka para sahabat sok make metode
> > nu jempolan, make jurus "uswatun hasanah" tea cenah. Ku jalan mere conto
> nu
> > hade. Jigana aya hadena mun urang hayang nepikeun ideu ka nu lian, niron
> > jurus eta nya.
> >
> >
> > 2011/11/15 Abbas Amin <abas_amin08@...>
> >
> > > **
>
> > >
> > >
> > > Keur nu memang aya kahayang diajar Basa Sunda Priangan nu bener; ieu
> > > tulisan dijieun teh. Tah kuring Nyureng mun aya atawa LOBA nu keuheul
> ku
> > > nulis ieu tulisan ? Asa teu kaharti aya urang Sunda nu keuheul ka na
> maksud
> > > hade ieu tulisan !? Asa teu jaharti ku akal !
> > >
> > > Jadi mun aya USboh ti cirebon, Bogor, tawa Banten, embung diajar Sunda
> > > Priangan teu nanaon. Ngan ulah make nu disebut BASA Sunda LEMES bari
> teu
> > > bener ! maning tong dipake sama sakali !
> > >
> > > Jadi lamun memang kecap DAMANG; KULEM dipake; nya pake bari jeung
> aturan
> > > nu geus biasa baheula dilakukeun. Aya palenggeranana. Ulah sakahayang
> > > sorangan wae.
> > >
> > > Jadi ka sakumna US mu hayang diajar basa Sunda Priangan tah ayeuna
> kuring
> > > nurunkeun tulisan kumaha cara2 na Basa Sunda Priangan nu bener.
> > >
> > > Ka sing saha US nu embung diajar UUBS nya seug teh teuing kuma dinya !
> > > Ngan mun bisa ulah make kecap damang rama raka jst ari tewu bisa makena
> > > mah; sabab bakal nerekabkeun Basa Sunda Priangan nu sakahayang tea.
> Piraku
> > > sugan hayang boga dulur sabangsa nu ngaraco kabeh ? Kena2 urang ngaco
> trus
> > > batur kabeh kudu NGACO !?
> > >
> > > Tah eta nu disebut SETAN mangrupa MANUSA teh; nu nerekabkeun nu teu
> bener !
> > >
> > > HANCA
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke