Reusep basa bantenan teh,ngan aya sababaraha ucap tu teu kaharti(acan kaharti), cing punteun "pangnerjemahkeun"(bener kitu ieu teh he he ) Ngalage = ngalegeg,polontong,LG(oba gaya)?? Gedut = ? Doang bencong bae lagean dia = Silaing jiga banci wungkul panglage burunganan = ? ngaleuya = ngalayah?,loba pisan?
Nuhun --- On Wed, 12/14/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote: From: Ki Hasan <[email protected]> Subject: [kisunda] Fikmin - "Ngalage" (Basa Bantenan) To: "Ki Sunda" <[email protected]> Cc: "Baraya Sunda" <[email protected]>, "Urang Sunda" <[email protected]> Date: Wednesday, December 14, 2011, 6:09 PM Fikmin - #Ngalage# Rohendi Pandeglang Ukel geus muringkel tepi ka muter pigeulangan. "Dia ngalage doang bebegig". Kitu peunteun ti bapa. Cindek, usik malik, gedut, tepi kandel talapok cokor. "Dia ngalage doang kotok lembeng". Kitu keneh peunteun ti ema. Sakali deui kami keupat, mincid, galieur, galeong, tindak tilu, mamandapan tepi ka leuleus tulang sandi. "Doang bencong bae lagean dia", deui bae peunteun lanceuk. Kula teu kudu jadi panglage burunganan, najan kulawarga tukang nukitu. Kula rek jadi tukang meunteun jeung nyawad welah. Rek ngageunggeureuhkeun nu ngalage dikantor-kantor kwari. Ja ngaleuya sing gareyot.
