Otak geus muringkel nepi ka muter beuheung "Sia ngigel jiga bebegig (anu aya di 
tengah sawah pikeun nyingsieunan manuk piit)"
Kitu punteun ti bapa, Cindek, usik malik, kedut, nepi kandel talapak suku
"Sia ngigel jiga kotok lembeng (kotok anu kena ku panyakit ayan/tetelo)". Kitu 
keneh peunteun ti ema
Sakali deui kuring keupat, mincid, galieur, galeong, tindak tilu, mamandapan 
Nepi ka leuleus tulang sandi. "Jiga bencong wae igelan maneh", kitu deui 
penteun lanceuk.
Uing teu kudu jadi pangigel goreng, najan kulawarga tukang nukitu
Uing rek jadi tukang meunteun jeung nyawad we lah
Rek ngageunggereuhkeun nu ngigel di kantor-kantor kiwari (ayeuna). Da loba sing 
gareyot (ieu nyimbolkeun pagawe/pajabat anu loba gaya bari beuteungna garendut)
 
 

________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]> 
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Rabu, 14 Desember 2011 18:09
Judul: [kisunda] Fikmin - "Ngalage" (Basa Bantenan)
 

 
   
 
Fikmin - #Ngalage#
Rohendi Pandeglang

Ukel geus muringkel tepi ka muter pigeulangan. "Dia ngalage doang bebegig". 
Kitu peunteun ti bapa. Cindek, usik malik, gedut, tepi kandel talapok cokor. 
"Dia ngalage doang kotok lembeng". Kitu keneh peunteun ti ema. 
Sakali deui kami keupat, mincid, galieur, galeong, tindak tilu, mamandapan 
tepi ka leuleus tulang sandi. "Doang bencong bae lagean dia", deui bae peunteun 
lanceuk.
Kula teu kudu jadi panglage burunganan, najan kulawarga tukang nukitu.
Kula rek jadi tukang meunteun jeung nyawad welah.
Rek ngageunggeureuhkeun nu ngalage dikantor-kantor kwari. Ja ngaleuya sing 
gareyot.


   
      

Kirim email ke