Ngiring medar pangalaman ah.. Kamari saptu minggu kabeneran buburuh teh pere heula atuh bral bae mulang ka Garut, isuk-isuk ti Cikarang teh ngan, edas bae ari geus kulawarga mah komo boga budak leutik keneh mah angkaribung sagala dibawa, sakantong baju budak jeung indungna, sakantong deui susu, cai jeung botolna. beus Karunia Bakti ti Cikarang ka Garut teh mangkat jan 8 isuk ti terminal Cikarang, atuh biur bae ti imah teh naek motor ka jalan gede budak diais ku indungna, leungen katuhu indungna ngelek tas leungeun, ditukang rangsel digandong diluhureun tengki sarangsel deui, ampun teuing, ngan ngawayahnakeun da ceuk bahasa lembur kuring mah geus "adat"na ari geus boga kulawarga mah, motor diditipkeun di kontrakan ki adi, naek angkot ka terminal geus telat 15 menit ngan Alhamdulillah beus teh aya keneh, nya cat bae unggah kana beus lunga-lengo neangan bangku dua nu kosong, menang di beh tengah, sok sok babawaan dibeberes, geus tarapti mah ngalageday nyekelan budak da indungna tak takna cangkeuleun.
Teu kacatur dijalanna pabeubeurang geus nepi ka Garut di jemput ku lanceuk ipar di terminal (lanceuk ipar basa sundana naonnya?), anjog ka imah nya kitu bae sabiasana nu silaturahmi kulawarga, ngawangkong kaditu kadieu nepi ka peuting. kacaturkeun poe minggu sore kuring kudu mulang deui ka Cikarang da ari aran badega mah kumaha dunungan gawe kasengker ku waktu, jam satengah tilu sore ka terminal dianteur ku lanceuk ipar oge, muru beus Karunia Bakti oge nu ka Cikarangkeun, kabeneran beus teh kakara jig mangkat atuh disusul nepi ka bunderan Tarogong, beus teh geus pinuh, geus teu kabagian tempat diuk, atuh ngajengjen bae bari pasesedek, girimis marurag ti keur lohor mula marengan laju lampah kuring nu mulang ka tempat pakasaban, jam satengah lima sore, reg, beus ngarandeg di daerah Ranca ekek, dihareup mobil ngatay bari pasesedek, macet geuning, beja ti nu ngaromong mah cenah mah dideukeut Kahatek banjir sa cangkeng, atuh supir jeung kenek ting jarorowok "ngatur strategi" kumaha pilampaheun, kumaha lamun ka parakan muncang bae cenah, ceuk beja oge di parakan muncang banjir sa iga, atuh pasrah bae antukna mah muturkeun mobil nu dihareup, kitu jeung kitu bae mobil teh rundag randeg, dari pada kesel pasesedek di jero beus, atuh jrut bae kuring turun leumpang mapay troroar bareng jeung beus nu majuna rundag-randeg, satengah dalapan harita teh di jajaran pang katuhuna katingali aya nagkot bodas pulas hejo bagian handapna, nu matak narik tina eta angkot teh nya eusina, dijero angkot teh loba kardus gede narumpuk teuing naon eusina, aya oge tolombong nu eusina termos jeung kopi instan ngagarantung (punten) kawas daganganna tukang asongan, nu pang narikna tina eta angkot teh jalma-jalma nu numpakna, aya sababaraha nonoman aya oge lalaki tengan tuwuh nu sawareh marake topi nu sawareh deui marake iket sunda, aya oge wayang golek (si cepot) nu ditongholkeun tina kaca angkot bari digulak-gilek (diigelkeun) sakapeng dikaluarkeun oge tokoh wayang nu sejen arjuna atawa saha lah kuring teu pati apal, hayang ningali leuwih jelas deui, atuh cat deui bae kuring unggah kana beus, tonggoy ningalikeun rengkak paripolahna nu dina angkot nepi ka leungitna diteureuy macet, beus terus rundag-randeg nya nepi ka puncakna nu banjir, banjirna mah ngan sa tuur, ngan edas bae motor mah teu bisa jalan da kakeueum atuh ngadon didarorong, kitu oge mobil nu pendek mah geus ngahenggeu di tengah jalan, aya oge motor harley davidson sababaraha siki ngajalugrug hareupeun alpamat, kitu oge rombongan motor nu tas mulang tisarakanna ting jalugrug minuhan trotoar atuh nu numpakna pada nyangsaya hareupeun warung nu geus narutup, aya nu narik oge kana tetempoan kuring aya lalaki make calana hideung, make baju kaos biru make iket sunda keur ngawawancara salah saurang lalaki tengan tuwuh nu aya didinya, panumpang sagigireun kuring nyarita bari surungah-serengeh ngomongkeun nu motorna mogok nu numpakna terus tarurun bari ngadodorong motor kasisi jalan, aya oge panumpang anu nanya, kajadian kieu teh (nyatana banjir tea) urang kudu nyalahkeun saha? ngan pertanyaan eta teh di jawab keneh kumanehna sorangan cenah mah nu kudu disalahkeun mah diri urang sorangan, sajongjongan kuring mikir, Pangeran mere "pepeling" teh geuning keur sarerea teu pipihin nu boga motor, nu boga mobil, nu boga harley davidson, kuring oge jadi mikir saha atuh nu dina angkot nu marake iket sunda teh? saha atuh eta lalaki nu keur ngawawancara teh? boa-boa balad ki sunda di ieu milis mun enya teh hampura kuring nu ukur bisa ningali jeung nyengseurikeun wungkul, boro-boro bisa nyampeurkeun ngajak wawanohan, nanya oge henteu, malah mah ngadon biur bae ninggalkeun nu keur kekerelepan dina banjir sapeupeuting, hampura dulur, hampura Ranca ekek, kuring ngahelas ningali tatar sunda ngalaman kawas kieu. Hatur nuhun.
