Aya sababaraha komunitas nu resep marake iket teh. Mun teu salah aya reporter TV. Aya baladna Kang Agus Roche, ti Komunitas Iket Sunda (KIS) nu kiwari keur pameran iket.
2011/12/26 dodi nuryadin <[email protected]> > ** > > > Ngiring medar pangalaman ah.. > > Kamari saptu minggu kabeneran buburuh teh pere heula atuh bral bae mulang > ka Garut, isuk-isuk ti Cikarang teh ngan, edas bae ari geus kulawarga mah > komo boga budak leutik keneh mah angkaribung sagala dibawa, sakantong baju > budak jeung indungna, sakantong deui susu, cai jeung botolna. beus Karunia > Bakti ti Cikarang ka Garut teh mangkat jan 8 isuk ti terminal Cikarang, > atuh biur bae ti imah teh naek motor ka jalan gede budak diais ku indungna, > leungen katuhu indungna ngelek tas leungeun, ditukang rangsel digandong > diluhureun tengki sarangsel deui, ampun teuing, ngan ngawayahnakeun da ceuk > bahasa lembur kuring mah geus "adat"na ari geus boga kulawarga mah, motor > diditipkeun di kontrakan ki adi, naek angkot ka terminal geus telat 15 > menit ngan Alhamdulillah beus teh aya keneh, nya cat bae unggah kana beus > lunga-lengo neangan bangku dua nu kosong, menang di beh tengah, sok sok > babawaan dibeberes, geus tarapti mah ngalageday nyekelan budak da indungna > tak takna cangkeuleun. > > Teu kacatur dijalanna pabeubeurang geus nepi ka Garut di jemput ku lanceuk > ipar di terminal (lanceuk ipar basa sundana naonnya?), anjog ka imah nya > kitu bae sabiasana nu silaturahmi kulawarga, ngawangkong kaditu kadieu nepi > ka peuting. > > kacaturkeun poe minggu sore kuring kudu mulang deui ka Cikarang da ari > aran badega mah kumaha dunungan gawe kasengker ku waktu, jam satengah tilu > sore ka terminal dianteur ku lanceuk ipar oge, muru beus Karunia Bakti oge > nu ka Cikarangkeun, kabeneran beus teh kakara jig mangkat atuh disusul nepi > ka bunderan Tarogong, beus teh geus pinuh, geus teu kabagian tempat diuk, > atuh ngajengjen bae bari pasesedek, girimis marurag ti keur lohor mula > marengan laju lampah kuring nu mulang ka tempat pakasaban, jam satengah > lima sore, reg, beus ngarandeg di daerah Ranca ekek, dihareup mobil ngatay > bari pasesedek, macet geuning, beja ti nu ngaromong mah cenah mah dideukeut > Kahatek banjir sa cangkeng, atuh supir jeung kenek ting jarorowok "ngatur > strategi" kumaha pilampaheun, kumaha lamun ka parakan muncang bae cenah, > ceuk beja oge di parakan muncang banjir sa iga, atuh pasrah bae antukna mah > muturkeun mobil nu dihareup, kitu jeung kitu bae mobil teh rundag randeg, > dari pada kesel pasesedek di jero beus, atuh jrut bae kuring turun leumpang > mapay troroar bareng jeung beus nu majuna rundag-randeg, satengah dalapan > harita teh di jajaran pang katuhuna katingali aya nagkot bodas pulas hejo > bagian handapna, nu matak narik tina eta angkot teh nya eusina, dijero > angkot teh loba kardus gede narumpuk teuing naon eusina, aya oge tolombong > nu eusina termos jeung kopi instan ngagarantung (punten) kawas daganganna > tukang asongan, nu pang narikna tina eta angkot teh jalma-jalma nu > numpakna, aya sababaraha nonoman aya oge lalaki tengan tuwuh nu sawareh > marake topi nu sawareh deui marake iket sunda, aya oge wayang golek (si > cepot) nu ditongholkeun tina kaca angkot bari digulak-gilek (diigelkeun) > sakapeng dikaluarkeun oge tokoh wayang nu sejen arjuna atawa saha lah > kuring teu pati apal, hayang ningali leuwih jelas deui, atuh cat deui bae > kuring unggah kana beus, tonggoy ningalikeun rengkak paripolahna nu dina > angkot nepi ka leungitna diteureuy macet, beus terus rundag-randeg nya nepi > ka puncakna nu banjir, banjirna mah ngan sa tuur, ngan edas bae motor mah > teu bisa jalan da kakeueum atuh ngadon didarorong, kitu oge mobil nu pendek > mah geus ngahenggeu di tengah jalan, aya oge motor harley davidson > sababaraha siki ngajalugrug hareupeun alpamat, kitu oge rombongan motor nu > tas mulang tisarakanna ting jalugrug minuhan trotoar atuh nu numpakna pada > nyangsaya hareupeun warung nu geus narutup, aya nu narik oge kana tetempoan > kuring aya lalaki make calana hideung, make baju kaos biru make iket sunda > keur ngawawancara salah saurang lalaki tengan tuwuh nu aya didinya, > panumpang sagigireun kuring nyarita bari surungah-serengeh ngomongkeun nu > motorna mogok nu numpakna terus tarurun bari ngadodorong motor kasisi > jalan, aya oge panumpang anu nanya, kajadian kieu teh (nyatana banjir tea) > urang kudu nyalahkeun saha? ngan pertanyaan eta teh di jawab keneh > kumanehna sorangan cenah mah nu kudu disalahkeun mah diri urang sorangan, > sajongjongan kuring mikir, Pangeran mere "pepeling" teh geuning keur > sarerea teu pipihin nu boga motor, nu boga mobil, nu boga harley davidson, > kuring oge jadi mikir saha atuh nu dina angkot nu marake iket sunda teh? > saha atuh eta lalaki nu keur ngawawancara teh? boa-boa balad ki sunda di > ieu milis mun enya teh hampura kuring nu ukur bisa ningali jeung > nyengseurikeun wungkul, boro-boro bisa nyampeurkeun ngajak wawanohan, nanya > oge henteu, malah mah ngadon biur bae ninggalkeun nu keur kekerelepan dina > banjir sapeupeuting, hampura dulur, hampura Ranca ekek, kuring ngahelas > ningali tatar sunda ngalaman kawas kieu. > > Hatur nuhun. > > >
