Kang Dodi,
Ipar = Dahuan
On 12/26/2011 02:46 PM, dodi nuryadin wrote:
Ngiring medar pangalaman ah..
Kamari saptu minggu kabeneran buburuh teh pere heula atuh bral bae
mulang ka Garut, isuk-isuk ti Cikarang teh ngan, edas bae ari geus
kulawarga mah komo boga budak leutik keneh mah angkaribung sagala
dibawa, sakantong baju budak jeung indungna, sakantong deui susu, cai
jeung botolna. beus Karunia Bakti ti Cikarang ka Garut teh mangkat jan
8 isuk ti terminal Cikarang, atuh biur bae ti imah teh naek motor ka
jalan gede budak diais ku indungna, leungen katuhu indungna ngelek tas
leungeun, ditukang rangsel digandong diluhureun tengki sarangsel deui,
ampun teuing, ngan ngawayahnakeun da ceuk bahasa lembur kuring mah
geus "adat"na ari geus boga kulawarga mah, motor diditipkeun di
kontrakan ki adi, naek angkot ka terminal geus telat 15 menit ngan
Alhamdulillah beus teh aya keneh, nya cat bae unggah kana beus
lunga-lengo neangan bangku dua nu kosong, menang di beh tengah, sok
sok babawaan dibeberes, geus tarapti mah ngalageday nyekelan budak da
indungna tak takna cangkeuleun.
Teu kacatur dijalanna pabeubeurang geus nepi ka Garut di jemput ku
lanceuk ipar di terminal (lanceuk ipar basa sundana naonnya?), anjog
ka imah nya kitu bae sabiasana nu silaturahmi kulawarga, ngawangkong
kaditu kadieu nepi ka peuting.
kacaturkeun poe minggu sore kuring kudu mulang deui ka Cikarang da ari
aran badega mah kumaha dunungan gawe kasengker ku waktu, jam satengah
tilu sore ka terminal dianteur ku lanceuk ipar oge, muru beus Karunia
Bakti oge nu ka Cikarangkeun, kabeneran beus teh kakara jig mangkat
atuh disusul nepi ka bunderan Tarogong, beus teh geus pinuh, geus teu
kabagian tempat diuk, atuh ngajengjen bae bari pasesedek, girimis
marurag ti keur lohor mula marengan laju lampah kuring nu mulang ka
tempat pakasaban, jam satengah lima sore, reg, beus ngarandeg di
daerah Ranca ekek, dihareup mobil ngatay bari pasesedek, macet
geuning, beja ti nu ngaromong mah cenah mah dideukeut Kahatek banjir
sa cangkeng, atuh supir jeung kenek ting jarorowok "ngatur strategi"
kumaha pilampaheun, kumaha lamun ka parakan muncang bae cenah, ceuk
beja oge di parakan muncang banjir sa iga, atuh pasrah bae antukna mah
muturkeun mobil nu dihareup, kitu jeung kitu bae mobil teh rundag
randeg, dari pada kesel pasesedek di jero beus, atuh jrut bae kuring
turun leumpang mapay troroar bareng jeung beus nu majuna
rundag-randeg, satengah dalapan harita teh di jajaran pang katuhuna
katingali aya nagkot bodas pulas hejo bagian handapna, nu matak narik
tina eta angkot teh nya eusina, dijero angkot teh loba kardus gede
narumpuk teuing naon eusina, aya oge tolombong nu eusina termos jeung
kopi instan ngagarantung (punten) kawas daganganna tukang asongan, nu
pang narikna tina eta angkot teh jalma-jalma nu numpakna, aya
sababaraha nonoman aya oge lalaki tengan tuwuh nu sawareh marake topi
nu sawareh deui marake iket sunda, aya oge wayang golek (si cepot) nu
ditongholkeun tina kaca angkot bari digulak-gilek (diigelkeun)
sakapeng dikaluarkeun oge tokoh wayang nu sejen arjuna atawa saha lah
kuring teu pati apal, hayang ningali leuwih jelas deui, atuh cat deui
bae kuring unggah kana beus, tonggoy ningalikeun rengkak paripolahna
nu dina angkot nepi ka leungitna diteureuy macet, beus terus
rundag-randeg nya nepi ka puncakna nu banjir, banjirna mah ngan sa
tuur, ngan edas bae motor mah teu bisa jalan da kakeueum atuh ngadon
didarorong, kitu oge mobil nu pendek mah geus ngahenggeu di tengah
jalan, aya oge motor harley davidson sababaraha siki ngajalugrug
hareupeun alpamat, kitu oge rombongan motor nu tas mulang tisarakanna
ting jalugrug minuhan trotoar atuh nu numpakna pada nyangsaya
hareupeun warung nu geus narutup, aya nu narik oge kana tetempoan
kuring aya lalaki make calana hideung, make baju kaos biru make iket
sunda keur ngawawancara salah saurang lalaki tengan tuwuh nu aya
didinya, panumpang sagigireun kuring nyarita bari surungah-serengeh
ngomongkeun nu motorna mogok nu numpakna terus tarurun bari
ngadodorong motor kasisi jalan, aya oge panumpang anu nanya, kajadian
kieu teh (nyatana banjir tea) urang kudu nyalahkeun saha? ngan
pertanyaan eta teh di jawab keneh kumanehna sorangan cenah mah nu kudu
disalahkeun mah diri urang sorangan, sajongjongan kuring mikir,
Pangeran mere "pepeling" teh geuning keur sarerea teu pipihin nu boga
motor, nu boga mobil, nu boga harley davidson, kuring oge jadi mikir
saha atuh nu dina angkot nu marake iket sunda teh? saha atuh eta
lalaki nu keur ngawawancara teh? boa-boa balad ki sunda di ieu milis
mun enya teh hampura kuring nu ukur bisa ningali jeung nyengseurikeun
wungkul, boro-boro bisa nyampeurkeun ngajak wawanohan, nanya oge
henteu, malah mah ngadon biur bae ninggalkeun nu keur kekerelepan dina
banjir sapeupeuting, hampura dulur, hampura Ranca ekek, kuring
ngahelas ningali tatar sunda ngalaman kawas kieu.
Hatur nuhun.
Reply to sender
<mailto:[email protected]?subject=Re%3A%20Saha%20eta%20teh%20nya%2C%20hampura%20kuring%2E%2E%21%21>
| Reply to group
<mailto:[email protected]?subject=Re%3A%20Saha%20eta%20teh%20nya%2C%20hampura%20kuring%2E%2E%21%21>
| Reply via web post
<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/post;_ylc=X3oDMTJxNzRtNzNiBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzUzMDkyBHNlYwNmdHIEc2xrA3JwbHkEc3RpbWUDMTMyNDg4NTYyMA--?act=reply&messageNum=53092>
| Start a New Topic
<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/post;_ylc=X3oDMTJlOTVxMTNlBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwNmdHIEc2xrA250cGMEc3RpbWUDMTMyNDg4NTYyMA-->
Messages in this topic
<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/53092;_ylc=X3oDMTM2MjhmMzYwBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzUzMDkyBHNlYwNmdHIEc2xrA3Z0cGMEc3RpbWUDMTMyNDg4NTYyMAR0cGNJZAM1MzA5Mg-->
(1)
Recent Activity:
* New Members
<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/members;_ylc=X3oDMTJmNGg5aW8yBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZtYnJzBHN0aW1lAzEzMjQ4ODU2MjA-?o=6>
1
* New Files
<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/files;_ylc=X3oDMTJnaTJicXEyBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZmaWxlcwRzdGltZQMxMzI0ODg1NjIw>
1
Visit Your Group
<http://groups.yahoo.com/group/kisunda;_ylc=X3oDMTJlM21ibHV1BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwN2dGwEc2xrA3ZnaHAEc3RpbWUDMTMyNDg4NTYyMA-->