Kang Abas, kuring sok nyimak ieu Cersil. Dina cersil anu jadi jagoan teh Si Jalma. Ieu si Sajlma misterius, mun istilah basa Indonesia teh "Seseorang" anu henteu nyaho ngarana. Meureun di ending caritana bakal kanyahoan meureun si Jalma teh ngaranan Jaka Lalana he..he..he..
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Senin, 26 Maret 2012 14:40 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 138 Episode ka – 45 ka Gunung Cereme Barang Jalma keur ngalumpatkeun kudana, persis ngaliwatan jalan satapak nu loba pisan kakaian, jol2 aya tali nu mucunghul megatan jalan atuh kudana harita keneh ti gubrag, mani bebenger, Jalma oge kabanting keun, untung manehna masih bisa koprol, jadi teu nyeri2 teuing labuhna, jol rob we aya sababaraha hiji jelema kalaluar ti na jero kakaian, bari mamawa senjata nu rata2 sabangsa arit galede ( Clurit tea meureun ); nenjo Jalma siga nu teu walakaya, terus we cluritna diantelkeun ka na beuheung Jalma; bari ngomong :”Heh budak ngora ! Pasrahkeun barang2 maneh, mun heunteu, beuheung maneh sapat !” “kumaha uing rek masrahkeun, kapan ilaing geus ngancam beuheung uing, atuh uing teu bisa hudang2 acan.”Cek Jalma kalem. “Sebutkeun we di mana2na, ke ku aing dicokotna, jeung ku balad2 aing.” “Terus kuring rek dikumahakeun ayeuna ? Naha rek dipaehan ? Atuh meureun teu guna kuring mikeun barang kuring, ari keukeuh rek dipaehaan mah.” “Podaran we sakalian !” Cek salah saurang eta kumpulan jelema. Sigana mah ieu teh kumpulan begal.”Engke urang teangan ku urang sorangan.” Omongna bari kaciri beungeutna kejem pisan. Ah jeung jelema karieu mah, teu guna2 aing ngobrol, cek Jalma di na hatena; bari ngan sakilat ngadorong leungeun eta begal; nu langsung aduh2an aritna lesot; terus we ditinggang sakali gadona atuh harita keneh ge KO. Begal2 nu sejen, keur kaget, samemeh rek gerak geus dipiheulaan manten ku Jalma; nu ngan sakilat2 geus ngabagi toyoran2 ka eta para begal nu kaciri saradis pisan; toyoran2 Jalma ayeunaa mah teu asa2 deui; atuh ting jurahroh para begal teh teu mangga pulia. Jalma terus we nyampeurkeun kudana; rada ingked2an eta kuda bodas teh; wah gara2 eta para begal sigana aing kapaksa kudu indit tanpa kuda. Manehna nyaaheun ka eta kuda, tapi kudu kumaha deui, nya manehna ngomong ka si kuda :”Jung we ilaing indit ka mana oge, neangan nasib, uing geus teu bisa deui ngajaga maneh.” Geus kitu mah belenyeng wae Jalma indit sorangan , neangan tempat Walet Hideung tea, nya ahirna anjog ka hiji tempat nu rada luhur, terus tunja tenjo ka handap, wah endah oge geuning ieu pamandangan di gunung Cerene teh ? Manehna nempo di hiji tempat dihandap ngarupakeun landeuh, disisina aya susukan, katempo haseup ngebul. Wah di dinya aya pakampungan, cing aing rek nyoba ka dinya. Terus we Jalma lumpat tarik nuju ka eta landeuh. Ari geus dituju mah, nyata eta landeuh teh jauh oge; Jalma eureun heula sisi jalan satapak, karasa beuteung lapar. Jalma bari mikir, aduh kamana ayeuna aing kudu barang dahar ? Jaba lapar, jaba hanaang. Jauh ka ditu ka dieu, pepelakan ge di dieu mah ampir euweuh nanaon. Ah kapaksa aing kudu nuju tempat itu nu aya ditutugan ieu Gunung Cereme. Nya bari nahan lapar jeung haus, Jalma neruskeun lampahna, ayeuna mah teu wani lumpat deui, nikreuh we manehna teh. HANCA
