apanan aya ngaran Jalma nu aslina teh. mun teu salah mah basa Jalma pendak 
jeung emana, disebutkeun ngaran Jalma nu aslina ku emana. 


________________________________
 Dari: Sp Saprudin <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Senin, 26 Maret 2012 15:09
Judul: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 138
 

  
Kang Abas, kuring sok nyimak ieu Cersil. Dina cersil anu jadi jagoan teh Si 
Jalma. Ieu si Sajlma misterius, mun istilah basa Indonesia teh "Seseorang" anu 
henteu nyaho ngarana. Meureun di ending caritana bakal kanyahoan meureun si 
Jalma teh ngaranan Jaka Lalana he..he..he..

Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Senin, 26 Maret 2012 14:40
Judul: [kisunda] Cersil Sunda 138
 
  
Episode
ka – 45 ka Gunung Cereme
Barang Jalma
keur ngalumpatkeun kudana, persis ngaliwatan jalan satapak nu loba pisan
kakaian, jol2 aya tali nu mucunghul megatan jalan atuh kudana harita keneh ti
gubrag, mani bebenger, Jalma oge kabanting keun, untung manehna masih bisa
koprol, jadi teu nyeri2 teuing labuhna, jol rob we aya sababaraha hiji jelema
kalaluar ti na jero kakaian, bari mamawa senjata nu rata2 sabangsa arit galede
( Clurit tea meureun ); nenjo Jalma siga nu teu walakaya, terus we cluritna 
diantelkeun
ka na beuheung Jalma; bari ngomong :”Heh budak ngora ! Pasrahkeun barang2
maneh, mun heunteu, beuheung maneh sapat !”
“kumaha uing
rek masrahkeun, kapan ilaing geus ngancam beuheung uing, atuh uing teu bisa
hudang2 acan.”Cek Jalma kalem.
“Sebutkeun
we di mana2na, ke ku aing dicokotna, jeung ku balad2 aing.” 
“Terus
kuring rek dikumahakeun ayeuna ? Naha rek dipaehan ? Atuh meureun teu guna
kuring mikeun barang kuring, ari keukeuh rek dipaehaan mah.”
“Podaran we
sakalian !” Cek salah saurang eta kumpulan jelema. Sigana mah ieu teh kumpulan
begal.”Engke urang teangan ku urang sorangan.” Omongna bari kaciri beungeutna
kejem pisan.
Ah jeung
jelema karieu mah, teu guna2 aing ngobrol, cek Jalma di na hatena; bari ngan
sakilat ngadorong leungeun eta begal; nu langsung aduh2an aritna lesot; terus
we ditinggang sakali gadona atuh harita keneh ge KO.
Begal2 nu
sejen, keur kaget, samemeh rek gerak geus dipiheulaan manten ku Jalma; nu ngan
sakilat2 geus ngabagi toyoran2 ka eta para begal nu kaciri saradis pisan; 
toyoran2
Jalma ayeunaa mah teu asa2 deui; atuh ting jurahroh para begal teh teu mangga
pulia.
Jalma terus
we nyampeurkeun kudana; rada ingked2an eta kuda bodas teh; wah gara2 eta para
begal sigana aing kapaksa kudu indit tanpa kuda. Manehna nyaaheun ka eta kuda,
tapi kudu kumaha deui, nya manehna ngomong ka si kuda :”Jung we ilaing indit ka
mana oge, neangan nasib, uing geus teu bisa deui ngajaga maneh.” Geus kitu mah
belenyeng wae Jalma indit sorangan , neangan tempat Walet Hideung tea, nya
ahirna anjog ka hiji tempat nu rada luhur, terus tunja tenjo ka handap, wah
endah oge geuning ieu pamandangan di gunung Cerene teh ?
Manehna
nempo di hiji tempat dihandap ngarupakeun landeuh, disisina aya susukan,
katempo haseup ngebul. Wah di dinya aya pakampungan, cing aing rek nyoba ka
dinya. Terus we Jalma lumpat tarik nuju ka eta landeuh. Ari geus dituju mah,
nyata eta landeuh teh jauh oge; Jalma eureun heula sisi jalan satapak, karasa
beuteung lapar.
Jalma bari
mikir, aduh kamana ayeuna aing kudu barang dahar ? Jaba lapar, jaba hanaang.
Jauh ka ditu ka dieu, pepelakan ge di dieu mah ampir euweuh nanaon. Ah kapaksa
aing kudu nuju tempat itu nu aya ditutugan ieu Gunung Cereme.
Nya bari
nahan lapar jeung haus, Jalma neruskeun lampahna, ayeuna mah teu wani lumpat
deui, nikreuh we manehna teh.
HANCA

    
 

Kirim email ke