Sim Kuring tos kawengku/kabeungkeut ku karakter Jalma; dimana Jalma karakterna 
kiat; moaal ngagentos nami aari teu aya alesan nu jelas mah. Hehehehe.

--- In [email protected], Aliyudin Sofyan <aliyudinsofyan@...> wrote:
>
> Lamun teu salah mah di episode ka 33 aya carita soal ngaran aslina si Jalma, 
> Santika. Duka tah lamun engke ngaranna diganti mah ku si abah......
> 
> 
> 
> 
> --- On Mon, 3/26/12, Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
> 
> From: Sp Saprudin <udarider@...>
> Subject: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 138
> To: "[email protected]" <[email protected]>
> Date: Monday, March 26, 2012, 3:09 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
>     
>       
>       
>       Kang Abas, kuring sok nyimak ieu Cersil. Dina cersil anu jadi jagoan 
> teh Si Jalma. Ieu si Sajlma misterius, mun istilah basa Indonesia teh 
> "Seseorang" anu henteu nyaho ngarana. Meureun di ending caritana bakal 
> kanyahoan meureun si Jalma teh ngaranan Jaka Lalana he..he..he..
>         Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
>  Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
>  Dikirim: Senin, 26 Maret 2012 14:40
>  Judul: [kisunda] Cersil Sunda 138
>    
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
>     
>       
>       
>       
> 
> Episode
> ka â€" 45 ka Gunung Cereme 
> 
> Barang Jalma
> keur ngalumpatkeun kudana, persis ngaliwatan jalan satapak nu loba pisan
> kakaian, jol2 aya tali nu mucunghul megatan jalan atuh kudana harita keneh ti
> gubrag, mani bebenger, Jalma oge kabanting keun, untung manehna masih bisa
> koprol, jadi teu nyeri2 teuing labuhna, jol rob we aya sababaraha hiji jelema
> kalaluar ti na jero kakaian, bari mamawa senjata nu rata2 sabangsa arit galede
> ( Clurit tea meureun ); nenjo Jalma siga nu teu walakaya, terus we cluritna 
> diantelkeun
> ka na beuheung Jalma; bari ngomong :”Heh budak ngora ! Pasrahkeun barang2
> maneh, mun heunteu, beuheung maneh sapat !” 
> 
> “kumaha uing
> rek masrahkeun, kapan ilaing geus ngancam beuheung uing, atuh uing teu bisa
> hudang2 acan.”Cek Jalma kalem. 
> 
> “Sebutkeun
> we di mana2na, ke ku aing dicokotna, jeung ku balad2 aing.”  
> 
> “Terus
> kuring rek dikumahakeun ayeuna ? Naha rek dipaehan ? Atuh meureun teu guna
> kuring mikeun barang kuring, ari keukeuh rek dipaehaan mah.” 
> 
> “Podaran we
> sakalian !” Cek salah saurang eta kumpulan jelema. Sigana mah ieu teh 
> kumpulan
> begal.”Engke urang teangan ku urang sorangan.” Omongna bari kaciri 
> beungeutna
> kejem pisan. 
> 
> Ah jeung
> jelema karieu mah, teu guna2 aing ngobrol, cek Jalma di na hatena; bari ngan
> sakilat ngadorong leungeun eta begal; nu langsung aduh2an aritna lesot; terus
> we ditinggang sakali gadona atuh harita keneh ge KO. 
> 
> Begal2 nu
> sejen, keur kaget, samemeh rek gerak geus dipiheulaan manten ku Jalma; nu ngan
> sakilat2 geus ngabagi toyoran2 ka eta para begal nu kaciri saradis pisan; 
> toyoran2
> Jalma ayeunaa mah teu asa2 deui; atuh ting jurahroh para begal teh teu mangga
> pulia. 
> 
> Jalma terus
> we nyampeurkeun kudana; rada ingked2an eta kuda bodas teh; wah gara2 eta para
> begal sigana aing kapaksa kudu indit tanpa kuda. Manehna nyaaheun ka eta kuda,
> tapi kudu kumaha deui, nya manehna ngomong ka si kuda :”Jung we ilaing 
> indit ka
> mana oge, neangan nasib, uing geus teu bisa deui ngajaga maneh.” Geus kitu 
> mah
> belenyeng wae Jalma indit sorangan , neangan tempat Walet Hideung tea, nya
> ahirna anjog ka hiji tempat nu rada luhur, terus tunja tenjo ka handap, wah
> endah oge geuning ieu pamandangan di gunung Cerene teh ? 
> 
> Manehna
> nempo di hiji tempat dihandap ngarupakeun landeuh, disisina aya susukan,
> katempo haseup ngebul. Wah di dinya aya pakampungan, cing aing rek nyoba ka
> dinya. Terus we Jalma lumpat tarik nuju ka eta landeuh. Ari geus dituju mah,
> nyata eta landeuh teh jauh oge; Jalma eureun heula sisi jalan satapak, karasa
> beuteung lapar. 
> 
> Jalma bari
> mikir, aduh kamana ayeuna aing kudu barang dahar ? Jaba lapar, jaba hanaang.
> Jauh ka ditu ka dieu, pepelakan ge di dieu mah ampir euweuh nanaon. Ah kapaksa
> aing kudu nuju tempat itu nu aya ditutugan ieu Gunung Cereme. 
> 
> Nya bari
> nahan lapar jeung haus, Jalma neruskeun lampahna, ayeuna mah teu wani lumpat
> deui, nikreuh we manehna teh.HANCA
>  
> 
>   
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke