Fikmin #Tanjung Pérak#

Tanjung Pérak, Surabaya. Hawa nyongkab ngagarajag késang badag. Ngulibek
hapeuk digalo hiur kipas angin. Ruang tunggu saab lir pamegaran hayam.
Hoang sirineu. Kapal labuh jangkar. Panumpang moyég, pasesedek hareupeun
panto beusi. Hawar-hawar sora adan ti masjid palabuhan. "Mending asar
heula. Kapal karek anjog. Paling mangkat magrib!" Rét ka Si Hamad, anteng
ngelepus ngulinkeun haseup kéréték. "Keun waé si éta mah keur palangan!"
ceuk Si Samsu. Manehna ngincid ka luar. Balik asar nu ngebul masih
cindekul. Gumasép ngotélan mojang gigireun. Hoang hatong ngageroan. Nitah
hanjat arék balayar. Gorolong panto beusi diséréd ngenca. Burudul panumpang
muru tarajé panghanjatan. "Aduh...!" Si Ibu kaséréd nu jangkung badag.
"Emaaa...!" Budak ngocéak kadupak. Séah teu puguh déngékeuneun. Récét lir
jogjog anyar meuting. Suruntul nu manggul koper. Ting seledek hayang geura
hanjat kana beuteung kapal. Gajleng! Gajleng! Parebut matras pangsaréan.
Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek. Kusiwel Si Hamad muka ransel.
"Cangkulan euy!" pokna bari ngampar muka kartu. ***

Kirim email ke