Eduuun tulisan teh euy... Jadi apal ternyata ITB baheula sakola irigasi nya 
xixixi. Waaah coba ayeuna masih keneh kitu meureun moal banjir tah hahaha.

Ayeuna kajadian kitu oge keur Starbuck mun teu salah loba kritik tah ceunah eta 
kopi sagelas 50rb tapi buruh kopina mah miskin pisan :((. 

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 9 May 2013 06:18:42 
To: [email protected]<[email protected]>; 
[email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Negara & Masyarakat yg Aneh

Politik Etis
============

Di Eropa geus lila dikenal yen nagara walanda mah jiga lentah pisan nyedot 
getih rahayat tanah jajahan teh tanpa ampun.  Rada beda jeung Inggris anu 
salain nyedot sumber daya alam teh tapi masih mere sarana pendidikan jeung 
kasehatan. Bahkan mah tepi ka ayeuina oge nagara-nagara urut jajahan inggris 
teh ngaji dina kumpulan British Commonwealth. Anggota British commonwealth boga 
kerja sama reket pisan jeung Inggris tepi keun ka ayeuna pikeun kamajuan nagara 
masing-masing. Lamun rahayat anggota britsh commonwealht indit ka inggris 
ayeuna oge aya hak-hak istimewa anu bisa ditarima misalna pikeun asup sakola 
jeung sajabana. Tah pan euweuh kerja sama jiga kitu antara jajahan walanda mah.

Di abad ka 19 mimit datang desekan ti kaum sosialis jeung liberalis di walanda 
pikeun mulang tarima ka nagara jajahan, nya sahenteuna atuh ulah ngan dikokos 
jeung diregot sumber daya alamna wungkul nagara jajahan teh tapi sacara 
manusiawi oge kudu dibere fasilitas pikeun ngamajukeun paradabanana. Da ngarana 
oge manusa, atuh teu kabeh manusa walanda jaman harita sifatna sarakah. Aya oge 
anu boga haluan pamikiran humanis anu geus modern, yen teu etis atuh ngajajah 
nagara batur bari nyokotan sumber daya alamna. Tah kulantaran kitu, 
pamarentahan walanda harita nyieun Etische Politiek pikeun nagara jajahan. Anu 
pang utama na teh diwangun lembaga-lembaga pendidikan ti sakola dasar tepikeun 
ka perguruan tinggi. Di Bandung misalna diwangun Technise Hoge School (THS) anu 
ayeuna jadi ITB. THS teh cenah mah baheula sakola pangairan (irigasi) pikeun 
nunjang perkebunan jeung pabrik gula di jawa. Aya oge School tot Opleiding voor 
Inlandse Arsten (STOVIA) pikeun
 ngadidik dokter pribumi (dokter jawa) di Batavia, meureun anu ayeuna ngagabung 
ka UI. Di Surabaya oge aya sakola kadokteran NIAS (Nederlands Indise Arsten 
School) anu ayeuna jadi FK-Unair. Anu leuwih handap nya aya MULO, AMS, HIS 
jeung Volkschool.

Tah politik etis teh teu bisa dipisahkeun tina sajarah nasional indonesia. 
Perjuangan ngalawan penjajah walanda baheula loba anu ti basis pasantren atawa 
basis karajaan. Perlawanan teh sporadis (tersebar jeung acak-acakan), can 
kaorganisir. Saenggeus aya politik etis, mimiti muncul generasi ngora anu 
terdidik, tercerahkan sacara wawasan kabangsaan. Para lulusan sakola politik 
etis ieu anu mimiti ngawangun wawasan nasionalisme tanah jajahan walanda ti 
aceh nepi ka sulawesi/flores (teuing tah papua mah sim kuring oge teu apal). 
Terus ka beh dieu na muncul atuh gerakan pamuda nepi keun ka aya Soempah 
Pemoeda tea.


Katini jeung Politik Etis
=========================

Kartini teh budak calakan dina jamanna. Kiritis pisan tah pamikiran Kartini 
teh. Da ari lanceuk jeung adina anu awewe mah teu kacaritakeun boga kacerdasan 
jeung calakan jiga Kartini. Kartini anak ningrat tantuna bisa baca tulis. 
Manehna oge boga loba sobat di kalangan walanda. Lamun urang maca surat-surat 
Kartini sacara lengkep sabenerna bisa dibagi dua fase pamikiran Kartini:

Fase I.
Dina fase ka I ieu Kartini teh jadi 'target' politik etis walanda. Kacaritakeun 
yen Kartini boga cita-cita sakola ka nagari walanda. Manehna hayang ngamajukeun 
pendidikan wanoja di jawa. Wanoja jawa kudu jiga wanoja walanda. Kitu kira-kira 
pamikiran kartini teh. Kartini teu resep kana budaya jawa anu feodal kacida. 
Adina anu tadina kudu ngagesor hormat lamun hareupeun lanceuk jiga Kartini, 
dicaram ku Kartini, sahenteuna lamun keur euweuh kolotna na mah meureun urang 
bebas we lah beak dengkak. Kitu kira-kira.

Cita-cita Kartini hayang sakola ka Walanda dirojong pisan ku sobat-sobat 
Kartini ti kalangan Walanda. Dina surat-suratna oge Kartini geus mimiti boge 
orientasi trinitas dina tauhidna. Dina sababaraha hiji surat Kartini nyebutkeun 
doa ka Bapak di Surga. ari kana palajaran agama islam, Kartini pedes pisan 
kiritikna: jang naon diajar agama jeung sholat ku basa arab anu urang teu 
ngarti naon maksudna?

Fase II.
Fase pamikiran Kartini anu ka II dimimitian saenggeus manehna hadir dina hiji 
pangajian. Ari anu mere pangajian teh ulama anu geus ngamimitian narjamahkeun 
Al-Quran kana basa jawa. Eta oge kakara surat Al-Fatihah jeung Al-Baqarah 
wungkul. Can kabeh. Tapi Kartini geus kataji pisan. Manehna menta salinan eta 
tarjamahan Al-Quran teh. Tah ti mimiti eta aya parobahan dina diri Kartini anu 
nyieun reuwa sobat-sobat walandana. Dina surat-surat kadienakeun Kartini mulai 
nulis: ngan saukur gusti Allah maha tunggal, anu maha kawasa.

Terus ngamimitian Kartini teu panuju kana cara-cara politik Etis. Kartini dina 
suratna menta, politik etis teh dibarengan ku nga-kristen-keun urang jawa. Da 
urang jawa mah geus boga agama islam. Dina surat-suratna Kartini loba ngutip 
ayat-ayat Al-Quran sacara teu langsung. Salah sahiji ayat pavorit manehna teh 
nyaeta Surat Al-Baqarah ayat 257. Dijerona aya kalimat: Allah nu jadi 
panglindung jelema anu ariman, nuduhkeun tina jalan poek kana jalan cahaya anu 
caang.

Tah kalimat "minadzuluumati ilannuur" jigana mah keuna pisan kana hate Kartini. 
Meureun karasa ku sorangan meunang pituduh gusi nu Maha Suci. Ku sabab eta oge 
jelema anu ngumpulkeun surat-surat Kartini terus dijadikeun buku teh mere judul 
bukuna "habis gelap terbitlah terang". 

***

Perjalanan pamikiran Kartini teh menarik pisan.
Sarua meureun urang oge dina hirup teh sok aya parobahan pamikiran.
Hijrah ti hiji pamikiran/kapercayaan ka pamikiran anu lian.
Hidayah ti gusti nu maha suci teh euweuh watesna. Jiga kulit bawang anu euweuh 
watesna, disulikatkeun hiji aya deui di jerona lapisan anu lian.


Wallahu'alam


Febi Ahmad Hazairin
===================




________________________________
 Von: "[email protected]" <[email protected]>
An: kisunda <[email protected]> 
Gesendet: 12:18 Donnerstag, 9.Mai 2013
Betreff: Re: [kisunda] Negara & Masyarakat yg Aneh
 


  
Nyanghareupan pamilon raya mah tos teu aneh deui kang, teu boga ka era, teu 
boga kasieun. Rarasaan mah sakali pamilon bangsa mundur sadekade, lain maju. 
Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  "mang kaby" <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Thu, 9 May 2013 03:58:09 +0000
To: Kisunda<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: [kisunda] Negara  Masyarakat yg Aneh
  
Heueuh nya Kang :(( asa ku riweuuuuuh pisan euy nagara teh... 

Komo deui keudeung deui 2014 bakal butuh duit keur kampanye hehehe pasti loba 
nu aneh-2 deui geura :((.

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
________________________________

From:  [email protected] 
Sender:  [email protected] 
Date: Thu, 9 May 2013 02:57:20 +0000
To: kisunda<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: [kisunda] Negara  Masyarakat yg Aneh
  
Teu aneh mang nu kieu mah lazim, biasa di nagara2 nu korupsina oge lazim, 
birokrat-swasta-militer/pulisi ciples, klop kalakuanana. Teu teu pisan aneh 
ironi kieu mah.
Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  "mang kaby" <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Thu, 9 May 2013 02:48:54 +0000
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: [kisunda] Negara  Masyarakat yg Aneh [5 Attachments]
  
Terlampir foto-2 masyarakat yg aneh di negara yg aneh. 

Ada Ibu-2 yg mengais rezeki dari jualan kopi produksi orang-2 sukses n' mereka 
senang sekali menjualnya dengan untung yg cukup untuk membuat mereka bertahan 
hidup. Anaknya pun dibawa kemanapun dia pergi karena ngak punya pembantu untuk 
mengurusnya. Lokasinya ini tidak jauh dari Bandung tepatnya di Cikole, bisa 
diperhatikan bawaannya ngider keliling utk menghidupi keluarganya.

Ada foto nenek-2 jualan serabi ya utk bertahan hidup juga. 

Foto terlihat dari jauh di sungai orang membawa satu carangka rumput dan 
dibelakangnya mengikuti domba piaraannya.

Foto truk engkol yg selip ngangkut pupuk untuk sayuran di Bogor, tidak jauh 
dari Jakarta ibu kota para orang sukses. Selip karena infrastruktur jalan yg 
acak kadut. Pulangnya truk itu ngangkut tomat hasil panen utk dikirim ke kota. 
Kopling bisa jebol karena selip dipaksa naek. Harus dibantu dibetot untuk bisa 
naik. Bisa dibayangkan logistic n' transportation cost utk masyarakat kecil itu.

No wonder pertanian Indonesia tidak bisa compete sama tetangga kita Vietnam 
maupun Thailand.

Itulah masyarakat aneh yg sebagian besar mereka hidup n' menghuni negara yang 
namanya Indonesia. 

Anehnya mereka bisa bertahan hidup walupun pemerintah belum secara serius 
peduli terhadap mereka, mereka bisa tetap bisa berupaya n' berusaha hanya untuk 
survive. 

Indonesia memang negeri yang aneh dengan masyarakat yg aneh :((. 

Amerika baru-2 ini dipukul oleh meninggalnya ratusan buruh tekstil di Daka 
Bangladesh ternyata baju-2 Fancy yg mereka pakai hasil jerih payah masyarakat 
aneh juga di belahan dunia lain yg namanya Bangladesh sehingga utk mendapatkan 
cost yg rendah menyebabkan runtuhnya bangunan pabrik n' menewaskan ratusan 
buruh-2 yg telah berkontribusi menciptakan produk-2 tekstil utk mencetak 
keuntungan yg besar. Mereka bilang mereka akan melakukan perubahan, 
bagaimanakah caranya?

Apakah bentuknya seperti politik etis seperti jaman dulu di Indonesia? 
Contohnya Kartini adalah salah satunya produk politik etis Belanda, dimana 
sebelumnya Belanda dipukul telak oleh Max Havelar yg menuliskan penderitaan 
buruh-2 di perkebunan lebak banten. Masyarakat Eropa sadar teh, kopi, n' 
rempah-2 yg mereka konsumsi buah jerih payah para buruh petani east india yg 
"dijajah" VOC waktu itu. Akhirnya timbulah politik etis, politik balas budi, 
karena mereka malu, telah berfoya-2 di atas jerih payah buruh-2 yg 
termarjinalkan. Ya Kartini keberhasilan Belanda, mulai digembar-gemborkan bahwa 
Orang Belanda mulai peduli kepada "indonesia" membuat pendidikan utk kaum 
pribumi sama seperti Inggris terhadap India. Surat-2 Kartini dijadikan bahan 
keberhasilan Belanda menjalankan politik etis. 

Setelah Indonesia merdeka apa yang terjadi? Sepertinya lagunya masih sama ya. 
Belum begitu banyak berubah walopun VOC tidak ada lagi, hancur karena Korupsi 
yg akut padahal sebelumnya VOC adalah perusahaan terbuka pertama yang paling 
tajir sejagat raya.

Cita-2 Bung Karno tentang Marhaenismeu n' berdikari, petani yg mengolah 
sawahnya sendiri seperti hal nya petani-2 di Eropah yang berhasil, rasanya 
masih jauh panggang dari api. Apalagi sekarang banyak kita dengar berubahnya 
status kepemilikan sawah dari tadinya milik para petani sendiri kemudian dijual 
dan merka jadilah buruh di sawah yg sebelumnya miliknya sendiri. 

Apa yang salah dengan negeri ini? 

Wilujeng long weekend, dari kaki Gunung Salak Bogor, Mang Kabayan ngurut dada 
x_x.

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
 

Kirim email ke