Nyapuguh euy ngeneeeeees mun nempo ka dinya mah... Ari batur mah belaaaa pisan ka rahayat teh euy... Ari nagara urang mah geuning kitu... Ka Patani jeung Peternak mah kurang jeung euweuh we kapadulian nana teh...
Bener tah nagara kuli euy... Berdikari teh ngan saukur harepan wungkul :((. Tetep weh nu beunghar beuki beunghar nu miskin nya kitu weh bisa hirup ge Alhamdulillah... Ngan untungna rahayat leutik mah kuatan euy... Dikitu dikieu oge daek weh :((. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: "nandar" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 9 May 2013 05:48:30 To: Kusnet<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Politik Etis n' Kartini - Re: Negara & Masyarakat yg Aneh Mang Kaby, saya mah ari ngabandungan warta yen misalna pabrik nike, adidas aya di dieu, bal bliter nu dipake di piala dunia dijieun di majalengka, enteh garut diekspor ka maroko, atawa sabangsana nu kitu, sok ngenes ngalamunkeun warta anu patali jeung eta, yen pagawe pabrik nike gajihna leutik, tukang metik enteh buruhna teu beda jeung jaman walanda, jeung sabangsana nu kitu. Ari nu baroga merekna hareheotan. Naon atuh anu salah di urang teh? Pangbibita ka perusahaan asing teh ukur ku murahna gajih buruh.. Apanan saur Pa Amin Rais & para inohong nu pinter ge, bangsa urang mah teu leuwih ti bangsa kuli.. Bieu maca koran, aya beja soal produsen mobil Holden Ostrali anu ampir tutup alatan eleh bersaing, pamarentahna kungsi nyuntikkeun dana gede pisan bisi pagawena nepi ka kudu areureun.. Sakitu belana.. inget keneh baheula maca na majalah, pamarentah eropah mah nepi ka mere subsidi ka sapi ngarah para peternak teu areureun ternak sapi. Meni ararateul... -----Original Message----- From: "mang kaby" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 9 May 2013 05:36:55 To: Kisunda<[email protected]>; UrangSunda<[email protected]>; Baraya_Sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Politik Etis n' Kartini - Re: Negara & Masyarakat yg Aneh Eduuun tulisan teh euy... Jadi apal ternyata ITB baheula sakola irigasi nya xixixi. Waaah coba ayeuna masih keneh kitu meureun moal banjir tah hahaha. Ayeuna kajadian kitu oge keur Starbuck mun teu salah loba kritik tah ceunah eta kopi sagelas 50rb tapi buruh kopina mah miskin pisan :((. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: Ahmad Hazairin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 9 May 2013 06:18:42 To: [email protected]<[email protected]>; [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Negara & Masyarakat yg Aneh Politik Etis ============ Di Eropa geus lila dikenal yen nagara walanda mah jiga lentah pisan nyedot getih rahayat tanah jajahan teh tanpa ampun. Rada beda jeung Inggris anu salain nyedot sumber daya alam teh tapi masih mere sarana pendidikan jeung kasehatan. Bahkan mah tepi ka ayeuina oge nagara-nagara urut jajahan inggris teh ngaji dina kumpulan British Commonwealth. Anggota British commonwealth boga kerja sama reket pisan jeung Inggris tepi keun ka ayeuna pikeun kamajuan nagara masing-masing. Lamun rahayat anggota britsh commonwealht indit ka inggris ayeuna oge aya hak-hak istimewa anu bisa ditarima misalna pikeun asup sakola jeung sajabana. Tah pan euweuh kerja sama jiga kitu antara jajahan walanda mah. Di abad ka 19 mimit datang desekan ti kaum sosialis jeung liberalis di walanda pikeun mulang tarima ka nagara jajahan, nya sahenteuna atuh ulah ngan dikokos jeung diregot sumber daya alamna wungkul nagara jajahan teh tapi sacara manusiawi oge kudu dibere fasilitas pikeun ngamajukeun paradabanana. Da ngarana oge manusa, atuh teu kabeh manusa walanda jaman harita sifatna sarakah. Aya oge anu boga haluan pamikiran humanis anu geus modern, yen teu etis atuh ngajajah nagara batur bari nyokotan sumber daya alamna. Tah kulantaran kitu, pamarentahan walanda harita nyieun Etische Politiek pikeun nagara jajahan. Anu pang utama na teh diwangun lembaga-lembaga pendidikan ti sakola dasar tepikeun ka perguruan tinggi. Di Bandung misalna diwangun Technise Hoge School (THS) anu ayeuna jadi ITB. THS teh cenah mah baheula sakola pangairan (irigasi) pikeun nunjang perkebunan jeung pabrik gula di jawa. Aya oge School tot Opleiding voor Inlandse Arsten (STOVIA) pikeun ngadidik dokter pribumi (dokter jawa) di Batavia, meureun anu ayeuna ngagabung ka UI. Di Surabaya oge aya sakola kadokteran NIAS (Nederlands Indise Arsten School) anu ayeuna jadi FK-Unair. Anu leuwih handap nya aya MULO, AMS, HIS jeung Volkschool. Tah politik etis teh teu bisa dipisahkeun tina sajarah nasional indonesia. Perjuangan ngalawan penjajah walanda baheula loba anu ti basis pasantren atawa basis karajaan. Perlawanan teh sporadis (tersebar jeung acak-acakan), can kaorganisir. Saenggeus aya politik etis, mimiti muncul generasi ngora anu terdidik, tercerahkan sacara wawasan kabangsaan. Para lulusan sakola politik etis ieu anu mimiti ngawangun wawasan nasionalisme tanah jajahan walanda ti aceh nepi ka sulawesi/flores (teuing tah papua mah sim kuring oge teu apal). Terus ka beh dieu na muncul atuh gerakan pamuda nepi keun ka aya Soempah Pemoeda tea. Katini jeung Politik Etis ========================= Kartini teh budak calakan dina jamanna. Kiritis pisan tah pamikiran Kartini teh. Da ari lanceuk jeung adina anu awewe mah teu kacaritakeun boga kacerdasan jeung calakan jiga Kartini. Kartini anak ningrat tantuna bisa baca tulis. Manehna oge boga loba sobat di kalangan walanda. Lamun urang maca surat-surat Kartini sacara lengkep sabenerna bisa dibagi dua fase pamikiran Kartini: Fase I. Dina fase ka I ieu Kartini teh jadi 'target' politik etis walanda. Kacaritakeun yen Kartini boga cita-cita sakola ka nagari walanda. Manehna hayang ngamajukeun pendidikan wanoja di jawa. Wanoja jawa kudu jiga wanoja walanda. Kitu kira-kira pamikiran kartini teh. Kartini teu resep kana budaya jawa anu feodal kacida. Adina anu tadina kudu ngagesor hormat lamun hareupeun lanceuk jiga Kartini, dicaram ku Kartini, sahenteuna lamun keur euweuh kolotna na mah meureun urang bebas we lah beak dengkak. Kitu kira-kira. Cita-cita Kartini hayang sakola ka Walanda dirojong pisan ku sobat-sobat Kartini ti kalangan Walanda. Dina surat-suratna oge Kartini geus mimiti boge orientasi trinitas dina tauhidna. Dina sababaraha hiji surat Kartini nyebutkeun doa ka Bapak di Surga. ari kana palajaran agama islam, Kartini pedes pisan kiritikna: jang naon diajar agama jeung sholat ku basa arab anu urang teu ngarti naon maksudna? Fase II. Fase pamikiran Kartini anu ka II dimimitian saenggeus manehna hadir dina hiji pangajian. Ari anu mere pangajian teh ulama anu geus ngamimitian narjamahkeun Al-Quran kana basa jawa. Eta oge kakara surat Al-Fatihah jeung Al-Baqarah wungkul. Can kabeh. Tapi Kartini geus kataji pisan. Manehna menta salinan eta tarjamahan Al-Quran teh. Tah ti mimiti eta aya parobahan dina diri Kartini anu nyieun reuwa sobat-sobat walandana. Dina surat-surat kadienakeun Kartini mulai nulis: ngan saukur gusti Allah maha tunggal, anu maha kawasa. Terus ngamimitian Kartini teu panuju kana cara-cara politik Etis. Kartini dina suratna menta, politik etis teh dibarengan ku nga-kristen-keun urang jawa. Da urang jawa mah geus boga agama islam. Dina surat-suratna Kartini loba ngutip ayat-ayat Al-Quran sacara teu langsung. Salah sahiji ayat pavorit manehna teh nyaeta Surat Al-Baqarah ayat 257. Dijerona aya kalimat: Allah nu jadi panglindung jelema anu ariman, nuduhkeun tina jalan poek kana jalan cahaya anu caang. Tah kalimat "minadzuluumati ilannuur" jigana mah keuna pisan kana hate Kartini. Meureun karasa ku sorangan meunang pituduh gusi nu Maha Suci. Ku sabab eta oge jelema anu ngumpulkeun surat-surat Kartini terus dijadikeun buku teh mere judul bukuna "habis gelap terbitlah terang". *** Perjalanan pamikiran Kartini teh menarik pisan. Sarua meureun urang oge dina hirup teh sok aya parobahan pamikiran. Hijrah ti hiji pamikiran/kapercayaan ka pamikiran anu lian. Hidayah ti gusti nu maha suci teh euweuh watesna. Jiga kulit bawang anu euweuh watesna, disulikatkeun hiji aya deui di jerona lapisan anu lian. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin =================== ________________________________ Von: "[email protected]" <[email protected]> An: kisunda <[email protected]> Gesendet: 12:18 Donnerstag, 9.Mai 2013 Betreff: Re: [kisunda] Negara & Masyarakat yg Aneh Nyanghareupan pamilon raya mah tos teu aneh deui kang, teu boga ka era, teu boga kasieun. Rarasaan mah sakali pamilon bangsa mundur sadekade, lain maju. Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: "mang kaby" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 9 May 2013 03:58:09 +0000 To: Kisunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Negara Masyarakat yg Aneh Heueuh nya Kang :(( asa ku riweuuuuuh pisan euy nagara teh... Komo deui keudeung deui 2014 bakal butuh duit keur kampanye hehehe pasti loba nu aneh-2 deui geura :((. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com ________________________________ From: [email protected] Sender: [email protected] Date: Thu, 9 May 2013 02:57:20 +0000 To: kisunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Negara Masyarakat yg Aneh Teu aneh mang nu kieu mah lazim, biasa di nagara2 nu korupsina oge lazim, birokrat-swasta-militer/pulisi ciples, klop kalakuanana. Teu teu pisan aneh ironi kieu mah. Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: "mang kaby" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 9 May 2013 02:48:54 +0000 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] Negara Masyarakat yg Aneh [5 Attachments] Terlampir foto-2 masyarakat yg aneh di negara yg aneh. Ada Ibu-2 yg mengais rezeki dari jualan kopi produksi orang-2 sukses n' mereka senang sekali menjualnya dengan untung yg cukup untuk membuat mereka bertahan hidup. Anaknya pun dibawa kemanapun dia pergi karena ngak punya pembantu untuk mengurusnya. Lokasinya ini tidak jauh dari Bandung tepatnya di Cikole, bisa diperhatikan bawaannya ngider keliling utk menghidupi keluarganya. Ada foto nenek-2 jualan serabi ya utk bertahan hidup juga. Foto terlihat dari jauh di sungai orang membawa satu carangka rumput dan dibelakangnya mengikuti domba piaraannya. Foto truk engkol yg selip ngangkut pupuk untuk sayuran di Bogor, tidak jauh dari Jakarta ibu kota para orang sukses. Selip karena infrastruktur jalan yg acak kadut. Pulangnya truk itu ngangkut tomat hasil panen utk dikirim ke kota. Kopling bisa jebol karena selip dipaksa naek. Harus dibantu dibetot untuk bisa naik. Bisa dibayangkan logistic n' transportation cost utk masyarakat kecil itu. No wonder pertanian Indonesia tidak bisa compete sama tetangga kita Vietnam maupun Thailand. Itulah masyarakat aneh yg sebagian besar mereka hidup n' menghuni negara yang namanya Indonesia. Anehnya mereka bisa bertahan hidup walupun pemerintah belum secara serius peduli terhadap mereka, mereka bisa tetap bisa berupaya n' berusaha hanya untuk survive. Indonesia memang negeri yang aneh dengan masyarakat yg aneh :((. Amerika baru-2 ini dipukul oleh meninggalnya ratusan buruh tekstil di Daka Bangladesh ternyata baju-2 Fancy yg mereka pakai hasil jerih payah masyarakat aneh juga di belahan dunia lain yg namanya Bangladesh sehingga utk mendapatkan cost yg rendah menyebabkan runtuhnya bangunan pabrik n' menewaskan ratusan buruh-2 yg telah berkontribusi menciptakan produk-2 tekstil utk mencetak keuntungan yg besar. Mereka bilang mereka akan melakukan perubahan, bagaimanakah caranya? Apakah bentuknya seperti politik etis seperti jaman dulu di Indonesia? Contohnya Kartini adalah salah satunya produk politik etis Belanda, dimana sebelumnya Belanda dipukul telak oleh Max Havelar yg menuliskan penderitaan buruh-2 di perkebunan lebak banten. Masyarakat Eropa sadar teh, kopi, n' rempah-2 yg mereka konsumsi buah jerih payah para buruh petani east india yg "dijajah" VOC waktu itu. Akhirnya timbulah politik etis, politik balas budi, karena mereka malu, telah berfoya-2 di atas jerih payah buruh-2 yg termarjinalkan. Ya Kartini keberhasilan Belanda, mulai digembar-gemborkan bahwa Orang Belanda mulai peduli kepada "indonesia" membuat pendidikan utk kaum pribumi sama seperti Inggris terhadap India. Surat-2 Kartini dijadikan bahan keberhasilan Belanda menjalankan politik etis. Setelah Indonesia merdeka apa yang terjadi? Sepertinya lagunya masih sama ya. Belum begitu banyak berubah walopun VOC tidak ada lagi, hancur karena Korupsi yg akut padahal sebelumnya VOC adalah perusahaan terbuka pertama yang paling tajir sejagat raya. Cita-2 Bung Karno tentang Marhaenismeu n' berdikari, petani yg mengolah sawahnya sendiri seperti hal nya petani-2 di Eropah yang berhasil, rasanya masih jauh panggang dari api. Apalagi sekarang banyak kita dengar berubahnya status kepemilikan sawah dari tadinya milik para petani sendiri kemudian dijual dan merka jadilah buruh di sawah yg sebelumnya miliknya sendiri. Apa yang salah dengan negeri ini? Wilujeng long weekend, dari kaki Gunung Salak Bogor, Mang Kabayan ngurut dada x_x. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com
