Tah iraha atuh bangsa urang bisa kitu hehehe. Sigana di urang loba nu protest nya lamun teu bisa korupsi xixixi. Padahal lila-2 ambruk nagara lamun geus ambruk naon anu bisa dikorupsi?
Sakuduna kabeh saladar euy, sigana kudu dipake tah sistem nagara-2 skandinavia teh hehehe ulah ngan saukur vikingna jadi icon bobotoh persib hehehe. Tangtuna disaluyukeun jeung kearifan lokal urang hehehe. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: "mang jamal" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 17 Jul 2013 13:48:50 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Sawarga Kondisi nagara-nagara kapir turunan viking ayem tentrem cenah alatan ajaran agama geus jadi darah daging dina hirup kumbuh sapopoe maranehna. Ajaran nu lain bagean ritualna (da gereja poe minggu sering kosong malah ngan ukur jadi tujuan wisata turis luar) tapi amal sosial hablumminannas geus jadi kasadaran umum. Tapi 2persen pajeg dipake miara gereja (meureun jeung pendetana). Cara mentingkeun kapentingan balarea, kuat pisan napel dina jiwa ragana, buktina angka korupsi enol. Pajeg teu dikorupsi sabab aya kasadar pajeg teh waragad pikeun ngajalankeun nagara katut kasajahteraan rahayat kabeh. Silih ngahargaan mahluk nu nyawaan oge geus luhur. Buktina trotoar dihade-hade da pikeun manusa leumpang. Nu meuntas jalan diutamakeun batan mobil. Nu disebut kriminal teh nu ngarugikeun batur. Ari kumpul kebo mah kaci hehe. Majalah porno aya tapi kondisi biasa2 we. Denmark nagara munggaran di dunya nu ngalegalkeun pornografi. Tapi biasa we, nagara teu jadi kusut. Niley2 moralna memang beda jeung di urang. Msiswa Ka dosen teu make sebutan bapa atawa sarupaning mister, tapi ngarana we. Hahaha. Tapi memang carana santun cara maranahena. Puguh uing mah moal bisa, da datang ti budaya pancakaki dumasar umur. Jalujur deuih. Teu aya cap ciik. Basa si jensen menta udud (marlboro) ku uing dibere sabatang, terus manehna ngasongkeun duit receh 5 kroner. Puguh kaget. It's free. Cek uing. Manehna keukeuh nitah nampanan sabab maranehna sadar pisan udud uing meunang meuli. Uing jawab, come on we're friend. We can take and give for free. Manehna nyarita cara di denmark teu kitu sanajan sobat, soal properti, udud, jrrd nu make duit kabeh kunu boga tanggungjawab. Teu aya istilah nebeng gratis. Wkwkwkw. Powered by du'a indung bapa -----Original Message----- From: "mang kaby" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 17 Jul 2013 13:13:56 To: UrangSunda<[email protected]>; Baraya_Sunda<[email protected]>; Kisunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: Sawarga Bah AA teori nu jahat teh kulantaran teu percaya surga naraka eta oge rada kurang pas hehehe. Soalna dina prak-2an nana loba anu percaya ka surga jeung naraka tapi tetep weh kalakuan teu eucreug hehehe. Saperti nu dicaritakeun ku MJ sabalikna jalma-2 di nagara Eropah Skandinavia anu geus mulai ninggalkeun ageman justru perilakuna leuwih eucreug. Sigana perilaku masyarakat ieu hubunganna jeung sistem kanagaraan anu dipake, kapamingpinan, jeung epektip henteuna eta sistemna dimasyarakat. Mun di Indonesia sistem ayeuna kurang epektip jalanna, hukum masih keneh kusyut, sistem pajeg oge leuwih loba disikat ku nu teu eucreug, kitu oge pangwangunan hehehe. Meureun ketang... nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: Abbas Amien <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 17 Jul 2013 20:26:29 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Bls: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga Sae pisan eta guaran teh kang engkus Ruswana. Sim kuring ampir we surak, muji ka na kasantikaan nyeraat eta masalaah sorgamaniloka. Paingan atuh paingan seueur koruptor; da meureun seueur oge nu ngiring ka na patekadan nu diserat ku kang Ruswana. Pokona SURGA teh didunya. Geus paeh mah paling ge jaddi kadahaaran CACINGH ! Tah puas2keun hirup di dunya ! Kumaha we carana mah; rek meres rek korupsi asal ulah kapanggih !!! Sigana mah karuhun teh sajalaan jeung bangsana Hegel, Karl Marx jste. Sarua oge jeung cecekelan ki Dawkins jeung oge meureun LULING tea. Mangga we da sadaya bebas kagungan pamadegan sewang2an. ________________________________ From: engkus ruswana <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Wednesday, 17 July 2013 6:02 PM Subject: Bls: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga Sampurasun! Mang Jamal, oge dulur-dulur, hampura simkuring rek mairan nyoko kana ajaran kolot. Mun ngimeutan kana ajaran luluhur urang nu disilokakeun dina wayang, sawarga teh disebutna swargamaniloka, nu asal tina kecap sa-waruga-mani-loka, nu hartina sawaruga = sadiri sakujur, mani (keur awewe manikem) = bahan diri, loka = tempat, jadi hartina "sadiri sakujur nu asal jeung tempat mani", nu ngawasana disebut Sanghyang Manikmaya (manik=mani, maya=cahaya) nu hartina "gaib nu nempatan dina cahaya mani" ....cing saha jalma nu lain asal tina cahaya mani??. Eta Manikmaya disebut oge Batara Guru, nu hartina saha bae jalma bakal guguru teh ka nu aya dina diri, salah jeung bener kumaha ceuk dirina liwat pangawasa Gusti nu aya dina diri, nyaeta nu disebut guriang tujuh (guru hyang tujuh), nyaeta pangawasa, pangersa/kadaek, hirup, uninga, rungu, tingali, ngandika, seperti nu digambarkeun dina carita sangkuriang jeung Mundinglayadikusumah. Nya ngolahna make alat anggauta badan nu sok diistilahkeun "wali sasanga" salapan lahir jeung sifat batinna, nyaeta 1. uteuk jeung elinganna, 2. ceuli jeng dengena, 3. panon jenug tingalina, 4. sungut jeung ucapna, 5.irung jeung ambeuna, 6. hate jeung pikirna, 7. syaraf jeung rasana, 8. leungeun jeung obahna, 9. suku jeung langkahna. Tah eta wali sasanga nu 9 lahir jeung 9 batin nu jumlahna jadi 18, ku luluhur ahli seni disimbulkeun dina 18 senar kacapi, oge disimbulkeun dina kendang indung ku 9 tali paragi ngantengkeun kulit nu nyambung wengku (nu disebut rarawat)... meureun hartina diri urang kawengku ku salapan pangawasa nu kudu dirarawat. Eta Manikmaya oge sok disebut Hyang Jagatnata...nu hartina ngatur jagat/dunya...dunya gede (buana) nya dunya leutik (diri)....cing saha nu ngatur jagat teh mun lain eta hyang/sukma nu aya dina sadirina-sadirina da jalma paeh (nu geus teu aya hyangna) mah tong boro bisa ngatur dunya... ngatur dirina ge teu mampu alias kudu diatur ku batur. Manikmaya oge disebut Hyang Pramesti nu asal tina kecap prama-hesti (nu ngutamakeun pikir).... jadi lain ngandelkeun otot. Lian ti eta masih keneh aya ngaran-ngaran alias lianna nu intina ngagambarkeun fungsina diri jeung pangawasa gaib nu nyicingan swarga, matak sok disebut oge Kahyangan (tempat hyang atawa Kagustian/KaTuhanan). Tah nu ngajaga swargamaniloka teh nyaeta dewa Patuk (sungut) jeung Dewa Tumboro (beungeut), matak sing saha bae nu rek asuk ka swarga kudu taranjang (sagala kadaharan nu rek asup kana diri kudu dibuka/leupaskeun cangkang/bungkusna), tah dina gerbang swarga ku dewa Patuk dipariksa mun aya nu aneh sok diusir/diutahkeun, nya atuh Dewa Tumboro ge ngilu tugenah (roman beungeut jadi robah). Disebutkeun swargamaniloka teh tempat sagala kanikmatan jeung kamewahan, loba widadari (Widya-ndari), sok we pan ngeunah dahar, ngeunah nginum, nikmat sare, nikmatna sapatemon laki-bini, genahna tutupakan, genahna nganikmati imah, pamandangan jsb.....make naon mun teu make diri... mun teu make diri sarua jeung ngalamun alias menghayal...... jadi dimana urang geus mulih ka jati mulang ka asal, asal diri (nu disebut dulur papat) geus baralik ka sa-asalna deui, asal seuneu balik ka seuneu, asal angin/udara balik deui ka angin/udara, asal cai balik ka cai, asal bumi balik ka bumi. ......dina asup ka sawarga ngeunah-genah-merenah-tumaninahna rek make naon????. Tah di swargamaniloka disebutkeun aya kawah "candradimuka" (candra = gambaran, muka = beungeut) dimana mun aya nu asup teu dipiharep boh nu teu katingali atawa nu wujudna katingali eta kawah sok ngagolak, matak mun meunang kaaambek/kakeuheul/kasedih pon kitu deui panyakit, eta beungeut sok robah jadi beureum atawa pias, sungut/kawah nyorocos ngaluarkeun lahar ku nyarekan laklak dasar, mun panyakit sok rumahuh atawa sasar, teu ngeunah barangdahar jeung teu genah cicing. Tah kaayaan dina kitu diri teh jadi tepat sagala katugenahan alias jadi naraka. Jadi ceuk ajaran luluhur Sunda mah sawarga jeung naraka teh nya aya dina diri, jeung dina kaayaan keur hirup, mun hayang manggih sawarga nya kudu ku cara ngajaga diri sangkan cageur, kalakuan sing bageur, kanyaho sing bener, pamilih sing pinter (ulah nu enya dilain-lain nu lain di enya-enya) dijiwaan ku sikep jujur, tangtu salamet, mun teu kitu tangtu pinanggih jeung naraka. Kumaha mun urang geus paeh?..... ceuk kolot urang teh ngan ukur ngubara di dunya, mun urang geus beak lalakon, nya balik deui ka asalna nu disebut "alam padang pwe panjang nagara tunjung sampurna"... nu asal ti alam balik deui ka alam (seuneu jeung haneutna, angin jeung hiliwirna, cai jeung tiisna, bumi jeung tetepna). Tah nu asal ti Gusti nya baik deui ka Gusti (manunggaling kawula-gusti), sabab ingsun/kuringna mah lain urang dunya tapi nu asal ti Gusti manunggul deui jeung Gusti nu teu nitis deui ka dunya (mangga imeutan Siksakandang karesian sok sanajan make istilah-istilah jiga Hindu, tapi eusina asali Sunda). Matak dina kapapatenan ceuk sunda mah disebutna teh "Mulih ka Jati Mulang ka Asal" Haar....atuh urang teu bisa ngarasakeun nikmatna sawarga mun urang geus paeh......... pan tadi disebutkeun hayang ngarasakeun nikmatna sawarga mah nya di dunya keur hirup keur make keneh diri..... mun urang boga cita-cita geus paeh hayang ka sawarga nu digambarkeun alamna endah, loba widadari, cai cur-cor dimana-mana, kadaharan sagala aya, papakean sagala alus...... apan eta mah gambaran sifat jeung nafsu duniawi, atuh eta mah sarua jeung beurat keneh ka dunya...rek kumaha bisa mulih ka Jati mun kitu???.... matak mungkin ku hal eta loba jalma nu geus paeh tapi masih sumpang-simpang teu bablas ngarah ka jalan paasalan, da mungkin neangan sawarga. Ceuk ajaran luluhur nu bener mulihna mah mun "geus teu naon-naon ku naon-naon" lir ibarat bayi (sing saha nu teu ngabenerkeun yen bayi mah masih suci???? ngacung).... tah kabeh urang ngalaman jadi bayi heula....cing aya nu inget kumaha urang keur bayi?...apan eta sarua jeung teu naon-naon ku naon-naon.... jadi ajaran luluhur mah dina urang geus beak lalakon teh kudu balik deui suci jiga bayi dan urang teh digumelarkeun ka dunya dina kaayaan suci. Mun jalma dina beak lalakon bisa model kitu, tinangtu bakal bisa "ngahyang"....... ceuk kolot urang gubrag gumelar ka dunya babarengan antara lahir-batin jeung kuringna......, naha dina mulang bet teu babarengan? kuringna jeung batina balik tiheula, ari lahirna bet pandeuri...... mangtaun-taun karek bisa balik deui ka asalna... atuh teu adil teu kompak. Tah matak ceuk kuring mah soal ngahyangna sababaraha luluhur urang, ceuk pangarti kuring lain hayalan, sabab ceuk ajaran datang ka dunya jeung balik ti dunya teh sabenerna kudu babarengan ulah silih tinggalkeun antara lahir (waruga) - batin (uga) jeung kuingNa (isun). Cag ah.... guaran simkuring panjang nya??...... tapi sugan we bisa nambahan kanyaho kana ajaran luluhur Sunda. Rampes. pun tabe Engkus nun ________________________________ Dari: mj <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Selasa, 16 Juli 2013 15:23 Judul: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga hese nyaritakeun sawarga nu saeunyana mah, kabeh ge ngan ukur ngimpleng, boh dumasar katerangan quran boh imaji science-fiction/sci-fi. Hiji-hiji cara sangkan nyaho persis mah, nya kudu maot heula. Tapi nya kudu asup sawarga, da mun asup naraka mah rek kumaha ngadongengkeun sawarga? Wkwkwkw. Bilih aya nu bade ti payun mangga pisan. Ke we dongengkeun di milis kusnet ieu kumaha-kumahana sorga kiwari. Geus make ac sigana mah wkwkww
