Pokona awas weh lamun di sawarga euweuh bidadari 40 anu parawan mah :D. Memang 
jadi males ka sawarga eta lamun euweuh pangbibita eta mah hehehe.

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: rsyaifoel <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 22 Jul 2013 15:23:12 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Baraya_Sunda] Re: Sawarga

He he he... mani rame nguruskeun sawarga euy.
Lain, naha enya sawarga teh aya? Hanas papada ribut hayang asup ka sawarga, 
kumaha mun sawarga teh euweuh? Ukur konsep jeung teori jelema?:))

Nempo istilah na ge asa pabaliut. Sawarga teh konsep Hindu sigana mah. Najan 
rada beda, aya konsep anu mirip, nirwana dina agama Budha. Dina konsep Arab mah 
sok disebut jannah anu sarua jeung pakuat pakait jeung istilah Persia firdaus. 
Tah, mun nempo kekecapan firdaus tea, eta teh asalna tina kecap firdow cenah. 
Firdow teh hiji kota jaman Persia kuno anu subur.

Dina carita Adam exit ti sawarga, dina agama Yahudi jeung Kristen disebut na ge 
Taman Eden. Taman=sawarga?:))Dina Bijbel jeung Al Qur'an dicaritakeun yen Adam 
sanggeus dijieun ku Pangeran ditempatkeun di hiji taman. Adam meunang ngadahar 
sagala rupaning tatangkalan jeung hewan anu aya di eta taman, kacuali tangkal 
'khuldi' versi Islam, versi Kristen mah tangkal 'kahadean jeung kagorengan'.

Kumaha kudu nafsirkeun ieu nya? Ieu teh sawarga tempat uranga BALIK deui? Atawa 
aya jenis sawarga sejen pra-Adam? Naha engke di sawarga bakal aya tatangakalan 
jeung binatang deui kitu sacara fifik? Mun aya tatangakal jeung binatang eta 
teh aya di mana?

Kumaha nya? Aya nu apal?


Kirim email ke