Kang Engkus eta perkara "... budaya di Arab mah sakanyaho kuring kurang berpihak ka kaum Ibu...", tong hilap Siti Khadijah teh wanoja nu oge sudagar di jamanna. Kitu deui Siti Aisyah, kungsi jadi pamingpin perang.
2013/7/24 engkus ruswana <[email protected]> > ** > > > He,,,he,,,he.... Mang Jamal, eta mah plesetan simkuring bae.[image: *:) > senang] > > Upama eta paribasa "Sorga aya di dampal suku Indung" eta ku MJ diaku cenah > tina hadist atawa paribasa Arab, sim kuring cing bere nyaho ka kuring > hadist nu mana jeung kuma paribasana?, sabab budaya di Arab mah sakanyaho > kuring kurang berpihak ka kaum Ibu...... Mun tea mah tetap rek diaku ti > Arab nya mangga, keun da aya keneh paribasa Sunda pikeun ngahormat ka > Indung Bapak mah, model "Ulah munjung ka gunung muja ka sagara, tapi > munjung kudu ka indung muja kudu ka bapa", atawa ieu hiji deui" Indung > tunggul rahayu, bapa tangkal darajat" ...mun paribasa ieu diaku oge ti > Arab, nya simkuring rek ngaguar deui paribasa nu lianna, da tangtu > euyeubna, da nyatana Elmu ti Sunda mah justru ngajungjung pisan harkat > jeung darajat kaum ibu, beda pisan jeung budaya nu datang ti Kulon. > cag. > >
