Kg Oman kidulur, memang ngaguar pasualan Wiwit manusa atawa wiwit kahirupan
can pernah atawa (boa) moal rengse2?
Kabeh boga pamadegan anu argumentasina oge logis. Ngan kakuatan argumentasi
ieu , teu jauh tina sesebutan ciga teori relatifna Einstein. Conto, dina
teori Big Bangna Stephen Hawking. Apanan sakitu diseungseurikeunana ku para
ilmuwan harita ( 21 taun katukang). Aya hanteu ayana kontak batin dina
masalah padungdengan ieu, memang geus wayah buka misteri,  ditambah makin
kritisna otak manusa anu pinuh ku pasualan2 metafisika anu kiwari makin
sakitu mahabuna. Sapertos guaran akg yen Adam dilahirkeun, eta teu jauh
jeung dialog endog heula atawa hayam heula.  Saderhanana , Adam turun ti
Sorga teh aya logika diturunkeun ti planet sejen, atw boa galaksi sejen.
Adam versi Timur tengah/agama, apanan teu leuwih ti 20 rewu taun katukang?
Ari Homo sapiens (manusia cerdas), nyata geus aya ti 100 rewu taun
katukang. Kumaha posisi manusa Sunda ti Sunda Land anu umurna 1,5 yuta tan
katukang, anu kiwari katelah Phitecantropus, manusa Jawa kuna ? Tidieu
katempo aya friksi antara sajarah "agama" jeung teori Antropologi/asal usul
manusa. Jeung hiji deui anu moal beak2 di guar, sabab dina kayakinan
masing2 umat, nyaeta masalah ka Gustian. Heu...

Kg Oman lan Baraya sadaya,
Makin loba anu nyarieun atawa ngaguar hal kasebut dina wangunan tertulis
atawa buku, boh sipatna ilmiah, sipat metafisik, sipat teori kamungkinan,
sipat futuristik science. Conto aya dulur ,ngaran Dicky Zaenal Arifin mere
buku ka kuring judul ARCHYTIREMA dina wangunanTrilogi. Geus dicitak dua
kali ti taun 2011Nyaritakeun saha Aki Tirem teh? Aya hiji bangsa anu
disebut Lemurian. Aya basana yeung hurupna ditulis dina buku kasebut. Dina
kamandangna mimiti kahirupan di dunya teh ti kl 1,5 milyar taun
katukang.??? ( umur bumi kl 5 milyar taun ). Eta bangsa Lemurian numutkeun
kamandangna, BISA PULANG ANTING ANTAR GALAKSI. Jadi mun bumi keur
hareudang, maranehna pindah pindah we ka galaksi sejen. Beuh...!
Cag ah, sabari ngabuburit.
hn*R3M

Kirim email ke