Eusina mah can dibaca. Ngan uing rek ngajempolan heula Kang Ocha. Dumeh
nulisna geus pikaresepeun nu maca (uing). Teu patengtongan deui jiga
biasana, pacampur aksara baredegul.


2013/7/25 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

> **
>
>
> Kg Oman kidulur, memang ngaguar pasualan Wiwit manusa atawa wiwit
> kahirupan can pernah atawa (boa) moal rengse2?
> Kabeh boga pamadegan anu argumentasina oge logis. Ngan kakuatan
> argumentasi ieu , teu jauh tina sesebutan ciga teori relatifna Einstein.
> Conto, dina teori Big Bangna Stephen Hawking. Apanan sakitu
> diseungseurikeunana ku para ilmuwan harita ( 21 taun katukang). Aya hanteu
> ayana kontak batin dina masalah padungdengan ieu, memang geus wayah buka
> misteri,  ditambah makin kritisna otak manusa anu pinuh ku pasualan2
> metafisika anu kiwari makin sakitu mahabuna. Sapertos guaran akg yen Adam
> dilahirkeun, eta teu jauh jeung dialog endog heula atawa hayam heula.
> Saderhanana , Adam turun ti Sorga teh aya logika diturunkeun ti planet
> sejen, atw boa galaksi sejen. Adam versi Timur tengah/agama, apanan teu
> leuwih ti 20 rewu taun katukang? Ari Homo sapiens (manusia cerdas), nyata
> geus aya ti 100 rewu taun katukang. Kumaha posisi manusa Sunda ti Sunda
> Land anu umurna 1,5 yuta tan katukang, anu kiwari katelah Phitecantropus,
> manusa Jawa kuna ? Tidieu katempo aya friksi antara sajarah "agama" jeung
> teori Antropologi/asal usul manusa. Jeung hiji deui anu moal beak2 di guar,
> sabab dina kayakinan masing2 umat, nyaeta masalah ka Gustian. Heu...
>
> Kg Oman lan Baraya sadaya,
> Makin loba anu nyarieun atawa ngaguar hal kasebut dina wangunan tertulis
> atawa buku, boh sipatna ilmiah, sipat metafisik, sipat teori kamungkinan,
> sipat futuristik science. Conto aya dulur ,ngaran Dicky Zaenal Arifin mere
> buku ka kuring judul ARCHYTIREMA dina wangunanTrilogi. Geus dicitak dua
> kali ti taun 2011Nyaritakeun saha Aki Tirem teh? Aya hiji bangsa anu
> disebut Lemurian. Aya basana yeung hurupna ditulis dina buku kasebut. Dina
> kamandangna mimiti kahirupan di dunya teh ti kl 1,5 milyar taun
> katukang.??? ( umur bumi kl 5 milyar taun ). Eta bangsa Lemurian numutkeun
> kamandangna, BISA PULANG ANTING ANTAR GALAKSI. Jadi mun bumi keur
> hareudang, maranehna pindah pindah we ka galaksi sejen. Beuh...!
> Cag ah, sabari ngabuburit.
> hn*R3M
>
>

Kirim email ke